• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ku Ariesmaja

Timbangan - Ékspérimén “Dongéng Cinta” Yus R Ismail

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

      Réa carpon Yus R Ismail nu ngandung éskspérimén (percobaan) dina cara nyarita jeung téma. Upama dina lima carpon nu dimuat dina antoloji “Néng Maya” (Kiblat Buku Utama, 2011). Nyaéta “Daun”, “Délman”, “Imah Kontrakan”, “Néng Maya” jeung “Tatangga”. Rata-rata teu maké gaya konvénsional nu réalistis. Ngaharib-harib kana surréalistis, nu sarwa samar. Modél carpon-carpon dina sastra Indonésia karya Piét Sengojo (taun 1950an), Iwan Simatupang (1960an), Danarto, Budidarma, Putu Wijaya, Yus Siyaranamual (th.1970an), jsb.

  Ceuk sawatara teori sastra, gaya surréalistis dipaké ku pangarang sangkan laluasa ngabur imajinasi. Ngumbar gagasan. Teu maliré kana wangun carita konvénsional, kaharti ku akal atawa henteu. Nu penting, gagasan kabudalkeun  luyu jeung kereteg haté pangarangna.

  “Dongéng Cinta” dibuka ku babaran nu écés. Gempungan para pangarang. Malah ditataan ngaran-ngaran pangarang nu geus teu bireuk deui dina lingkungan tulis-tinulis sastra Sunda. Yadi Karyadipura, Dian Wulan, Agus R Munggaran, Tiktik Rusyani, Féndy S Tjitrawargana, jsb. nu karya-karyana mindeng midang dina “Manglé”.

  Carita mimiti ngalégot sanggeus datang hiji mojang nu ngaranna Laila. Terus kababawa kana ingetan. Jadi ilham pikeun bahan karangan. Sarta hasilna gancang réngsé ditulis dina waktu ukur dua jam. Turta gancang bisa dimuat dina majalah.

  Ti dinya beuki “ngajauhan”. “Kuring” nu geus jangji ka Laila, rék jajap ka toko buku, tepung jeung anjing budug kalaparan. Soal anjing budug kalaparan,saenyana lain perkara anyar. Mindeng kapanggih dina carita-carita sufi klasik. Malah kawartakeun, aya awéwé rucah asup sawarga, lantaran nulungan anjing langlayeuseun. Éta awéwé nyiuk cai sumur ku sapatuna, sina diinum ku anjing. Mani ngalegik. Ganjaran  méré nginum anjing, ngalubarkeun dosa-dosa rucahna, nepi ka waktu maot manjing sawarga.

  Tapi Yus nyieun vérsi anyar. Teu méré nginum atawa nyatu ka anjing. Tapi awakna robah jadi roti, jadi jambu. Terus dihakan ku anjing nu ngaku kungsi jadi manusa ngaran Laila. Siki jambu campur jeung kokotor anjing, engkéna tumuwuh jadi tangkal jambu. Subur kembangan. Hég didatangan nyiruan nu rek nyeuseup nektar aamis kembang jambu. Tétéla nyiruan  ogé kungsi jadi jalma ngaran Laila.

  Kembang jambu jadi buah. Geus asak murag ka walungan. Kapanggih ku hiji lalaki keur wudu di béh lebak. Lantaran lapar, éta lalaki nyégét jambu. Tapi kaburu sadar, yén bogana batur. Henteu halal didahar saméméh aya paidin ti nu bogana.

  Nya éta lalaki mapay walungan ka tonggoh. Rék nepungan nu boga jambu. Hayang dihalalkeun sacara “af’aliyah” (cara meunangkeunana). Da ari “dzatiyah” (wujud) mah, jambu sarua jeung bubuahan séjén, geus halal.

  Sanggeus gok tepung, nu boga jambu arék ngahalalkeun, asal éta lalaki nempuh sarat. Ngawin anakna nu torék, lolong, jeung pireu. Lantaran sieun ngadahar paharaman, nya satuju wé. Tétéla wanoja nu dikawin téh, torék dina harti tara ngadéngé omongan teu puguh, lolong tara nénjo nu teu puguh, jeung pireu tara nyaritakeun nu teu puguh deuih.

  Carita lebah dieu ogé, nyumber kana kisah-kisah sufi klasik ngeuanan bab “waro” (apik) jeung “zuhud” (basajan), sarta “khouf” (sieun ngarempak panglarang Alloh). Malah  kungsi diraéh jadi carita pondok ku R.Hj.Khodijah Mahtum, sastrawati Sunda taun 1920an. Dimuat dina bukuna “Jelema Bener” (Pusaka Sunda, 1964). 

  Pamustungan carita, éta lalaki jujur ngadahup ka mojang petingan. Bari pinuh ku kabagjaan cinta,  oleng pangantén piligenti ngegelan jambu nu dina awal carita mangrupa “kuring”. Pangantén wanoja, nyebut ngaran salakina “Kais”. Ari salakina nyebut ngaran pamajikanana “Laila”. Nu geus maca kisah “Laila Majnun”, nu diraéh ku Syekh Nizami , pangarang Persia (Iran) abad 12, tangtu moal bireuk kana “cinta abadi” Qais (Kais) ka Laila nu matak kagégéloan (Majnun).

  Cohagna,dina  “Dongéng Cinta”. Yus R Ismail hayang ngungkab gagasan cinta suci nu mampuh ngungkulan sagala halangan-harungan, kawas cinta Kais ka Lalila Majnun.  Sakaligus kritik sosial ka saha bae nu sok nganggap enteng kana barang teu halal.Padahal ngadahar barang halal, baris meunang anugrah luar biasa. Kawas lalaki jujur dibere jodo wanoja geulis tur suci.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: