• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

WARMAN

Kénging Cucu Rahmat
Kintun kana Facebook
Mangle
Gambar Carpon [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

“Ku sayah dijamin. Lima juta sabulan, lima tauneun. Omat kudu rapih!”

Nunda hapé.

Ceg kana surutu modél corona. Sanggeus congona dipotong guillotine, laju ngahurungkeun zipo. Didéang-déang heula. Séréngéh, sabab geus kabayang, jajalaneun bakal beresih, bakal lanening.

Laju diseungeut—sanggeus dikira-kira panasna rata. Dikenyot. Tapi dikepuhkeun deui. Ditiupan congona. Sanggeus hurung enyaan laju dikenyot deui, dikepuhkeun, dikenyot deui, dikepuhkeun deui, méh bareng jeung ketug jajantungna anu motah.

Ceg kana konyak, diinum saeutik. Séréngéh.

.....

Di béh ditu.

Klik! Hapé dipareuman. Laju muka tukangna, ngalaan batré, nyokot kartuna, terus dipiteskeun. Geus kitu mah ngalungkeun hapé kana jero dasbor mobil.

Memener beubeurna. Ngarongkong hapé nu hiji deui. Jrut tina mobil, muru ka hiji tempat.

***

“Bagéa, kumaha kabarna urang ditu, calageur?” Dodi nanya Warman nu anyar datang.

“Aya hibar. Uing sono euy, matak nyimpang heula ka dieu gé.”

“Na rék ka mana kitu?”

Teu ngajawab.

“Sarua, geus lila teu panggih téh nya?” Suma mairan.

“Bun, kopi hiji deui, aya tamu,” Dodi gegeroan.

“Muhun...” némbalan ti tukang.

Teu lila.

“Réréncangan Kang Dodi ieu téh? Nepangkeun, abdi Ineu, istrina kang Dodi,” ngajak sasalaman sanggeus nunda kopi.

Méméh nampanan ngarérét heula ka Dodi.

Nu dirérétna kalah seuri.

“Geus ganti deui waé...” gogodeg.

“Naon atuh opieunana nya?” ngarérét ka salakina.

“Meuli jung!” Warman ngodok saku, ngaluarkeun duit sacokotna.

“Leuh, dua ratus. Mani seueur.”

“Kop sésana mah.”

Dodi ngadilak ka pamajikanana. Jinisna mah ngaléos ka luar bari api-api teu nyaho.

“Montong dioloan, jatah énté mah ké di sayah.”

“Siap, Bro.”

Warman ngaluarkeun dua bungkus samsu réfil dina saku jékétna. Nyokot sabatang. Ngalaan bungkusna laju diseungeut.

“Sabenerna mah,” semu nu kagok. Puh, ngepuhkeun haseupna.

“Aya naon euy?”

“Henteu.”

“Nya enggeus atuh ari euweuh nanaon mah.”

Ngaharuleng sajongjongan.

“Lain euy, geus lila uing teu nongkrong di tempat nu biasa?” Suma ngamimitian deui.

“Beuki ramé. Malah tadi lohor gé uing geus ti dinya, manggihan babaturan.”

“Sono ka si Ayu uing mah ari ka dinya téh. Aya kénéh kitu?”

“Saha Ayu téh, Kang?” ujug-ujug ngajanteng dina lawang panto.

“Tah kabogoh si Suma,” teu kireum-kireum.

“Tiasaan nya pameget mah,” ngadilak, terus asup ka jero.

Suma ngabarakatak.

“Béjaan aing, aya pamajikan kituh!!!”

“Hahaha...”

“Matakna petualangan ka awéwé téh geura eureunan, Mang. Kitu kénéh-kitu kénéh geuning.”

“Enya, tingali uing...” Suma nepak dada.

“Teu laku sia mah. Rajeun payu, meunang randa. Euweuh buruh disunatan.”

Warman nyenghél.

“Da kitu si Éta mah, asa aing kasép. Teu insap-insap, mangkaning budak nu cikalna téh awéwé, jaba geus parawan deuih, na teu sieun ku karma kitu?”

“Alah siah, heueuh... amit-amit Gusti...” Dodi ngusap beungeut.

Srigala berbulu domba...”  Suma jebi.

“Nya manéh mah, uing rék tobat, anger wé dicawad.”

“Lanca-linci sia mah. Ayeuna kieu, isukan geus lain deui.”

“Geus ah bising kadéngéeun ku pamajikanana. Mangkaning katingalina bageur nu ieu mah?”

“Da jeung enyana,” Suma ngaheueuhkeun, “getén pisan. Meunang milik si éta mah. Si étéh teu apaleun salakina urut bocokok.”

“Nya sukur atuh, sugan wé geus meunang nu bageur mah rada robah.”

Dipuji kitu téh, irung Dodi rebéh.

Suma jebi deui.

Dodi ngagikgik ningali peta Suma kitu téh, nepi ka cirambay bakat ku ngeunah.

“Tadi kira-kira jam sabelasan lah uing nongkrong di tempat nu biasa téh,” rada serius.

“Enya, kumaha kitu?”

“Manggihan saha, Mang?”

“Babaturan anyar.”

“Ohh...”

“Rada lila nungguan téh. Bisa dahar heula, bisa ngopi heula. Lohor karék ngurunyung. Sabenerna mah hésé panggih jeung manéhna téh. Tuda jelema sibuk, jabatanana gé lain bantrak-bantrakeun euy!”

“Wah, ti mana wawuh jeung nu kitu?”

“Barang manéhna diuk jeung baturna, uing ngadeukeutan bari ngageroan ngaranna, keur mastikeun.”

“Terus kumaha?”

“Heueuh manéhna téh jiga nu terus rasa. Beungeutna pias, melong ka uing sakeudeung terus malik jiga nu rék lumpat.”

“Naha lumpat?”

“Uing téh réplék, Mang. Nyabut clurit dina cangkéng, dipaké keur ngahalangan awakna ngarah teu lumpat. Aslina, Mang. Réflék!”

“Atuhhh...???”

“Enya, budal-badil peujitna. Baturna jeung nu aya di darinya kontan buriak bari tingjarerit.”

“Hahaha... sia mah angger ari geus ngabodor téh,” Dodi ngabarakatak.

“Didegungkeun ku aing siah! Sugan téh serius hahaha...”

“Nyaan uing mah.”

“Laahhh...” Suma ngajebian.

“Tuh... tingali!” Warman muka jékétna.

Dodi jeung Suma kontan molotot ningali baju anu ditutupan ku jékét pinuh ku getih.

“Nyaan éta téh?”

“Balég sia?!!”

“Ieu buktina. Cluritna ku uing dipiceun, da ngahaja ka dieu téh nguriling jalan Cijapati.”

Lir gaang katincak. Jempé sapada harita. Ukur silirérét, bari narik napas jero naker.

Keur kitu torojol pamajikan Dodi ngasongkeun opieun. “Naon atuh nya? Cuang nyangu wé.”

“Ulah, da moal lila.” Warman buru-buru nyeletingkeun jékétna.

“Ihh... keur nembéan téh.”

“Keun baé, nuhun Nyi katampi pisan.”

“Kumaha atuh ieu téh?” Dodi ngomongna lalaunan sanggeus pamajikanana ngaléos.

“Teu kukumaha.” Warman ngajawabna lempeng.  

“Nya, bakal kukumaha atuh, Mang?” Suma némpas.

“Terus, kudu kumaha atuh?” Dodi nepak tarang.

“Matak uing ka dieu gé, da tadina mah dék labas we ka Ciamis. Terus ka Pangandaran.”

“Kumaha kitu?”

“Uing ménta bongbolongan, kumaha alusna?”

“Euuu...”

“Kumaha nya?”

“Ari ceuk pamanggih uing mah mending nyerahkeun diri wé.”

“Siiaaa...!!” muncereng.

“Mending kitu, Mang. Ngarah aman, jaba bakal ngurangan kana hukumanana engké mun nyerahkeun diri mah. Jaba bakal panggih terus jeung kulawarga. Ari kakaburan? Rék nepi ka iraha?”

“Euuu...”

“Percaya ka uing, Mang.”

“Enya ogé. Tapi...,”

“Sing percaya ka uing, Mang.” Dodi negeskeun.

“Mun lain manéh nu ngomongna, da moal digugu. Heug atuh. Nuhun euy, teu kapikir ka lebah dinya ti tadi mah bakat ku poékeun, hayangna téh kakaburan wé.”

“Kabur ka mana? Aparat ayeuna mah canggih. Sakumaha nyumput buni gé angger bakal kapanggih.”

“Enya.” Suma nguatan.

“Enya, enya... uing ngarti,” Warman unggut-unggutan.

“Sukur atuh,” Dodi ngarasa reugreug—da sabenerna mah haténa mimiti sebér.

“Tah ayeuna ulah kagok bébéla.”

“Ari kitu?”

“Uing rék nyerahkeun diri.”

“Alus wé.”

“Anteur uing.”

“Hayu.”

“Hayu!” Suma haget.

“Ka mana?”

“Ka..., ka leuweung tiis wé, jigana pas. Rada sepi. Kabeneran boga dulur, polisi.”

“Ooohhh...”

Warman ngodok kantong. Ngaluarkeun amplop. Disoékkeun. Méré ka Dodi jeung ka Suma sadudutna, teuing sabaraha éwang da kandel katingalina mah. “Taahh..., jangji uing téa.”

“Nuhun, Mang.” Dodi jeung Suma nampanan bari silirérét.

Warman ngodok saku kantongna, ngaluarkeun hapé. Ngahurungkeun heula, sanggeus hurung, rurusuhan mencét hiji ngaran bari ka luar.

Teu lila...

“Hayu... leuwih cepet leuwih alus.”

“Kadé bisi salah. Bisa waé musuh, saha nu apal...”

“Moal. Ngan burukeun bising kapiheulaan. Keur patroli, cenah.”

Dodi jeung Suma cengkat. Sanggeus pamitan ka pamajikan Dodi, Warman ngalacat kana mobil. Ari Dodi jeung Suma mah naék motor—da piraku naék mobil Warman, nyasat nu rék nyerahkeun diri.

Nepi ka nu dituju, enyaan tempatna rada sepi. Jauh ka ditu ka dieu.

Mazda 6, geus ngajugrug. Di jerona aya nu keur diuk, saurang. Sedengkeun dua urang baturna ngajaranteng di luar. Nu hiji di beulah kalér, nu hiji deui di beulah kidul.

Sanggeus turun dina mobil, Warman nyampeurkeun. Nu cicing di belah kalér geuwat muru,  néwak bari rék ngaborgol. Warman ngépéskeun bari sesentak. Nu di jero mobil—anu jigana mah dulur Warman—kaluar, méré isarah nitah mundur ka nu tadi muru. Geus kitu ngadeukeutan Warman.

Teuing ngomong naon, ngan nu rada écés kadéngéna téh;

....

“Saha?”

Warman gideug.

“Ngarah tuntas.”

“Teu kudu apal!”

“Sing bener nyarita téh.”

“Urusan sayah éta mah, teu kudu apal!”

“Sia mah teu beunang dipikanyaah!”

“Baé.”

Geus kitu mah méré deui isarah. Warman ditaékkeun kana mobil polisi, ari mobil Warman dibawa ku babaturanana nu hiji deui.

Méméh indit, saurang polisi ngelol na jandéla mobil. “Nuhun, Kang.”

Dodi jeung Suma unggeuk, méh bareng.

Geuleuyeung..., arindit ninggalkeun Dodi jeung Suma anu tingharuleng.

Di jero katingali Warman keur melong ka maranéhna. Rada alum.

“Hayu ah.”

“Kéla eung.”

“Naon deui, buru lah.”

“Na manéh teu ngarasakeun kitu, awak uing mani ngadégdég kieu.”

“Teu ngabibisani. Uing gé sarua, reuwas kareureuhnakeun. Naha bet wawanianan nya, kumaha mun nu datang téh lain babaturanana, tapi musuhna. Alamat cilaka urang duaan.”

“Terus kumaha atuh ayeuna?”

“Urang nelepon babaturan wé da deukeut, urang dieu. Sinah nganteurkeun. Baé motor mah simpen heula wé di imahna, uing teu sanggup nyetangan.”

***

“Lima juta sabulan. Dikali duabelas bulan, jadi genep puluh juta. Dikalikeun deui lima taun, genep puluh juta dikali, kéla..,” curukna lincah mencét tuts kalkulator. “lima taun téh berarti lima kali duabelas, jadi genep puluh. Jadi euu..., genep puluh juta dikali genep puluh, jadi.... tilu milyar..., genep ratus juta. Lain duit saeutik ning...”

Ceg kana hapé. Mencét hiji ngaran.

Hallo...” béh ditu aya nu ngahalowkeun.

Ada proyek. Dana operasional, seratus dua puluh...”

“Okéh!”

Sip! Ketemu di tempat biasa.”

Siap bos!”

Klik! Nutup hapé.

Ceg kana surutu. Sanggeus dipotong congona, laju ngahurungkeun zipo. Didéang-déang heula... laju diseungeut—sanggeus dikira-kira panasna rata.

Sekali mendayung dua tiga pulau terlampaui...”

Séréngéh, sabab eusi rekeningna moal dekok teuing. “Cukup lah dualas mah. Anggap wé zakat ka pakir miskin.”

Ngenyot surutu. Dikepuhkeun. Dikenyot, dikepuhkeun deui, dikenyot, dikepuhkeun deui... rusuh kituna téh tangka rohangan mulek ku haseup.

Ceg kana konyak, diinum saeutik.

***

Kriinngg...

Kriinngg...

“Iiihhh...” leungeun awéwé kaluar tina jero simbut. Uyup-ayap kana méja, ceg kana hapé. “Pah... ada telpon...”

“Hem...” nguliat, terus nyokot hapé. “Oohh..., iya hallo...” rerengkuhan ajrih naker—sok padahal teu keur pahareup-hareup jeung jelema anu neleponna.

“Hallo...” béh ditu, sorana rada beurat.

“Iya, Pa. Iya... iya...”

“Waktunya sudah dekat. Rapatkan barisan, bersihkan jalan yang masih kotor.”

Klik! Nutup hapé.

Ngusapan tonggong—anu jigana mah saumuran jeung anakna—anu ngaboléklak teu katutupan simbut.

Séréngéh. Sabab beuki getol dititah meresihan jalan, geus kabayang sabaraha ém nu bakal asup kana rekeningna.

Ceg kana konyak, dilekik nepi ka béak.

***

Isuk-isuk...

Warta dina koran; seorang tahanan yang bernama Odo, alias Keling, alias Warman tewas mengenaskan di dalam sél. Diduga akibat perkelahian massa, dikeroyok oleh sepuluh orang tahanan. Pihak kepolisian telah...

***

 

2-3-2018

- Corona: surutu nu panjangna 15 senti, diameter 42 ring.

- Guillotine: pamotong congo surutu

- Mazda 6: mobil anu biasa sok dipake patroli ku pulisi, atawa keur newak penjahat.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: