• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kembang Papastén

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook
Mangle
Kembang Papasten [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Nu ngajepat hareupeun teu eureun diteuteup. Hayang mah ceurik lolongséran. Hayang nangkeup pageuh. Mun teu inget kana purwadaksi.

Ku teu sangka. Sakapeung ngarasula ka nu Maha Kawasa. Naha téga meunggaskeun asih kuring nu keur meujeuhna moho. Keur meujeuhna ngawowoy kahayang Apa. Naon waé kahayang Apa teu weléh ditedunan. Dapon Apa senang. Dapon Apa bagja ningali kuring. Ku téga megatkeun kasono kuring nu karék disulam. Rumasa simpay silaturahmi kakara anyar diraksa. Can panceg opat  purnama.

Taunan kuring ngajauhan Apa. Bonganna. Enya bongan ceuk ukuran kuring kétang. Da meureun ceuk Apa mah bagja tinekanan. Naon anu kaimpleng ku kuring téh pasalia jeung lelembutan Apa.

Apa nu héman. Nu daria. Nu nyaah ka kulawarga. Nu dipicinta ku kuring ti baheula mula saacan Apa jatukrami jeung Mamah --sesebutan keur indung kuring nu anyar. Mamah, sesebutan sopan kaayeunakeun. Pan baheula mah kuring téh teu weléh nyebut si nurustunjung. Si indung téré. Sesebutan lamun ku kuring dipikiran kaayeunakeun mah kacida pisan teu pantes kaluar tina biwir kuring. Putra Apa nu nyangking titél sarjana. Kaberung ku napsu. Rasa keuheul ka Apa, bongan teu nurut kahayang kuring. Naon atuh kahayang kuring?

Nyawad Apa jatukrami jeung Ceu Tati. Umurna géséh jauh jeung Apa. Asa pantes kénéh disebut anak batan pamajikan. Éta anu sabenerna nyababkan kuring pajauh jeung Apa. Kahayang mah Apa ngadahup nu saumuran méh bisa silihargaan, silitalingkeun, silititipkeun diri. Sieun... Enya sieun Apa ukur dijadikeun alat ku Ceu Tati. Salila ieu Apa dipihéman ku Ibu almarhun ogé ku palaputra. Inggis kahayang Apa nyandingkeun Ceu Tati, nyababkeun hal séjén anu matak Apa teu sugema. Kumaha lamun teu nyaah, kumaha lamun ukur mirit duit Apa. Kumaha lamun. Ah, sakabéh kasalempang anu timbul lantaran kuring kacida nyaah ka Apa.

Naha atuh Apa bet teu nurut kana kahayang kuring? Mun Apa nurut sarta milih Mamih Titin tatangga anu sarua aya duriat meureun kuring moal ngajauhan. Nu antukna Apa bendu ka kuring, majar geus ngahalang-halang kahayang Apa. Kuring nu keras, guntreng sababaraha kali. Nepi ka pamustungan kuring ngejat ti imah bari jeung nyarita ka Apa. Moal deui nincak bumi. Duh.... Enyaan kuring geus ngajaheutkeun manah Apa.

Remen Apa nelepon. Nitah kuring ka lembur. Tapi tara ieuh dienyakeun. Telepon ti Apa ukur  dijawab sacukupna. Tara uah aéh, kumaha séhat heunteuna. Antukna Apa capéeun, eureun neleponan kuring. Padahal lamun baheula keur normal mah teteleponan téh remen. Malah sok aya kana sajamna. Apa capétang nyaritakeun sawahna, hasilna jeung réa-réa deui. Kuring gé sok resep ngabandungan dongéng Apa nu taya sudana.  

Naha Gusti bet misahkeun Ibu jeung Apa. Mundut Ibu tipayun, misahkeun asih Apa nu kacida. Nepi ka sabaraha lila Apa taya cekelan. Apa lir ibarat langlayangan nu kapakan, kakalayangan taya tujuan. Apa nu salilana dalit jeung Ibu dina urusana sagala. Salila ieu  tempat neundeun kasalempang, karémpan, kasusah Apa taya lian iwal ti Ibu. Ibu minangka wadah sagalana pikeun Apa. Bangbaluh ti nu leutik nepi ka nu gedé tumplek ka Ibu. Nepi ka Apa tara katingali rémpan jeung melang. Ibu mampuh mépéndé jeung ngenyed Apa lamun  aya pasualan.

Sok reueus ka Ibu nu pinter ngalelemu Apa. Antukna barudak ningali yén kahirupan Ibu jeung Apa éstuning sapapait samamanis sabagja sacilaka. Duanana silipikahéman. Silihargaan. Masalah ukur dikemu ku duaan. Anak-anakna tara ieuh nyarahoeun aya pasualan nanaon. Aranjeunna hirup senang runtut raut sauyunan.           

Kakeuheul ka Apa saeutik-saeutik leyur. Basa Apa remen nganjang ka imah. Jauh-jauh ti kampung datang ka kota. Kadang nyorangan kadang jeung mamah. Mimindengna mah nyorangan kétang, majar sono ka Bagus anak kuring.

“Min, Apa rumasa salah. Lamun sakira Apa geus nguciwakeun hidep, Apa ménta hampura,” hiji waktu Apa nyarita. Katingali panonna beueus. Kuring nu asalna haré-haré, mimiti ngadéngékeun Apa. Mimiti merhatikeun kaayaan Apa. Karék ayeuna kuring ningali Apa kalawan gemet. Gusti na kamanakeun ieu haté? Kolot kuring anu geus cetuk huis, anu kulitna geus karijut, nu geus katingali leungeuna lilinieun bet dijauhan?

“Apa hampura nya, Min,” Apa nyarita deui, leungeun katuhu mencétan leungeun nu kénca.  Kuring neuteup Apa. Nu ayeuna awakna orot. Jauh ti saacan ngadahup. Gusti enyaan kuring jolédar ka kolot. Harita kuring ngagabrug pageuh. Nyegruk na lahunan Apa. 

Ti dinya kuring léah. Nu biasana Apa datang ka imah. Tibalik. Kuring datang ka imah Apa. Mun libur ngahajakeun wé datang. Naon anu disangka-sangka ku kuring éstuning teu katempo. Rumah tangga Apa jeung Mamah runtut-raut.

Ngamangpaatkeun waktu ku cara enya-enya pikeun nyugemakeun Apa. Hayang ngubaran waktu kamari anu jauh jeung Apa. Susuganan ku éta cara bisa ngurangan dosa kuring. Kahayang Apa sagalana teu weléh dicumponan. Kanyaah kuring kabéh tamplok ka Apa téh lain bohong. Untung boga salaki anu bageur, ngarti kana kahayang kuring. Malah manéhna anu salila ieu ngélingan.

“Meungpeung aya kolot. Alus kacida mun nepungan Apa. Hadé goréng ogé kolot,” Kang Yudi salaki kuring geus mawa robahna sikep kuring ka Apa. Saeutik-saeutik kerasna haté jadi lééh.

Tapi ning kahayang nyenangkeun Apa teh teu lila. Poé ayeuna nu dipincinta geus aya hareupeun, ngajepat teu usik teu malik. Kahayang mah Apa wakca cara nu enggeus enggeus naon atuh katugenah Apa? Kunaon, Pa? Apa mullih teu aya  tanda. Taya kembang papastén anu biasana aya, pikeun kuring sadar yén nu dipincinta bakal mulang ka kalanggengan. Ninggalkeun kuring. Mun nyaho mah kuring téh rék leuwih micinta Apa, leuwih merhatikeun Apa.

Kuring asa diheulang. Apanan poé kamari téh kuring karék panggih jeung Apa. Sempal guyon di dieu. Enya di rohang ieu pisan  kuring jeung Apa ngaheureuyan Bagus nu umurna karék tilu taun. Kumaha Apa ngaheureuyan budak kuring nepi ceurik. Geus ceurik diupahan dipangku digaléntoran.

“Engki baong nya. Hampura Engki nya kasép. Didungakeun ku Engki sing sehat, soléh, nyaah ka Ibu. Jagoan Engki mah kudu bisa nyugemakeun kulawarga.”

Éta tepung panungtung kuring. Teu... teu aya tanda Apa rék ninggalkeun. Ngan aya béja saeutik ti tatangga. Yén cenah Apa geus lila gering ngan tara dirasa. Ubarna cukup ku leuleumpangan ka kebon ka sawah. Aya ogé nu nyarita yén rumah tangga Apa téh teu manggih kabagja. Béja anu saenyana kadéngé ku kuring ti sanggeus Apa ngadahup. Ngan tara ieuh diwaro ku kuring. Komo waktu kuring geus hadé jeung Apa, tara aya kedal ti Apa kumaha sabenerna rumah tanggana.

Mun aya nu ngomong kalakuan Mamah kitu kieu. Kuring nu sok keuheulna, sok mamatahan ka nu nyaritana, yén éta bohong. Kasaksian ku kuring Apa kacida nyaahna ka Mamah kitu sabalikna. Antukna nu ngaromong gé bosen sorangan. Tiis ceuli hérang panon rarasaan téh. Perkara Apa nu sakapeung gégéroh wadah. Ceuk kuring mah wajar, bukti kasatiaan salaki ka pamajikan. Gotong royong. Da kuring jeung salaki gé kitu. Apa mémang robah, béda keur Ibu jumeneng anu sagala hayang dikawulaan. Tapi pan éta mah lahir ti jiwa Apa sorangan tanpa paksaan. 

Pa, lamun Apa teu bagja salila ieu naha tara aya kecap sungkawa? Di mana anjeun nyumputkeun semu jeung kasalempang? Ah, kakara ayeuna kuring sadar. Naon pangna Apa remen nitah mawa Bagus ka kuring. Meureun keur nyieuhkeun bangbaluh. Sungkawa Apa bakal leungit ku ocon jeung incu. Hampura Apa, naha kuring bet teu engeuh?

Perkara batur nu ngagogoréng Mamah. Pasti kuring teu ngeunah. Pan Mamah téh pilihan Apa. Indung kuring hartina. Yakin, Apa bagja kacida. Perkara batur anu ngomongkeun kumaha sabenerna Apa jeung Mamah. Moal didéngé, Pa. Nu penting ayeuna Apa bagja di kalanggengan.

Beungeut Apa némbongan. Rumanggieung datang nyorangan ka imah kuring. Hayang niis cenah. Hayang reureuh saheulaanan. Sono ka incu. Kuring ngegebeg. Gustii, naha kuring bet jolédar? Naha kuring bet teu ngarti kumaha kaayanaan kolot harita. Apa diantepkeun nyorangan digugulung tunggara. Boa Apa salila ieu butuh batur pikeun pakukumaha. Ngan kuringna teu ngarti. Nu antukna Apa kemba, tara balaka ka sasaha. Kasalempang, kahariwangna disidem ku sorangan dapon anak anakna senang. Dapon kanalangsa jeung  katunggarana teu katingali ku nu lain.

“Apaaa.”***    

-Keur diri nu ditalimbeng sono-

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: