• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

MISTI TAKI-TAKI

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Para ahli ngingetan, ieu nagri téh nyidem poténsi lini. Saterusna, upama peuseurna kajadian lini téh di dasar sagara, bisa ngabalukarkeun tsunami. Ku lantaran kitu, lini jeung tsunami téh, dalit naker. Atuh, balukarna gé, wewengkon nu kaoyag lini saterusna kaléléd ombak tsunami, umumna sok ngalantarankeun bancangpakéwuh anu pohara.

Ieu bangsa ngarandapan sababaraha kali musibah balukar lini jeung tsunami. Di antarana, Acéh, Lombok, jeung nu panganyarna Sulawési Tengah. Kajadian-kajadian kawas kitu nyesakeun katunggara anu taya papadana.

Kajadian kawas kitu, nyentarkeun haté balaréa. Balukar jeung katunggarana, natrat teu gampang kaubaranana. Rebuan jiwa palastra, lembur ancur, padumukan burakrakan. Atuh, dina kaayaan kitu mah, téh teu bisa majar kumaha!

Manusa mémang teu daya teu upaya. Tapi, ihtiar balukar kajadian kitu bisa disinglar, copélna bisa dikurangan. Da, memang, lini jeung tsunami, saperti ceuk para ahli, kakara bisa dikira-kira puseur kajadianana jeung ukuran rongkahna kajadian, tapi iraha kajadianana, can bisa dikira-kira pipastieunana.

Dina kaayaan kawas kitu, taya deui ubar lian ti taki-taki salalawasna.  Atuh, katerangan-katerangan ti pihak nu boga wewenang ngémbarkeun bencana lini/tsunami, sawadina leuwih mayeng tur leuwih écés. Kitu téh, sangkana rahayat  sakumna apal kana potensi lini jeung tsunami di masing-masing wewengkonna.

Manusa darma ihtiar. Tah, éta tarékah téh teu meunang kateug. Ulah ngan taki-taki téh ari satutas aya kajadian wungkul, nu saterusna poho atawa dipopohokeun. Atuh, mun angger kabiasaan urang kawas kitu, dina mangasana kajadian gé, moal boa kawas nu engeus-enggeus.

Urang  remen ngalaman kajadian nu méh sarupa. Tapi, kanyataanana, kajadian kawas kitu gé, masih kénéh nyesakeun pasualana dina lebah nyinglarna. Ku lantaran kitu, saban lembur, saban kampung, jeung saban pamukiman, sawadian nyadiakeun tempat husus geusan nyinglar  mamala nu bisa kajadian iraha waé.

Karep nyinglar mamala sawadina jadi kasayagaan saréréa. Masing-masing pribadi, kudu apal cara nyinglar/ngurangan balukarna, apal kana tempat ngungsi saupama ngarandapan  balai balkar tini atawa tsunami. Tah, saperti tempet-tempat umum atawa sarana publik gé, sawadina boga tempat ‘pangungsian’ geusan nyinglar bancang pakéweuh.

Kolot urang boga pangalaman dina nyinglar balai. Saperti jaman perang kamerdékaan, masing-masing lembur boga panyumputan tina sasaran pélor musuh. Tah, tarékah kitu téh, bisa dilarapkeun dina poténsi mamala nu béda.

Ihitar nyinglar mamala, tangtu wé, kudu aya tempatna deuih. Tah, nilik kana kajadian nu remen kaalaman, sarana évakusi gé, kudu ditataharkeun bener-bener. Kudu geus jadi kabutuh balaréa kalayan disayagikeun ku pihak-pihak nu boga wewenang nyadiakeun tempat pangungsian téa. Nya tangtu wé, teu kudu digitik rata, da poténsina gé moal sarua. Di etmpat-tempat nu potensi katibanan mamala sawadian diheulakeun, kalayan tetep teu mopohokeun kapentingan warga di tempat-tempat séjénna. Atuh, taya salahna, upama pakampungan-pakampungan gé nyesakeun jeung nyadiakeun lahan husus keur ‘pangusian’ dina waktuna nyanghareupan bancang pakéwuh.

Putuduh-pituduh jalan, geusan evakuasi, misti écés gampang katingal jeung gampang disorangna. Lian ti éta, pihak nu mancén tugas di tempat-tempat ramé gé, sawadina boga pangaweruh anu cukup dina mangsana kudu ngaévakuasi sakur nu aya di éta tempat.

Kitu deui di sakola-sakola,  madrasah-madrasah, barudak gé kudu  dibiasakeun sayaga jeung ati-ati. Sina biasa boga tempat panglumpatan nu merenah jeung lewih aman saupama aya kajadian lini. Hal-hal sarupa kitu téh, mémang penting geusan nguranagan mamala-mamala nu matak bahaya.

Kajadian demi kajadian, mémang loba nu ‘di luar’ kamampuh manusa ngungkulanana. Dina kayaan kawas kitu, taya deui jalan iwal ti ihtiar jeung teu weléh neneda ka Alloh Swt  sangkan urang saréréa tetep aya dina panangtayungan Nu Mahakawasa. ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: