• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Guru Honorér
Nganti Harepan nu Kalunta-lunta

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook

Tiisna ibun subuh nu nyalangkrung dina daun paré nepi ka beurang, bisa jadi pangbeberah dina sajeroning lumampah mancén guru nu dibarung ku sugan jeung harepan. Kitu nu karasa ku guru honorér Ibu Guru Sani Trisnawati nu geus mangtaun-taun ngajar di SDN III Sukasenang Kabupaten Garut. Mémang, mancén guru, keur Bu Sani ogé geus kawajiban, geusan nepikeun élmu ka barudak generasi bangsa sangkan bisa pinter, bener, singer tur jujur. Ngan nyakitu, upama nalék ka diri sorangan, kalan-kalan sok ngusap dada, lantaran geuning, pangharepan geusan jadi PNS ogé kateug! Kituna téh sabada meunang béja, singhoréng sidik kahalangan sarat minimal umur 35 taun.

“Pribados mah langkung ti yuswa 35 taun, rupina asa ngaraos teu adil pami kieu mah. Sareng naha atuh sababaraha taun kapengker bet aya moratorium CPNS kanggo guru? Antukna yuswa pribados ogé tos langkung,” ceuk Bu Sani nu teu weléh miharep pamaréntah sangkan ngarobih sistem panarimaan CPNS dumasar kana lamina ngabdi.

Dina larapna ngajar, mémang status guru mah teu dibéda-béda. Da, ceuk Bu Sani  nu mimiti ngajar taun 2005, kayid, ngatik téh dibarung rasa kawajiban. Atuh keur ngaronjatkeun ajén ngajar ogé, teu weléh milu palatihan-palatihan. Tujuanana, sangkan hiji waktu bisa robah status nu ngaluyukeun jeung harepan pamaréntah. Ngan sual ngudag hak karaharjaan mah, angger sok ngarasa capé, lantaran geuning loba halangan harunganana, utamana nu pakait jeung kawijakan nu salawasna robah-robah. Pangna kitu, ieu teureuh Garut téh, ngawanikeun karep milu nepikeun (démontrasi) katugenah ka pihak pamaréntah Garut. “Saurna mah badé merhatoskeun hak-hak tanaga guru honorér. Mudah-mudahan tinekanan, sareng sanés harepan palsu,” ceuk ieu alumni PGSD UPI Cibiru Bandung jinek.

 

Ulah Diapilainkeun

Pasualan guru honorér mémang loba rambat kalaména. Dina panalinga pendidikan UPI Suhendra, M.Ed., Ph.D, kituna téh lantaran aya pasualan nu can tuntas antara guru nu dipikabutuh jeung sayagina guru. Sok sanajan sacara statistik, saéstuna jumlah guru di Indonesia rélatif cukup. Anapon nu jadi pasualan nyaéta metakeun kabutuhan guru sarta widang studi nu dibutuhkeunana.

“Lian ti éta, salawasiosna deui lantaran ayana mutasi sumber daya guru ti daérah nu leres-leres mikabutuh téh tos 'over supply' seueur teuing.  Mémang ngalihna téh manusiawi, namung disisi séjén mah sapertos nu kirang peduli  ka sakola nu dikantunkeunana. Ahirna, wayahna éta sakola kudu ngangkat guru honorér, lantaran teu babari ogé ngantos guru nu hoyong ngabdi ka éta sakola. Palebah dieu nu saleresna ogé hadirna guru-guru honorér teu tiasa diapilainkeun, lantaran mémang dibutuhkeun pisan,” ceuk panitén pendidikan teureuh UPI Bandung.

Ngarojatkeun ajén atikan nu patali jeung nasib guru honorér deuih, mémang teu bisa diantep. Pangna kitu, ceuk ieu Doktor lulusan Curtin University Perth Australia saéstuna guru honorér teu aya bédana. Anapon upama diperlukeun ogé, bisa waé aya sistem atau manajemen "husus" keur nyaruakeun kawijakan sangkan honorér ogé meunang hak-hakna nu luyu.

Luyu jeung amanat undang-undang, pamaréntah boga kawajiban métakeun sual pendidikan. Pamaréntah, ceuk Suhendra teu aya alesan henteu bisa. Pangna kitu, pamaréntah lian ti kudu bisa ngajénan ka nu nepikeun aspirasi para guru honorér, ogé teu pugag méré solusi nu bisa nedunan mamaras rasa para guru honorér. Kituna téh, sangkan kagiatan belajar di disakola henteu kaganggu, lantaran para guruna marilu démontrasi.

Patali jeung solusi Pegawai Pemerintah dengan Perjanjian Kerja (PPPK) nu kiwari dihangkeutkeun, ceuk Suhendra bisa-bisa waé. Kituna téh lantaran wajar, sanggeus sakitu lilana ngabdi jadi guru, terus nungtut hak-hakna. Tapi ogé disisi séjénna para guru honorér ogé bisa engeuh kana alokasi kauangan nagara nu sakitu lobana. Leuheung upama jumlahna saeutik. Pangna kitu, upama téa mah pamaréntah ngangkat guru honorér jadi guru PNS/ASN, tangtos kudu selektif, milih guru-guru nu unggul, kréatif, ogé inovatif. Kituna téh sangkan kauangan negara saluyu jeung ajén gawé guru-guru nu kapilihna.

Mémang, ceuk ieu Dosen Matematika MIPA UPI ogé, sual nasib guru honorér ahirna butuh 'political will' nu jinek ti pihak pamaréntah. Lantaran kitu, satiap keputusan politik ngaalokasikeun waragad 20% keur widang pendidikan, kudu bener-bener dilaksanakeun tur teu kaganggu ku kapentingan politik atawa hiji golongan. *** (RH)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: