• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Rusiah Papah

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook

“Badé ngiring enjing?” Papah naros ku basa anu lemes. Ngolo sigana mah.

“Ka mana?”

“Bumi Enin.”

Kuring ngahuleng, api-api mikir.

“Lamun nganteur, bakal aya tikét Cold Play. Sabulan deui apan konsérna di Jakarta?”

“Dil!” kuring langsung tos, nepak dampal panangan Papah.

 

Papah ngaléos. Kuring seuri. Ngarasa meunang ku dua perkara. Kahiji, pangajak Papah téh saenyana henteu kudu dibibitaan ku tikét grup musik kameumeut kuring. Lantaran kuring sorangan aya karep nganteur Papah niis di bumi Enin di Rancakalong, da aya anu hayang katalungtik, rusiah Papah anu saminggu kaliwat kakara katohyan. Anu kadua, geuning henteu kudu ngolo Papah, komo kudu ngalibetkeun Mamah, pikeun meunang tikét konsér Cold Play.

Lamun Papah ngajak dibaturan ka bumi Enin, hartina Papah badé menikmati tarawangsa. Uninga apan tarawangsa? Kasenian tradisional urang Rancakalong. Pakakas waditrana aya dua, kacapi leutik jeung tarawangsa. Tarawangsa téh waditra nu siga rebab anu dikését téa geuning. Biasana tarawangsa mah dipintonkeunna téh sapeuting jeput. Cenah, tarawangsa téh dipagelarkeun pikeun muji sukur ka Gusti sabada panén.

Papah saenyana uningaeun, kuring mah henteu resep tarawangsa. Da jeung enyana, rarasaan téh musikna asa monoton. Kitu deui kitu deui. Béda pisan apan jeung Cold Play, Nirvana, Guns N’ Roses, dalah jeung Slank ogé jauh. Naonna atuh anu kudu dipikaresep tina tarawangsa?

Matakna, dua taun kaliwat, basa Papah mimiti mindeng ngalongok Enin bari menikmati tarawangsa, kuring sok hémeng. Papah mah mani anteng lamun tos ngupingkeun tarawangsa bari sila ngariung jeung urang lembur. Sakapeung bari peureum-peureum waé, sapertos anu tunduh, tapi apan mastakana mah unggeuk-unggeukan.

Terusna Papah unggeuk kana pangajak Abah Suhanta, saéhu dina tarawangsa, pikeun ngibing. Pananganna obah lalaunan, bari sampéanna mah ukur ngareundeuk.  Hayang seuri ningalna. Kumaha bisana musik monoton kawas kitu diigelan atawa dijogédan. Apan béda jeung jaipongan atawa dangdut, komo jeung musik pop atawa rock.

Kuring biasana mulang tiheula ti tempat tarawangsa téh. Mending ngagolér di bumi Enin bari ngadéngékeun Justin Timberlake. Kadieunakeun, malah tara-tara acan ngabaturan Papah ka tempat tarawangsa. Mending nungguan waé di bumi Enin bari ngagames Mobile Lagend. Lamun bosen di kamar, mending nyampeur Adit, terus nguseup di balong pengkereun bumi Enin. Adit téh sobat urang Rancakalong. Sarua kelas XI di SMU. Karesepna ngadéngékeun lagu dangdut.

“Nyaan resep kana dangdut?” ceuk kuring basa kakara wawuh ka Adit.

“Puguh resep pisan. Adit mah ngepans pisan ka Via Valen jeung Ayu Tingting. Tapi resep ogé ka sang legend Rhoma Irama jeung Elvi Sukaesih.”

Kuring seuri. Sinis saenyana mah. Tapi saukur saulas. Adit ogé henteu ngarasakeun sinisna kuring. Sanggeus beuki dalit jeung Adit, mindeng kuring ngahuleng. Karesep jelema mah meureun béda-béda. Papah resep kana tarawangsa, Adit resep dangdut, ari kuring mah resep kana musik pop jeung rock. Henteu kudu aya anu dipadungdengkeun ngeunaan karesep mah.  

Mimitina mah saminggu katukang kuring nimu buku diari di gudang. Buku diari Papah. Teu ngahaja saenyana nimuna, da harita téh kuring keur néangan bahan tugas sakola. Kelas tilu SMP, keur tugas ahir, kuring kungsi nyusun karangan ngeunaan lagu jeung lirik Iwan Fals. Kamari aya deui tugas anu méh sarua, ngarang ngeunaan lagu Protés Sosial. Tugas ahir SMP téh rék dijadikeun bahan. Tapi saacan anu ditéangan kapanggih, kaburu kabéngbat ku buku diari anu jilidna biru kolot. Buku diari Papah. Ngahuleng sakedapan mah keur mukaan diari téh, Papah nulis dina buku diari?  

Mimitina mah tangtu hémeng. Komo sanggeus dibaca eusina. Papah horéng téh fans Michael Jackson. Basa sang legend King of The Pop nerbitkeun albeum Dangerous taun 1991, Papah nulis catetan panjang. Papah resep pisan kana lagu Heal The Word.

Dina lambaran séjén aya ogé catetan Papah basa diajak Engki (almarhum) ka acara tembang. Papah murang-maring dina buku diari. Cenahna ogé: tembang téh kampungan, kuno, jadul! Bete tingkat dewa sasab dina acara tembang!

Tangtu waé kuring molohok. Sajongjonan mah teu bisa mikir. Naha enya? Naha bisa? Papah anu baheula fans kacida Michael Jackson, henteu resep tembang, ayeuna betah sawewengi dina acara tarawangsa. Naon bédana tembang jeung tarawangsa? Rarasaan kuring, asa sawelas dua welas niléyna.

Eta rusiah Papah téh. Kuring henteu ngarti, mana anu benerna? Papah téh resep Michael Jackson atawa tarawangsa? Dina yuswa sapantar Papah anu méh lima puluh taun, tujuh taun deui saurna pangsiun, sigana henteu pangaruh deui anu disebut géngsi téh. Lamun keur kuring, sajujurna, géngsi téh enya masih aya, malah ngawasa. Kuring resep-resep waé kana dangdut, tapi géngsi anu nyababkeun kuring api-api sinis.

Eta rusiah Papah téh. Matakna nganteur ka bumi Enin téh, susuganan waé aya waktu rinéh pikeun ngobrol paduduaan. Basa dinten Minggu enjing-enjing Papah ngajak nguseup di balong Enin, kuring diuk gigireunana. Biasana mah kuring sok hayang pajauh, da sok berlomba paréa-réa meunang lauk emas.

“Pah, ari perasaan tiasa robah?” ceuk kuring bari ngeupanan useup ku surabi.

Papah mencrong. Teu nyangka tayohna ditaros kitu.

“Maksudna?” pokna bari seuri. “Bili jatuh cinta?”

“Hiss, sanés ka dinya. Misalna, kapungkur mah aya anu henteu resep hiji lagu, misalna tarawangsa, tapi tos lami pisan janten resep.”

Papah neuteup kuring.

“Ku naon, Pah?”

“Oh, bisa, bisa pisan atuh.”

“Naha?”

“Naha naon?”

“Naha Papah pangalaman?”

Papah neuteup ka tengah balong, malah tayohna terus tembus ka pasawahan. “Kieu Bil,” saurna. “Manéh dingaranan Bili, lantaran Papah resep kana lagu Billie Jean. Eta téh lagu kawentar rajana musik pop, King of The Pop disarebutna ogé, nyaéta Michael Jackson....”

“Teras, Papah ogé kapungkur mah henteu resep musik tradisional, kana tembang?” ceuk kuring, lantaran Papah ngahuleng rada lami.

“Manéh nyaho ti mana, Bil?”

“Ah, pokokna aya sumberna.”

Papah ngarénghap antaré naker, teras neuteup deui ka jauhna. “Papah gé teu ngarti,” saurna. “Beuki nambahan umur, musik tradisional téh beuki nyentug kana mamaras rasa. Ceuk urang Eropah anu nalungtik mah, musik tradisional urang téh apan disebutna ogé music of the soul. Matakna anu unggut-unggutan ngararasakeun nikmatna tarawangsa réréana mah kolot, malah tos aki-aki nini-nini.”

“Tapi Papah masih resep Michael Jackson apan?”

“Oh, enya atuh. Dina laptop Papah ampir sakabéh lagu Michael Jackson aya.”

Kuring imut. Imut sugema. Sugema lantara Papah jujur. Henteu api-api resep kana musik tradisional ti ngongora. Tapi kuring jadi nyengir basa ngabayangkeun, lamun aya umurna, kuring ogé boa beuki resep kana musik tradisional, kana tarawangsa, jeung kana tembang.

“Eh, Bili, ti saha apal Papah baheula henteu resep kana tembang?”

Kuring reuwas.

“Ti saha, Bil?”

“Tina buku diari Papah waktos Papah SMA.”

“Hah? Di mana nimuna? Ayeuna di mana bukuna?” Papah katingali reuwas.

“Aya pokona mah. Ku Bili disimpen kalayan aman.”

“Ku Bili dibaca sabaraha halaman?”

“Aya meureun lima lambar mah. Eta wé anu ngomentaran Michael Jackson sareng tembang téa.”

“Lamun kitu, engké nepi ka Bandung, langsung ka Papahkeun nya. Entong dibaca deui.”

“Siap, asal...”

“Asal naon?”

“Tikét Cold Play jadi dua lembar atuh.”

Papah ngahuleng. “Enya-lah,” saurna.

“Naha ku naon, Pah, ku naon Bili ulah maca dugi ka tamat?”

“Aya rusiah Papah anu ngabahayakeun, bahaya lamun kanyahoan si Mamah.”

Kuring ngabarakatak. Papah ogé ngiring seuri.

“Bil, tapi naha tikétna dua lambar, keur saha anu hiji deui?”

“Rusiah Bili atuh éta mah, Pah.”

Papah ngarabarakatak deui bari nangkeup.

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: