• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sunda di Pangumbaraan Mikanyaah Urang Lombok

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook

Tanggal 29 Juli 2018, bumi lir nu harénghéng. Angin kidul anu nyecep jeung laut anu motah, ana riyeg téh bumi oyag. Lini munggaran tarik pisan 6,4 SR nu puseurna di laut kaléreun Pulo Lombok. Atuh loba nu tagiwur, kaasup urang Sunda nu ngalumbara di Lombok Selatan, ngungsi da sieun datangna tsunami. Selang sabaraha poé, dina kaayaan paciweuh ngungsi, rieug deui lini anu leuwih tarik, 6,9 atawa malah nepi ka 7 SR.

“Nu karaos, lini téh sapertos anu pauntuy-untuy. Ngariyeg nu ngawitan mah kaleresan nu di rorompok, sadayana paciweuh kalaluar. Sedeng lini saterusna mah mah, harita nuju di mertua nu bumina caket ka basisir. Ngariyegna tarik pisan. Teu ieuh seueur émutan, gura-giru mertua ogé diungsikeun ka rorompok di Selong nu rada aman. Hawatos bilih aya tsunami,” saur Dedi Hardadi teureuh Sunda nu ti taun 1990 geus ngumbara di Lombok.

Nyaksian oyagna bumi (lini), disusul ku sora jalma nu paciweuh lalumpatan tur nempo wawangunan geus paburantak, keur Dedi nu mancén Sekretaris Paguyuban Sunda Lombok Timur (Sunda Ngumbara), nyidemkeun kereteg haté nu teu weléh laas. Pangna, nafakuran takdir Gusti, ti tempat bali geusan ngajadi Sumedang tatar Sunda Jabar, bet kudu ngajugjug ka tempat sagaraha kahirupan di Selong Lombok Timur téa. Ngan keur Dédi nu kiwari geus mijodo ka urang Lombok kalawan tos gaduh lima putra, sadar, yén jodo, pati, bagja, cilaka éta mah takdir Gusti nu teu bisa di pungkir.

Musibat salawasna ngadatangjeun hikmah jeung ngotrétkeun pangalaman-pangalaman lianna. Margi kitu, keur ieu teureuh Sunda nu mancén guru di SMKN1 Selong, saterusna mah maheutkeun wujud rasa kanyaahna ngaliwatan peran lembaga kawargian urang Sunda Lombok Timur nu dingaranan ‘Sunda Ngumbara’ téa.

Sanajan jauh ti lembur, tapi ari rasa nyaah mah angger deukeut. Ku kituna, ieu paguyuban ogé, tetep ngajaga beungkeutan kawargian ku rupa-rupa program. Ngaraketkeun duduluran, mikanyaah baraya sarasa, dijurung ku nyaksian katurug katutuhna balukar lini, ieu paguyuban wargi Sunda, sapuk babarengan keur ancrub mantuan para korban. “Sunda Ngumbara, langsung ancrub kanggo partisipasi ka korban lini. Sapertos para anggotana ngumpulkeun tuangeun, angoan sareng kaperyogian korban sajabina,” saur Dedi Hardadi deui.

Lian ti nyalurkeun bingkisan, ceuk Dédi, ogé nepungkeun lembaga-lembaga nu rék babarengan mantuan para korban. “Alhamdulillah, Sunda Ngumbara ogé, dipercanten kanggo nyalurkeun bantosan ti para donatur luar Lombok, sapertos ti utusan Jawa Barat, Jawa Tengah ogé donatur séjénna. Ayeuna parantos nyalurkeun nu ka tilukalina,” pokna deui.

Ngalarapkeun rasa nyaah ka sasama, utamama ka para korban, teu kawatesanan waktu jeung tempat. Pangna kitu, para anggota paguyuban wargi Sunda Lombok Selatan ogé, dina waktu meuncit héwan qurban idul adha, saterusna mah dibagikeun ka para korban. “Margi para korban kawatesanan pakakas masakna, mangka dibagikeunana parantos siap dituang. Aya sanguna, pasakan dagingna jeung tuangeun sajabana,” pokna deui.

Musibat lini nu narajang ka urang Lombok, kaasup wargi-wargi Sunda di Lombok Timur, mémang pihariwangeun. Kituna téh, lantaran bisi aya kajadian anu leuwih rohaka deui.

 

Maheutkeun Kawargian

Wargi Sunda di Lombok, hususna Lombok Timur miang ka jauhna, lain lantung tambuh laku, lain lunta tanpa seja. Da, nyabana téh rupa-rupa, aya karana tugas nagara, ogé ngahaja seja nyiar kipayah ngawewegan hirup sangkan leuwih raharja. Saperti nu kaalaman nu Dodi Yudistira teureuh Ciamis, nganjrek di Lombok Timur lantaran tugas nagara, mancén Hakim Agama Kelas 1 B Selong. Kitu deui anggota-anggota séjénna.

Ieu kawargian ngaran mimitina mah kumpula wargi Sunda Ekawarga. Ngadeg taun 1996 dipupuhuan ku Pa Tatan. “Margi pupuhu ngalih tugas ka Sumatera, atuh tilu ti harita teu aya kagiatan alias pakum. Atuh pribados sareng H. Deden, ngaaktifkeun deui Ekawarga. Margi urang Sunda nu aya tarebih bumina, nya kagiatan téh biasa-biasa waé, sapertos kempel-kempel sasasih sakali, ngayakeun arisan, sareng ngayakeun ngaos agama,” ceuk Dedi sekretaris éta kawargian.

Ngarasa butuh tali kawargian nu kuat, saterusna mah taun 2004, ‘Ekawarga’ dipupuhuan ku Pa Toto, taun 2005 digentos deui ku Pa Didin Bahrudin dugi taun 2012. Tapi sekretarisna mah angger dipancén ku Pa Dedi.

“Nembé taun 2013 gentos pupuhu deui, nyaéta ku H. Papat dugi ka ayeuna. Atuh sekretarisna tetep pribados,” saur Dedi nu kalan-kalan mulang ka lemburna Sumedang upama panggih lebaran idul fitri. Atuh dina taun 2016, tali kawargian Ekawarga bisa komunikasi sareng Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan, nu harita pamaréntah Jawa Barat ogé keur ngahangkeutkeun forum paguyuban urang Sunda nu aya di saban daérah di luar Jawa Barat, nyaéta Forum Sunda Ngumbara. Ti harita, sakumna anggota kawargian Sunda di Lombok Timur sapuk, yén tali kawargian dirobih jadi Sunda Ngumbara Lombok Timur, kalayan mandiri teu kaiket ku organisasi kawargian Sunda séjénna. “Sanaos di puseur provinsi NTB ogé aya kawargian Sunda, namung hubunganana sawates koordinasi waé. Pami aya uleman, nembé tiasa sumping,” pokna deui.

Urang Sunda di Lombok Timur, mémang  anggota teu saperti di wilayah séjénna. Lantaran loba anggota aktif karana keur tugas nagara jeung deuih aranggang jauh tempatna, atuh nu kacatet aktif mah aya 15 urangna. Tapi sanajan kitu, peran kawargian mah témbong kacida mangpaatna. Malah, ceuk Dedi, kiwari mah programna ogé nambihan, kaasup ngadegkeun koperasi. “Margi aya program jinek téa, janten kawargian téh langkung caket. Kantun kapayunna hoyong program ngamumulé seni Sunda, namung teu acan gaduh alat-alatna. Mudah-mudahan kapayunna aya nu tiasa ngarojong,” pokna deui.

Urang Sunda nu dumuk di Lombok Timur, arapaleun kénéh kana kekecapan silihasah, silihasih, silihasuh. Atuh, saterusna éta padika hirup kumbuh téh teu sing ukur dina lalambé, tapi dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. kaasup dina nepikeun kanyaahna ka korban lini di Lombok.

“Sanaos tebih jarakna, mudah-mudahan ku tiasa silaturahmi sareng Manglé, saterasna mah tiasa mukakeun silaturahmi sareng wargi-wargi sanésna. Atuh husus, bilih aya wargi-wargi Sunda, mitra Manglé nu bade mantosan korban lini di Lombok Timur hususna, mangga tiasa ngalangkungan kawargian Sunda Ngumbara, nomer wa : 085333978337,” saur Dedi Hardadi nu teu weléh tibelat ka lembur Tatar Sunda.*** (RH)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: