• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Carpon - Dongeng Cinta

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook

DONGENG CINTA

Carpon Yus R. Ismail

 

Mimiti ningali manéhna téh basa aya riungan Panglawungan 20 di YPK. Panglawungan 20 téh kumpulan anu dialajar ngarang carpon. Kuring salaku saurang-urangna murid anu carponna can kungsi dimuat di koran atawa majalah, diuk di juru jajaran kadua.

Harita, Kang Yadi Karyadipura, pangarang ti Majalaya, keur ngadadarkeun prosés kreatifna. Sok resep, sakapeung molohok, ngabandungan dongéng para pangarang anu geus moyan téh. Téh Diwul alias Dian Wulan, Ceu Yuyun Yulistiani, Ambu Tiktik Rusyani, Néng Tuti Rohimah, Abah Fendy Sy Citrawarga, Néng Firda Aulia, Kang Jejen Zailani War, Kang Agus R. Munggaran, bagilir ngadongéngkeun pangalaman ngarang jeung tips-trikna sangkan produktif ngarang jeung karanganna hadé.

Kang Yadi Karyadipura téh pangarang kameumeut kuring. Enya ogé nyaritakeun cinta atawa jurig sok aya sari-sari bodorna. Matak ti menit kahiji anjeunna biantara, kuring manco-manco waé, enya ogé diuk di juru bari di tukang. Tapi saukur lima welas menit kituna téh. Apan terusna mah aya manéhna téa asup ka rohangan riungan. Sanggeus uluk salam téh ngajengjen sakedapan, imut aya ku manis, unggeuk (sigana mah ka Kang Yadi).

Rarasaan mah kuring kaleungitan pangacian sakedapan mah. Éta waé naon anu diomongkeun Kang Yadi Karyadipura, henteu kadéngé sakecap-kecap acan. Rasa jeung pikir téh kabéngbat ku manéhna. Jangkungna meujeuhna keur ukuran mojang mah, ngan bet begang. Kurudung kayas nyurup jeung baju bodasna najan gombrang (duka meunang nginjeum duka euweuh ukuran baju anu pas da begang téa). Erokna warna biru sahéab panjang nepi kana mumuncangan. Tas gandong ngadaplok dina tonggongna, tayohna eusina buku jeung Al-Qur’an. Rarasaan, tangtungan mojang siga kitu mah asa jajar pasar. Tapi duka kumaha, ieu haté bet teu bisa dibangbalérkeun. Aya anu ngadalingding ngahariring, aya anu nyambuang aambungeun. Aya rasa anyar dina dada.  

“Laila, ka dieu,” ceuk salah saurang anggota Panglawungan 20.

**

 

Duka kumaha, riungan Panglawungan 20 harita mah bet kumejot hayang geura balik. Nepi ka kamar kontrakan, gutrut wé ngarang carpon. Tangtu waé carpon cinta ngeunaan Laila. Dua jam anggeus. Ahéng. Acan kungsi kuring mah ngarang gancangna kawas kitu. Biasana sapoé sapeuting acan anggeus, kudu waé dituluykeun poé iraha deui mah. Atuh diilo deui, diédit deui, dipapayus deui, sabulan hiji carpon téh kakara wani ngirimkeun ka koran atawa majalah.

Tapi harita mah Ahéng. Ngan dua jam carpon téh réngsé. Dibaca deui, ukur menerkeun salah ketik, henteu aya anu diédit jeung dipapayus. Haté téh geus cop. Dikirimkeun waé ka majalah Mangle. Dua minggu ti harita, ngagebeg basa maca iber dina grup facebook Pamedalan Sastra Sunda. Kang Roy Rukmana anu ngiberan téh, carpon kuring dimuat. Hayangna mah surak bari ajrag-ajragan. Puguh atuh, geus welasan carpon dikirim ka koran jeung majalah, henteu hiji-hiji acan anu dimuat. Geus putus-harepan tadina mah ngarang téh. Ngan ku resep, geus leler mah kahanjelu, nya ngarang deui waé.

Haté bungangang téh leuwih-leuwih deui basa edisi minggu hareupna carpon téh dibahas ku Ang Taufik Rahayu, editor lulusan Unpad anu keur meumeujeuhna nanjung. Carpon cinta anu kemba, cenah. Kuring seuri. Cinta mah apan kemba. Da kecap mah pamohalan nepi kana cinta.

Dina riungan Panglawungan 20 dua minggu saterusna, haté bungangang téh henteu bisa dicaritakeun. Kecap téh asa coréngcang pikeun nyaritakeun rarasaan kuring. Laila nyampeurkeun, terus diuk hareupeun kuring.

“Ieu téh Kais téa, nya?” pokna mani halimpu. “Saé pisan carponna.”

Henteu wasa pikeun neuteup. Cureuleuk panonna, kareueut imutna, cahayaan pameunteuna, asa geus nyampak dina haté kuring.

“Kersa enjing nganteur abdi ka Toga Mas?” pokna deui. “Hoyong mésér novel Kambing Dan Hujan.”

**

 

Dangdan téh asa sataker kebek. Maksud téh, mandi heula disabun jeung diangir. Baju beresih meunang ngistrika. Sebrot ku parfum. Kitu dangdan sataker kebek téh. Carita kuring jeung Laila asa arék batu turun keusik naék. Ti kamar kontrakan ka sisi jalan tempat angkot balawiri téh kuring leumpang heula mapay gang jeung sisi walungan. Di sisi tempat runtah kuring ngarénjag. Tina tumpukan runtah aya anu ngageroan. Horéng téh anjing budug.

Kuring gigisik sababaraha kali. Kulit leungeun diciwit. Naha bener anu ngomong téh anjing budug? Tapi da enya anjing budug bari begang téh nyampeurkeun, leumpangna rarampéolan, bru wé deukeut suku kuring.

“Tulungan, kuring téh langlayeuseun,” ceuk anjing budug. “Aya samingguna saukur ngalétakan seungit tulang. Krisis dahareun kuring téh. Aya anu miceun sirah lauk ogé, kakara ungas-ingus, aya anu maléngpéng. Tempo tah, biwir mani jontowor.”

Kuring gigideug. “Hampura, henteu boga dahareun. Kuring keur rusuh,” pok téh. Tapi barang neuteup anjing budug, bet aya anu nyaliara kana sakujur awak. Rasa laparna, halabhabna, nyerina, hinana, nyanyautanna, bet karampa ku rasa. Rasa manéhna téh horéng nyaliara dina rasa kuring.

Basa anjing budug téa ungas-ingus kana suku kuring, awak téh bet teu wasa ngejat saeutik-eutik acan. Ari kituna, naon kakuatan raga lamun jiwa geus kabandang. Ahéng. Kuring bet ngaleutikan. Rarasaan téh kuring jadi roti. Harita kuring ningali aya siki jambu ngalayang kabawa angin. Siki jambu tina tangkal di sisi walungan. Jambu panggedéna dina éta tangkal, anu pangbunina di puncer, anu beulah bakat ku gedé, sasiki-sikina murag, ngalayang katebak angin, pluk kana awak kuring. Awak kuring anu keur dihénggoy ku anjing budug. Ponyo. Nepi ka dilétakan réméhna.

“Nuhun, Bageur. Bagja hirup téh. Sugema najan jadi anjing budug,” ceuk anjing budug. “Kunaon kuring bisa ngomong, sabab tadina mah kuring téh jelema. Tadi peuting kuring téh ngimpi, ngimpi jadi anjig budug anu mangbulan-bulan kalaparan. Ari hudang, bet ngaléos téh ka tempat runtah. Rarasaan kuring, anu ditéangan téh aya di dieu. Ari pék téh da enya.”

Kuring henteu némbal. Apan kuring mah geus jadi roti. Bubur roti di jero beuteung anjing budug. Tapi kuring ogé bet sugema. Bet bagja.

“Naha anjeun ogé ngarasakeun rasa anu sarua?” ceuk anjing budug deui. “Pok atuh ngomong, da roti gé wenang ngomong.”

Kuring reuwas. Tapi anu aya dina haté téh ngabekas ogé. “Enya, sarua. Kuring ogé apan tadina mah jelema. Naha saha ngaran anjeun téh?” ceuk kuring.

“Laila.”

**

 

Anjing budug téh meureun henteu biasa dahar roti. Duka pedah beuteungna reuwaseun, mangbulan-bulan henteu kungsi seubeuh, duka pedah roti mah kadaharan deungeun-deungeun, ngan purucut téh méncrét di sisi walungan. Kuring jeung siki jambu nampuyak dina taneuh. Taneuh anu terus ngamemenan siki jambu jadi sirungan, dahanan, ngajangkungan. Da puguh ngahiji babarengan, rasa kuring ogé bet nyaliara dina tangkal jambu. Tangkal jambu anu terus kembangan.

Hiji poé aya anu huang-hieng ngurilingan awak kuring. Tungtungna eunteup dina kembang. Oh, horéng nyiruan.

“Sampurasun, Bageur. Meunang lamun kuring nyeuseup cai néktar dina kembang anjeun?” ceuk nyiruan téh.

“Rampés. Puguh waé atuh, pék atuh geura seuseup,” tembal kuring atoh.

Géték mah puguh basa nyiruan nyeuseup téh. Tapi haté asa leuwih ti bagja. Naon kasebutna lamun leuwih ti bagja? Sanggeus seubeuh nyeuseup, nyiruan téh ngahanju.

“Hatur nuhun, Bageur,” ceuk nyiruan bari ngalimba. “Hirup téh asa dirungrum kabagjaan. Aya anu ngaguruh dina dada hayang dikedalkeun.”

“Nya, atuh pok geura kedalkeun,” témbal kuring panasaran. Bet cangcaya, naha bisa manéhna ngedalkeun rasa?

“Ku nyeuseup cai néktar tina kembang anjeun, kuring téh bisa ngahasilkeun madu. Madu anu... saha atuh anu henteu nyaho kana khasiat madu.”

“Kuring gé nyaho éta mah. Ngan sakitu anu ngaguruh dina dada téh?”

“His, lain éta. Puguh anu ngaguruh mah, terusna ngahiliwir, terusna nyaksrak saawak-awak, henteu kakedalkeun.”

“Naha?”

“Sigana lain keur kedalkeuneun,” ceuk nyiruan. “Henteu sanggup ngedalkeunana. Sakali deui, hatur nuhun.”

“Ih, anu nuhun mah kuduna kuring. Apan ku anjeun laha-loho kana kembang kuring téh bakal ngajadikeun buah. Buah anu seger, hasiat vitaminna, matak nyéhatkeun pikeun anu daharna.”

Nyiruan téh bet ngalimba. Neuteup anu ngeyembeng dina juru panonna, terus nyurucud dina pipina, kuring bet milu ngangres. Bet ngarasakeun naon anu ngadalingding dina atina. Enya gening, naon anu ngawirahma dina dada téh henteu bisa kawakilan ku kecap anu mayak salega awak.

“Horéng ari cinta, saukur bisa ningali cinta,” ceuk nyiruan bet gumeter. “Ti mangsa ngawujud jelema terus salin jinis cara ayeuna, anu karasa saukur cinta.”

“Baruk, naha kungsi ngawujud jelema?” témbal téh asal pok, da puguh geus nyampak dina awak kanyaho kawas kitu téh. “Naha saha jenengan téh mangsa ngawujud manusa?”

“Laila.”

**

 

Ku alpukahna nyiruan, kuring anu asalna mangkak terus semu nu layu, padahal asak ngajadi pentil. Kanyaah daun, dahan, taneuh, jeung sakabéhna, ngajadikan kuring jambu anu pikauruyeun. Sabada bareubeu terus ngonéngan, ngabeureuman. Mangsa harita asa diteungteuingan ku angin anu ngaragrageun kuring, ngalayang, plung wé ka solokan. Umpalan cai mawa diri kuring duka arék ka mana. Tapi ah, saukur sakolébat rarasaan kawas kitu téh. Da puguh dina angin ogé apan saukur aya manéhna. Saukur manéhna.

Di hiji leuwi aya anu keur sibeungeut. Basa kuring ngangkleung ka hareupeunana, kuring dirawu. “Alhamdulillah, mangpoé-poé henteu manggih dahareun. Ieu jambu sakieu asak jeung melenghirna,” pokna semu ngagerentes. Tapi kakara ogé sagégél, manéhna ngarénjag. “Astagfirullah, nanaonan ari kuring. Jambu ieu téh pasti aya anu bogana. Pasti aya anu bogana. Naha kuring bet wawanianan ngadaharna bari henteu amit henteu bébéja.”

Tungtungna kuring disakuan. Lalaki keur meujeuhna belekesenteng téh leumpang ngagedig mapay sisi walungan. Cenah manéhna téh geus mangbulan-bulan ngumbara. Cenah kudu gancang manggihan anu boga tangkal jambu ngarah gancang bisa ngadahar buahna. Lapar kacida manéhna téh, tapi henteu wanieun neruskeun ngadahar jambu. Da jambu pasti aya anu bogana. Pasti aya anu bogana.

Lantaran ti poé tepi ka minggu henteu kapanggih waé saha anu boga tangkal jambu, leumpang Lalaki Belekesenteng téh ngendoran, tungtungna ngalénghoy. Sanggeus langlayeuseun kakara kapanggih saha anu boga tangkal jambu sisi walungan téh. Jelema beunghar, sodagar anu boga perkebunan jambu satungtung deuleu. Rébuan pagawéna purah ngipuk, nyéboran, nepi ka panénna. Atuh pabrik olahan tina jambu ngajungkiring tanding gunung. Si bapa beunghar téh molohok barang Lalaki Belekesenteng ngadongéngkeun maksudna.

“Kumargi kitu, hapunten abdi atos nyégét ieu jambu. Salajengna abdi wakca waé, ieu jambu badé disuhungkeun. Mugia diridokeun sareng dihalalkeun,” ceuk Lalaki Belekesenteng.

“Meunang ku Abah dihampuran, ogé éta jambu dibikeun. Tapi aya pasaratanana.”

“Baruk, naha naon pasaratanana?”

“Ujang kudu daék ngawin anak Abah. Tapi anak Abah mah lolong, pireu, jeung lumpuh.”

Lalaki Belekesenteng téh ngahuleng. Manéhna ngarasa salah geus wani-wani nyégét jambu anu lain hakna. Lantaran éta, tanjakan pribumi téh disanggupan. Walimah dilaksanakeun kalayan ramé. Hajat rongkah urang perkebunan jambu, mangrébu pagawé saruka bungah. Sabada walimah, basa manggihan pangantén awéwé di kamar pangantén, Lalaki Belekesenteng téh ngarénjag deui waé. Horéng pamajikanana téh lain lolong henteu nempo tapi tara tempa-tempo anu lain tempoeunana. Lain pireu teu nyarita tapi tara umang-omong anu lain omongeunana. Lain lumpuh teu ngaléngkah tapi tara lungkah-léngkah ka tempat anu salah. Anu geulis salami ieu dipingit di lebet kamarna, ngantos-ngantos panutan ati.

“Geulis, lantaran jambu ieu, urang ngahiji. Mangga, urang pesék ku duaan.”

Anu geulis nampanan jambu sabeulah. Enya, kuring téa apan jambu téh. Mani ni’mateun pangantén téh ngadahar kuring.

“Kais, Jungjunan, kumaha pamandangan di luar kamar téh saleresna?” saur nu geulis, halimpu.

“Pamandangan di luar kamar mah saukur aya anjeun. Saukur aya Anjeun, Laila.”

**

 

Pamulihan, November 2017 / taun anyar 2018

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: