• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Ditutungguan

Kénging Dede Syafrudin
Kintun kana Facebook
Mangle
Nini jeung Aki Nungguan Hujan [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

“Alhamdulillah nu ditutunguan téh geus mimiti datang, Lo.”

“Istri nu geulis, Mang?”

“Kadinya waé pikiran téh, Alo mah.”

“Héhéhé, ari geus naon atuh nu ditutungaun téh?, Mang?”

“Hujan, Lo.”

“Oh.”

“Kapan katiga ayeuna téh sakitu tarikna, Lo. Krisis cai di mana-mana. Sawah gararing, malah taneuhna oge nepi ka rarengat, badis suku nu rorombéheun, Lo, héhéhé.”

“Bener, Mang. Katiga ayeuna mah hésé mandi-mandi acan.”

“Matak alhamdulillah ayeuna geus mimiti aya hujan téh, Lo.”

“Nu ditutungguan téh ahirna datang ogé, Mang.”

“Asal teu datang jeung babaturanana wé, Lo.”

“Na usum hujan aya babaturanana, Mang?”

“Aya, jeung pikasieuneun deuih, Lo.”

“Baruk?”

“Nu sok nuturkeun usum hujan atawa ngijih téh, biasana mah caah jeung urug atawa longsor, Lo.”

“Ambuing.”

“Matak urang kudu taki-taki bisi sakadang caah jeung urug datang nuturkeun usum ngijih, Lo.”

“Siap laksanakan, Mang!”

“Naon nu dilaksanakeun téh, Lo?”

“Persiapan nyanghareupan usum caah, Mang. Barang-barang siap diperenahkeun di loténg. Parahau geus disiapkeun. Pikeun nyanghareupan urug, lamping-lamping diwewegan. Atawa imah nu aya di handapeun lamping, salila usum ngijih mah ulah dicicngan atawa ditempatan heula, Mang.”

“Riweuh atuh ari kitu mah, Lo.”

“Mémang di mana-mana ogé riweuh nyanghareupan usum musibah mah, Mang.”

“Ngarah teu riweuh teuing mah, tatahar nyanghreupan caah téh dipigawé ti usum halodo kénéh, Lo.”

“Har?”

“Salila usum halodo, walungan, solokan, jeung saluran cai lianna beresihan. Eureunkeun kabiasaan miceun runtah ka walungan jeung solokan. Sangkan dina datang usum ngijih, cai ngamalir kalawan lancar, tur henteu matak caah, atawa dina caahna gé henteu parna teuing.  Alam kudu dipiara. Ulah nuar tatangkalan sagawayah, pangpangna nu aya di lamping, sangkan henteu babari urug. Najan éta téh kasebut ngabéjaan bulu tuur, angger kudu diingetan waé masarakat urang mah, Lo.”

“Bener, Mang. Da saéstuna datangna musibah téh réréana mah alatan kalakuan manusa kénéh, nu teu disiplin tur ngaruksak kasaimbangan alam. Antukna, hujan nu ditutunguan salila usum halodo téh kalah dituturkeun ku musibah caah jeung taneuh urug.”

“Kitu pisan, Lo.”

“Untung ayeuna mah aya Citarum Harum, Mang. Nu nalingakeunana diwewegan ku tentara, nu bisa metakeun tindakan tegas. Jadi, pausahaan jeung pihak séjén téh moal bisa sangeunahna ngotoran walungan, pangpangna walungan Citarum, jeung walungan-walungan lianna nu ngamuara ka Citarum. Geus puguh masarakat mah, teu meunang pisan miceun runtah ka walungan. Malah sababaraha waktu katukang, aya sababaraha warga Soréang kabupatén, nu disidang alatan katohyan miceun tah ka walungan, Mang. Muga-muga wé ku aturan anu tegas mah, pangusaha jeung masarakat téh jadi sieun pikeun ngaruksak alam, Mang.”

“Bener, Lo. Tapi nu utamana mah kasadaran pikeun ngajaga jeung miara alam. Mun ukur alatan sieun mah, taatna téh ukur ari aya aparat wé. Lamun euweuh aparat, maranéhna bakal susulumputan miceun limbah atawa runtah ka walungan, jeung sabana.”

“Bener, Mang. Nu pangutamana mah nyieun tarékah pikeun ngahudangkeun akasadaran.”

“Nya heueuh!”

***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: