• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kolom - Folklor jeung Pariwisata

Kénging Taufik Rahayu
Kintun kana Facebook

TANAH Sunda (Jawa Barat) kawentar éndah jeung subur alamna, dina kawih "Tanah Sunda" Mang Koko ditetelakeun yen; “Tanah Sunda gemah ripah, nu ngumbara suka betah...”. Malah nurutkeun MAW Brouwer mah, apan cenah bumi Pasundan lahir ketika Tuhan sedang tersenyum, éta minangka salah sahiji gambaran nyata éndahna alam Sunda.

Éndahna tatar Sunda, bisa ogé kaukur ku lobana déstinasi pariwisata nu kajojo ku balaréa, boh ku wisatawan lokal boh ku wisatawan mancanagara, ari di Jawa Barat, tempat wisata nu kajojo téh apan teu kaitung jumlahna. Ti mimiti wisata basisir, pagunungan, réligi, budaya, dayeuh, hiburan, édukasi jeung sajabana, ampir kumplit aya di bumi Pasundan.

Ngaleuyana tempat wisata nu aya di Jawa Barat, tangtu bisa jadi kauntungan, lantaran apan ku ayana objék jeung pamasukan wisata téh bisa ngaronjatkeun kahirupan masarakat nu aya di éta tempat. Lamun hiji tempat beuki loba ngirut wisatawan nu datang, harita bakal beuki maju ogé éta tempat wisata jeung masarakatna.

Nurutkeun data ti Badan Pusat Statistik (BPS) jeung Kementrian Perindustrian, dina taun 2017 kagiatan wisata nu aya di Indonesia téh jadi salah sahiji widang kadua panggedéna nu nyumbang income Produk Domestik Bruto (PDB) nagara, handapeun Devisa Hasil Ekspor Kalapa Sawit. Hartina, kagiatan pariwisata téh mun terus dikokolakeun jeung ditataharkeun kalawan bener mah, bisa jadi kahareupna baris jadi nomer hiji panggedéna nyumbang dévisa nagara. Lian ti éta, tempat wisata ogé jadi salah sahiji widang nu bisa nyumbang lapangan pagawéan nu murah jeung gampang. Ku ngaronjat jeung majuna tempat wisata, hartina bisa ngurangan nu ngaranggur.

 

Ngamangpaatkeun Folklor

 

Ngaronjatkeun ajén pariwisata, mémang teu bisa sosoranganan, tapi butuh rukun gawé babarengan antara pamaréntah jeung masarakat, utamana masarakat nu aya disabeudeureun tempat wisata. Insfastruktur nu jadi bagian penting dina pariwisata kudu dinomer hijikeun ku pamaréntah, mun geus aya, tangtuna kudu dijaga jeung diriksa ku masarakatna, luyu jeung kawih Tanah Sunda Mang Koko nu kudu miara pakaya, sing tulatén jeung rumaksa, getén titén rumawat tanah pusaka, nu ogé bisa dilarapkeun kana miara tempat wisata sangkan tetep pikabetaheun.

Pikeun mekarkeun pariwisata, salah sahijina bisa dipigawé masarakat ku cara ngamangpaatkeun folklore. Di urang, folklore téh apan sakitu ngaleuya jeung lobana. Lamun nyoko kana kamandang James Danandjaja (1972), nu nétélakeun  yén folklor téh jadi salah sahiji bagian kabudayaan kolektif, nu terus sumebar tur diwariskeun turun-temurun ti generasi ka generasi. Folklore ngabogaan sipat tradisional tur nyampak dina vérsi nu béda-béda, boh dina wangun lisan boh dina wangun isarat di masarakat. Folklore jadi kaaripan lokal masarakat nu bisa dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kapentingan.

Folklore nurutkeun Jan Harold Brunvand mah, digolongkeun kana tilu kelompok kalawan wincikan; folklor lisan (basa rakyat, ungkapan tradisional, pertanyaan tradisional, sajak jeung puisi rakyat, carita rakyat, jeung nyanyian rakyat), folklor sebagian lisan (kapercayaan rakyat jeung kaulinan rakyat) jeung folklor bukan lisan (kadaharan rakyat).

Carita rakyat nu jadi salah sahiji bagian tina folklore, bisa dilarapkeun dina pariwisata pikeun ngirut wisatawan. Hal ieu, sabenerna mah geus dimangpaatkeun ku sabagian tempat wisata, ngan hadé ogé lamun unggal wisata séjénna nu aya di Jawa Barat ngabogaan carita rakyatna. Saperti tempat wisata Situ Bagendit nu aya di Garut, apan aya folklore carita rakyatna ngeunaan lalakon Nyi Endit nu katelah pedit, kitu ogé lamun urang ulin ka Situ Patenggang nu aya di Ciwidey, apan aya sababaraha carita rakyat nu hirup ngeunaan asal usul ngaran Situ Patenggang jeung Batu Cinta di tengah-tengah situ. Wisatawan nu datang, pasti bakal ngarasa panasaran kana carita-carita folklore di tempat wisata éta, nu tangtu baris tatalépa ogé ka nu séjén jeung kalawan teu langsung jadi média promosi tempat wisata ngaliwatan carita rakyat.

Tempat wisata Gunung Tangkuban Parahu jeung carita Sangkuriang misalna, pastina geus  moal bireuk deui. Jalma-jalma geus pada apal jeung pasti panasaran hayang apal dikieuna éta tempat wisata. Kitu ogé jeung sababaraha tempat wisata di luar Jawa nu ngabogaan carita rakyatna rata-rata jadi tempat nu kajojo jeung matak panasaran, saperti Danau Toba jeung Batu Gantung nu di Sumatra Selatan nu ngabogaan carita rakyat, kitu ogé lalakon Malin Kundang di tempat wisata Pantai Air Manis di Sumatra Barat. Malin Kundang nu disupata jadi batu ku indungna, horéng nepi ka ayeuna batuna aya dikieuna di Pantai Air Manis.

Tempat wisata nu ngabogaan lalakon carita folklore, rata-rata kajojo jeung ngabogaan ciri mandiri nu pastina ngirut wisatawan. Nu daratang, salian ti kataji ku kaéndahan hiji tempat wisata, tangtuna aya ogé nu mimitina mah kajurung kapanasaran ku carita rakyat atawa folklore nu hirup di éta tempat wisata.

Nu ngokolakeun atawa guide pariwisata kudu apal cangkem kana carita rakyat atawa folklore daerahna, lantaran carita rakyat atawa folklore téh biasa jadi kauntungan pikeun nambahan kapunjulan tempat wisata. Ari kiwari, folklore di masarakat téh kadang-kadang sok dimomorékeun jeung diculjeunkeun. Padahal, geus sakuduna carita-carita rakyat nu hirup di masarakat téh didokumentasikeun tur dimangpaatkeun pikeun kapentingan pariwisata, lantaran unggal tempat ogé ngabogaan carita foklorna séwang-séwangan, naha patali jeung toponomi atawa hal séjénna.***

 

# Ditepikeun dina diskusi Pengabdian pada Masarakat (PPM HIU) Universitas Padjadjaran,  “Folklor sebagai Sumber Daya Toponimi untuk Menunjang Pariwisata” nu diayakeun di Balé Riung, Guha Pawon , Padalarang, Kabupaten Bandung Barat, nu dikokojoan ku Prof. Dr. Cece Sobarna, M.Hum.

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: