• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Asep Mulyana, Amd.TK, S.E., M.CE.

Nguatan UMKM
Ludeung Nyarita di PBB

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. Asep Mulyana, Amd.TK, S.E., M.CE. [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Usaha ékonomi rayat jadi harepan balaréa. Ngan, upama kanyataanana ékonomi rayat masih lir pacikrak ngalawan merak, lebah mana hengkerna? Kumaha ngungkulanana? Dr. Asep Mulyana, Amd.TK, SE., M.CE., Ketua Pusat Pengkajian Inkubasi Bisnis (PPIB) LMFE Fakultas Ekonomi & Bisnis Universitas Padjadjaran (Unpad) bruk-brak ka Manglé.

Mistina mah mun teu lubak-libuk, di Indonesia mah moal susah usaha keur nyumponan pangabutuh sapopoé mah. Lahan nu subur ma’mur loh jinawi, sumber daya alam nu sakitu éndahna, kasebutna nagara agraris, jadi pangabétah nu keur nu arusaha. Luyu jeung kaunggulan sumber alam ieu bangsa, ku kituna nagara sakumaha undang-undang, geus ngajamin, kasuburan ieu alam téh, jinek keur karaharjaan masarakatna. Pangna kitu, usaha rayat saperti nu kawadahan UMKM payus jadi kakuatan ékonomi bangsa.

“Mistina mah kitu, ketak UMKM kudu leuwih kuat. Lantaran, upama usaha rayat leungit, mangka ékonomi bangsa ogé bakal burakrakan. Kitu deui, moal aya pangusaha gedé, lamun teu aya pangusaha menengah jeung pangusaha leutik,” ceuk Drs. Dr. Asep Mulyana, Amd.TK, SE., M.CE., basa tepung pasosoré di kantorna Jalan Cimandiri No. 8 Bandung waktu ka tukang.

Upama panalinga Dr. Asep kitu, lantaran pangusaha leutik ogé, ketakna kacida dipupujuhkeun di saban mancanagara. Kituna téh, saperti waktu ieu Doktor teureuh Sunda ngajugjug ka Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) di New York, Amerika Serikat 27 Juni 2018. Iyana jadi wakil Indonesia nu milu ngajak ludeung ka balaréa sa-dunya, sangkan ulah nganggap lemah kana ketak UMKM. “Alhamdulillah, ngalangkungan déklarasi nu dialpukahan International Council for Small Business (ICSB) kalawan dirojong Perserikatan Bangsa Bangsa (PBB) keur Kemitraan (UNOP), ketak UMKM kaasup di urang, bakal langkung kiat,” pokna témbrés.

Ngajurung ludeung nyarita sual nasib pangusaha ékonomi rayat, keur ieu Ketua Pusat Pengkajian Inkubasi Bisnis (PPIB) LMFE Fakultas Ekonomi & Bisnis Unpad, mémang jadi panyundut keur nyebarkeun konsep ‘human enterpreneurship’. Nyaéta unggal pangusaha-pangusaha sa-alam dunya, kudu silihajénan antara pangusaha jeung karyawanna. Dina larapna, pangusaha kudu leuwih mantuan sangkan nu digarawé téh bisa baretah tur bisa nekunan pagawéanana, lain ku cara-cara maksa sakarepna.

“Intina mah, nu arusaha téh kedah amanah, silihajénan ogé ngahormat kana jatidiri kamanusiaan séwang-séwangan,” ceuk ieu alumni Master Philipps University Marburg –Jerman ngingetan.

Napakkeun dasar-dasar ékonomi rayat di tingkat dunia, ceuk ieu Doktor Institut Pertanian Bogor (IPB) mémang loba rambat kalaména. Pangna kitu, kiwari ku munculna konsep  SDGs (Sustainable Development Goals/Tujuan Pembangunan Berkelanjutan ), sahenteuna bisa jadi ‘lawang’ keur mekarkeun pangusaha ékonomi rayat nu saujratna. Lantaran, ceuk ieu alumni sarjana muda ITB ogé, SDGs jinék, program pangwanunan tingkat dunia keur karaharjaan manusa.

 

Nguatan Pangusaha Jabar

Alam tatar Sunda mawa barokah. Rupa-rupa kaayaan alamna, ngalantarankeun hasil bumina ogé rupa-rupa. Ku lantaran kitu, teu sing anéh, upama ahirna Jabar, saperti Kota Bandung teu weléh jadi pangirutan. “Seueurna nu ti mana-mana sarumping, sapertos badé balanja ka Kota Bandung, apan hiji buktos, yén urang Jabar mah kréatif sareng gaduh kaunggulan. Ieu ngabuktikeun kamandirian ékonomi rayatna,” ceuk Dr. Asep jinek.

Tapi dalah kitu, ceuk ieu narasumber Entrepreneurship Educatiin Network, Miriam College, Philipine, lahan subur jeung papunjulan urang Sunda, kudu mawa karaharjaan nu walatra keur wargana. Hartina ceuk Asep, teu pantes upama di urang, masih loba kénéh nu kokoro nyoso malarat rosa.

Mémang, usaha téh kudu untung. Tapi, kacida teu hadéna, upama saukur bisa untung sosorangan. “Margi kitu, nu usaha gedé kudu nyaah ka pangusaha leutik. Atuh pihak pamaréntahna, ulah kendor keur teras nyumangetan, nanjeurkeun régulasi, sangkan pangusaha leutik (rayat) ulah kasebut lir pacikrak ngalawan merak jeung pangusaha gedé téh,” pokna tandes.

Kagiatan ékonomi rahayat, teu bisa leupas tina kawijakan pamaréntah. Lantaran, tarékah para usahawan menengah jeung pangusaha leutik, teu bisa sosoranganan, tapi dina emprona mah butuh panangtayungan ti pamaréntahna. Kitu deui, rojongan ti pihak sején saperti ti paguron luhur. “Alhamdulillah, Unpad ogé parantos ngabantos UMKM kanggo nyukséskeun program SDGs. Kitu deui, aya program Integrated Microfinance Management (IMM) gawé bareng sareng Leiden University,” pokna deui.

 

Nyaah ka Lembur

Teu sing kurung batok, Dr. Asep Mulyana, M.CE, mah. Komo deui, apan salah sahiji kaahlianana ogé tumali jeung élmu bisnis. Hartina, pipikirananna gé lampar ngaliwatan wates-wates budaya jeung nagara. Atuh, nyiar élmuna deuih, teu ngan ukur di lemah cai sorangan, da kungsi ngalanglang mancanagara,  saperti kuliah S-2 di Jerman ogé sring diondang jadi narasumber dina seminar-seminar internasional.

Najan biasa ngalanglang buana, kanyaahna ka sarakan mah teu weléh natrat. Inyana, remen tumanya ka dirina mun ngabandungan pasualan-pasualan nu ceuk pikirna bisa diréngsékeun tapi bet kawas nu teu acan maksimal diungkulan, saperti kawijakan nu merenah, infrastruktur, ogé tempat-tempat arusaha nu husus tur merenah. Pasualan nasib pangusaha leutik ékonomi rayat, kamiskinan, jeung sajabana di Jawa Barat, naha kawas nu can walatra? Asep kalan-kalan ngusap dada, lantaran teu samistina cenah, kaayaan alam Sunda nu sakitu suburna, tapi nasib ékonomi rayat lir nu hesé menyatna. Kitu deui, teu merenah upama urang Jawa Barat loba kénéh nu sungkan nyanghareupan poé isuk lantaran tigerat ku dahareun.

Ngimeutan hal-hal nu kawas kitu, bet medal pananya; naha ieu téh lantaran urang Jawa Barat sok katapelan ku resep ngéléhan waé, atanapi para pangusahana geus kasilih ku bangsa deungeun? Nu jelas, ceuk ieu pangarang “Peningkatan Daya Saing UKM Indonesia melalui Knowledge base Management”, sual ngudag karaharjaan, teu cukup ku wani atawa ngudah untung, tapi sual kabarokahan rejeki, nu dina tilikan agama mah, nyaéta sodakoh téa. Dina harti, nu arusaha bakal unggul upama teu weléh nyaah ka pihak séjén. “Usahawan jugala saperti Bill Gates sakitu suksésna. Koncina mah, teu weléh nyalurkeun 30% tina kauntungan keur urusan sosial. Hartosna, upama ukuran zakat 2.5%-na waé hésé ngaluarkeunana, rupina bakal sesah ngarasakeun mangpaat usaha keur balaréa,” ceuk Dr. Asep deui.

Dr. Asep Mulyana lahir di Bandung 9 Pebruari 1971. Keur ieu putra pasangan Alm H. Encep Setiadi sareng Hj. Komara, Bandung téh pamiangan. Ieu dayeuh Sangkuriang téh, keur Asep mah nyidem katineung. Lembur pangancikan rasa teu weléh ngotrétkeun lalakon nu ngendat teu kungsi pegat. Cenah, sok ras inget ka jaman keur budak, wewengkon Cijerokaso harita (taun 1970-an), éstu tingtrim. Patalimarga gé lancar kénéh, lantaran arang kénéh kandaraan. Keur SDN 1 Cijerokaso-Sarijadi, keur SMPN26 Bandung, ka sakola téh lolobana mah leumpang. Harita mah, leumpang mapay-mapay sisi jalan. Hawa harita, tiris naker, da loba kénéh tatangkalan. Remen leumpang kareumpeukan ibun subuh.

Satutas neruskeun ka SMAN 2 Cihampelas, papatah jeung pangjurung doa ti sepuhna beuki karasa pisan. “Hirup kudu jujur. Upama dina jaga, aya batur nu codéka ka urang, ngahampura baé. Nu penting, urang ulah nyieun codéka ka batur,” ceuk Asep nineung ka papatah sepuhna basa keur leutik. Lantaran sepuhna sering usaha di pasar loak, atuh Asep ogé teu weléh babantu sakadugana.

Kalayan pangjurung kulawarga, guru-guru, jeung babaturanana, ahirna ieu carogé Siti Amal Cholifah, kiwari suksés bisa loba neuleuman élmu jeung lampar ka mana-mana. Mimiti kuliah ti Politeknik ITB, terus ka Unpad, kuliah S-2 di Jerman ogé S-3 di IPB, kiwari ngabdi di Fakultas Ekonomi & Bisnis Unpad, pangpangna sibuk mancén Ketua Pusat Pengkajian Inkubasi Bisnis. Keur dirina mah, ceuk ieu rama Assyafa Ummu Syakira, Mari'e Muhammad Razzan, Aisyah Nuha Zahira, lir kebo mulih pakandangan. Ti padataran luhur Dayeuh Bandung, inyana mimiti miang, nya di dinya deuih makalangan, bisa ngalanglang Nusantara jeung ngamancanagara.*** (RH)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: