• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Apresiasi Carpon “Peuting Munggaran” karya Asép Rahayu

Timbangan - Catetan Tina Carita Ramé

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook
Sateu acan maos Timbangan "Catetan Tina Carita Rame" yasana Yus. R. Ismail, saena maos heula carpon nu Asep Rahayu di http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1534906844
 
 
 
RESEP maca carpon Peuting Munggaran (Manglé No. 2689) karangan Asép Rahayu téh. Ramé. Asa jaman keur budak lalajo sandiwara. Aya gelutna, aya misterina, aya bodorna, jst. Éta wé keur nyanghareupan kopi jeung seupan cau ogé nepi ka ébat, dicabak téh kopi tiis seupan cau kari cangkangna duka ku saha.
 
Ieu mah catetan bari nungguan seupan cau disuguhkeun deui. Catetan kahiji, carpon Peuting Munggaran matak ramé téh diwangun ku suasana anu bodor. Dina bubuka ogé suasana kitu téh geus karasa. Karakter Kang Udin jeung Si Ujang, budakna, ngaramékeun carita ku watekna. Basa balik tarawéh motong jalan ka kebon Juragan Gandi, duanana dicaritakeun manggihan anu pikasieuneun.
 
“Astagpirulloh. Cicing Sujang! Piraku urang sieun ku jurig! Sok ngadu’a kainyah.”
 
“Allohumma lakasumtu... wabika...”
 
“Na, ari manéh, éta mah du’a buka puasa!” Kang Udin muncereng.
 
Paguneman siga kitu karasa pisan ngawakilan jalma anu geumpeur. Tapi keur anu maca jadina bodor, matak ngabarakatak, duka keur anu nyeri huntu mah meureun bari awuh-awuhan (aduh-aduhan). Dina adegan séjén bodor téh aya deui basa lembur tagiwur alatan Néng Kasih putra Haji Ohim ngaleungit, kapanggih ku Kang Udin di kebon dina kaayaan balangsak bajuna ogé rangsak, Lurah Barna nitah nyalukan Cép Danu (konsultan pajak di kota).
 
“.... Ari konsultan téh tempat urang tatanya,” ceuk Lurah Barna.
 
“Jadi bisa nanyakeun naon waé?” Dalimin panasaran.
 
“Nya heueuh!”
 
Paguneman siga kieu henteu mustahil dina kahirupan sapopoé ogé nyampak. Bodo, belet, teu asup akal, pikaseurieun, pangpangna dina pergaulan pulitik apan jadi warta sapopoé. “Kamar hotél” di pangbérokan Sukamiskin misalna, apan éta ogé bodor tapi nyata ayana. Sarua jeung kalakuan Lurah Barna, tatanya masalah misteri jelema leungit ka konsultan pajak.
 
Henteu hamham deui, carpon Peuting Munggaran jadi ramé jeung bisa disebut unggul lantaran suasana bodorna. Lamun masalah ieu dibahas ogé pasti matak panjang. Bodor saenyana henteu ngan saukur panghégar carita. Bodor dina carita apan bisa jadi diwangun ku filosofi anu kuat. Komo deui lamun ningali suasana sosial-politik di nagara urang, ditingali ti tempat anu merenah, keur murag dina kaayaan “bobodoran”. Apan Eropah saméméh “pencerahan” anu ngajalanan ditulisna carita pikaseurieun Don Quixote karangan Miguel de Cervantes anu jadi tanjeur kamajuan Eropah. Bisa disebutkeun ogé, majuna Eropah téh sanggeus sanggup nyeungseurikeun dirina sorangan.
 
Cawadeunana suasana bodor dina Peuting Munggaran, henteu sakabéh anu rék ngabodor téh disiapkeun ti anggalna. Misalna Kang Udin anu nepi ka ngompol bakat ku sieun keur basa di kebon, asa kaleuleuwihi teuing. Maenya kolot di lembur, bari duaan najan jeung budak, nepi ka ngompolan manéh ngadangu sora pikasieuneun. Bisa waé kajadianana siga kitu, tapi kudu diterangkeun yén Kang Udin téh borangan béak karep.
 
Catetan kadua, ngeunaan misterina. Carpon Peuting Munggaran ogé jadi ramé ku misterina. Néng Kasih leungit, Néng Kasih ménta tulung di kebon (naha jurigna?), Si Ujang leungit tapi terus aya deui bari mawa kérésék (naon eusina?). Réa pisan mistérina.
 
Tapi dina misteri anu ramé téh, cawadeunana ogé kaasup onjoy. Jiwa-na carita: alesan Cép Danu pikeun ngala mamaras Haji Ohim ku mergasa Néng Kasih (komo jeung kabogohna ogé di kota anu ditabrak Badeur), kaleuleuwihina nyaan. Carpon Peuting Munggaran téh teu bisa dihampura lantaran ieu. Naha ku dipergasana Néng Kasih, tanah-tanah Haji Ohim bakal terus dijual? Asa henteu aya hubunganana. Leuwih merenah jeung weweg alesan mergasa Néng Kasih alatan kahayang Cép Danu anu henteu cumpon.
 
Tokoh Badeur ogé henteu kudu jadi pahlawan anu ngabéjaan Haji Ohim katut pulisi pédah anakna ditulungan di rumah sakit. Apan Badeur téh anu mergasa kabogoh Néng Kasih (pastina anu maténi Néng Kasih ogé), atuh sarua jeung ngasongkeun diri sorangan? Haji Ohim jeung pulisi katut masarakat mah henteu kudu dibantuan Badeur ogé logis lamun ngasruk ka pakebonan.
 
Enya ogé kitu, carpon Peuting Munggaran onjoy dina ngahibur jeung dipikaresep anu maca. Lamun seug terus dileukeunan, diwewegan “anu henteu sapirana” siga anu tadi dibahas, bisa jadi pangarangna bakal moyan jeung ditungguan karya-karyana, komo lamun dillawuhan seupan cau jeung kopi pait.*** Pamulihan, 28 Juli 2018

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: