• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Uman Suherman AS., M.Pd.

Metakeun Atikan
Mageran Paripolah Bangsa

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Dr. Uman Suherman AS., M.Pd. [Potrét/Ilustasi: ]

Loba nu percaya geusan nyorang hirup jeung huripna téh, di antarana ngaliwatan dunya atikan. Kitu deui dina mangsana taun politik 2019 cara ayeuna, apan parobahan cara mikir jeung paripolah téh, kalan-kalan sering némbongkeun nu pasalia jeung nu sakuduna. “Mémang, pami rumusan husus pendidikan kanggo mayunan taun pulitik mah teu aya. Namung, margi pendidikan mah kanggo ngiatan pikiran jeung lampah, atuh sawadina tiasa leres-leres numuwuhkeun kasadaran sareng pasipatan nu hadé," ceuk Prof. Dr. Uman Suherman AS., M.Pd. muka wangkongan.

Ngobrol téh pasosoré sabada asar di Gedong LLDIKTI (Lembaga Layanan Pendidikan Tinggi) Wilayah IV Jalan PH. Hasan Mustofa No. 38 Bandung. Di dinya, ieu Professor teureuh Garut téh ngantorna. Dina hawa padataran Bandung nu seger, Prof. Uman ngokolakeun lembaga layanan keur paguron-paguron luhur nu sumebar di wilayah Jawa Barat jeung Banten.

Prof. Uman meupeujeuhkeun, sangkan pendidikan sawadina bisa dijaga keur nempatan posisi  ‘terhormat’, dina kaayaan bangsa kumaha waé, kaasup dina 'panasna' pulitik. Lantaran kitu, dunya atikan salawasna kudu jadi 'obor' masarakat. Carana? Ceuk ieu pangarang buku 'Bimbingan & Konseling Karir: Sepanjang Rentang Kehidupan', kahiji, dunya atikan sawadina mampuh ngadalikeun diri tina paripolah nu patojaiyah. Kadua, langkung numuwuhkeun kacerdasan dina ngungkulan pasualan bangsa, jeung katilu, numuwuhkeun kaparigelan nu hadé tur pikabitaheun. "Janten, masarakat badé milih calon pamingpin saha waé, nu jelas, dunya pendidikan kalebet paguron-paguron luhur, kedah tetep dina 'makom' na, sangkan leres-leres ngadugikeun inteléktualitas sareng pasipatan nu hadé nu uswatun hasanah," pokna témbrés.

Nempatkeun lembaga atikan dina 'makom' anu luhur, mémang kitu kuduna. Lantaran di dinya mah, tempatna jalmi-jalmi gugueun jeung tirueun téa. Pangna kitu, ceuk Prof. Uman deui, dina larapna, ngatik téh teu cekap ku omongan atawa papatah wungkul, tapi kedah dibuktoskeun ku conto nyata atanapi ku paripolah anu tuladeun. Komo upama tigin kana papatah karuhun urang, apan payus pisan pikeun numuwuhkeun pribadi nu rancagé. Naon téa? Ceuk ieu lulusan Program Pascadoktoral University of Tsukuba Jepang téh, napakkeun pribadi dina mustika hirup, nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, jujur, tur singer.

Dunya atikan, sawadina ogé jadi kokojo kamajuan bangsa. Pangna kitu, dina larapna, ceuk Prof. Uman papatah silih asah silih asih silih asuh ogé payus jadi tuturus kahirupan. "Papatah karuhun urang, kantenan kedah dilarapkeun. Margi, saéstuna, hirup téh sanés kanggo silih ngéléhkeun, tapi éstuning keur silih lengkepan sareng papada manusa," pokna tandes.

 

Mekarkeun Ajén Paguron Luhur

Urusan kahirupan, mémang teu sakelir. Aya nu ngarasa sugema, aya ogé nu sabalikna. Pangna kitu, keur dunya atikan, nu kumaha-kumaha ogé kudu jadi bagian nu payus dititénan jeung ditalingakeun. Komo deui, kalungguhan paguron luhur tempatna sirung para inteléktual nu leuwih maju batan masarakat umumna. "Mémang kitu, lembaga atikan ogé sawadina jadi ‘pangbalikan’ dina mangsa moral masarakat ‘kalunta-lunta’," pokna deui. 

Gambaran kitu, ieu pupuhu LLDIKTI Wilayah IV ogé, satékah polah geusan ngaronjatkeun ajén paguron-paguron luhur sangkan tetep jadi 'obor' masarakat. Atuh larapna, teu weléh nepikeun kamandangna sangkan paguron luhur tiasa ngarobah pola pikirna, yén paguron nu luhur ajénna téh, lain saukur luyu jeung standar perguruan tinggi (PT), tapi kudu nu ngaleuwihan standar PT. Saperti cara ngokolakeunana, mekarkeun SDM-na, atawa dina ngaronjatkeun produktivitas jeung akuntabilitas para pingpinan paguron luhur katut para dosenna. Komo kiwari mah, Kopertis téh tos robih jadi Lembaga Layanan Pendidikan Tinggi (LLDIKTI). Hartina teu aya deui anggapan nu béda antara PTS jeung PTN.

"Tangtos nu saé mah tumuwuh pribadi nu tanggel walerna ngalangkungan standar dosenna. Hartosna, upami tos doktor tiasa ngusulkeum jabatan fungsional minimal salaku Lektor Kepala nu ngagaduhan tanggel waler saéstuna salaku dosén. Upami sual ieu tos kaungkulan, kantenan paguron luhur tiasa leres-leres mandiri sarta luhung ajénna, henteu gumantung ka para dosen-dosen luar biasa," ceuk Prof. Uman gedé harepan.

Jumlah paguron luhur di Jabar jeung Banten nu jadi panalinga LLDIKTI Wilayah IV aya 480 PTS. Ceuk Prof. Uman, di antara program anyarna, nyaéta ngarobah paradigma pungsi Kopertis tina wasdalbin (pengawasan, pengendalian, jeung pembinaan) jadi bindalwas (pembinaan, pengendalian, jeung pengawasan). Atuh saterusna mah, pembinaan téh henteu dihiji tempat, tapi sumebar di unggal wilayah sarta dilaksanakeunana babarengan jeung APTISI, ABPTSI, ogé APERTI.

Anapon prakna akselerasi akreditasi, publikasi, ogé jabatan fungsional dosen, ceuk ieu inohong nu perenah narima pangajén Satya Lencana Kesetiaan ti Presiden RI ogé, geus ngadegkeun Paguyuban Guru Besar jeung nugaskeun PTS AIPT A keur ngabimbing AIPT B. Kitu deui PTS AIPT B sangkan ngabimbing AIPT C nu ogé dilengkepan ku medalna jurnal internasional nu dikokolakeun ku sababaraha PTS.

 

Diajar Ludeung, Miang Tina Basajan

Prof. Uman Suherman nu lahir 23 Juni 1962, pituin Cisurupan Kabupatén Garut. Ti leuleutik gé matuhna di éta tempat. Atuh, kahirupan keur budak ogé raket pisan jeung alam.

Najan jolna ti kulawarga nu boga kamampuh ‘leuwih’ ti masarakat umumna, tapi Uman mah dibiasakeun basajan jeung mandiri. Geura wé, sanggeus sakola mah atawa waktu peré, lantaran sepuhna sok wawarungan, atuh harita mah sok mimilu dagang. Malah upama diwarung keur loba jualeun bubuahan, saperti peuteuy jeung peuyeum sampeu, Uman mah langsung gap kana tanggungan, ngawanikeun karep, ngurilingkeun jualanana ka unggal imah. "Nanggung rancatan ngurilingkeun icalan saperti peuteuy mah tos biasa. Malihan pami dugi ka poék magrib, atuh sepuh téh sok milarian," ceuk Prof. Uman nineung ka mangsa bihari. Pangalaman kitu, nepi ka kelas V SDN Cisurupan Garut.

Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Uman mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Uman luhung pangabisana, pengkuh agamana nu ahirna kudu junun. “Anaking, jaga sing jadi jalma nu dipikanyaah balaréa, ogé dipikareueus balaréa”, céuk Prof. Uman nirukeun kekecapan sepuhna Momon Syamsudin (Alm) sareng Nana Enda (Almh). Ku kituna, waktu Uman sakola SDN, SMPN Cisurupan ogé nalika sakola di SPGN, sepuhna mah teu weléh nalingakeun pisan.

Pangaping kitu, ngabuahkeun hasil. Uman gé, satuluyna ditarima di paguron luhur IKIP Bandung. “Sepuh kalintang disiplin sareng teu weléh masihan papatah nu saé,” ceuk ieu carogé Dra. Nani Sri Iryani nineung.

Uman ogé beuki déwasa beuki buleud cita-cita. Kétang! Keur leutik mah hayang pisan jadi dalang. Lantaran dalang mah pinter, jelas alur caritana, henteu saukur ngagugulukeun matéri da aya humorna ogé (filosofis), bisa ngahirupkeun rupa-rupa karakter, konsisten, SOPna jelas, ogé silih ajénan keur méré waktu ka sasama. "Namung alhamdulillah, sanaos teu kabiruyungan janten dalang ogé, pami kaunggulanana mah, mudah-mudahan tiasa dilarapkeun, sapertos ayeuna dina pancén mupuhuan LLDIKTI Wilayah IV.  Apan ayeuna ogé teu bénten, mancén téh kedah sapertos dalang," ceuk ieu ramana Ilham Medal Junjunan Spsi, M.Si.

Waktu nyuprih élmu di paguron luhur UPI (IKIP harita mah), Uman Suherman kasebut mahasiswa nu onjoy préstasina. Atuh élmuna ogé kaasah pisan, tur saterusna mah jadi tempat keur neruskeun karirna. Ngarasakeun kitu, Prof. Dr. Uman ogé sadar tur teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt., lantaran sabada beuki nambah élmu pangaweruh, beuki loba kawawuh, jadi beuki loba lolongkrang keur ngamalkeun élmu pangaweruh saterusna. Ngan nya kitu, sual élmu pangaweruh mah, keur Prof. Uman mah, beuki nambah téh singhoréng asa beuki ngurangan baé. Ku kituna, saterusna mah nyiar élmu deui, kuliah deui ka Program Magister (S2) Sekolah Pascasarjana UPI taun 2000, ogé Program Doktor (S3) masih di Sekolah Pascasarjana UPI taun 2006 kalawan niléy yudisium cum laude. Teu cukup ku kitu, atuh Prof. Uman ogé ngalanglang ka luar negeri neuleuman élmu di Program Pascadoktoral University of Tsukuba Jepang taun 2008. 

Makalangan di dunya kampus, Uman gé teu ujug-ujug. Sabada diangkat PNS dipercaya jadi asisten dosen mata kuliah Psikologi Kependidikan & Evaluasi Pendidikan di Fakultas llmu Pendidikan, FPMIPA jeung di FPOK UPI. Saterusna mah, perenah mancén Ketua Departemen Psikologi Pendidikan & Bimbingan Fakultas Ilmu Pendidikan UPI (2015-2017), Kepala Sekretariat UPI (2011-2015), Sekretaris Universitas UPI (2009-2011), ogé Sekretaris Rayon 110 Sertifikasi Guru Dalam Jabatan (2007- 2017).

Sanajan karirna terus nanjak, tapi geusan neuleuman élmu mah nomer hiji. Pangna kitu, Uman saterusna diangkat Menteri Pendidikan & Kebudayaan RI jadi Guru Besar Widang Bimbingan & Konseling taun 2009, kalawan jejer pamikiranana : 'Membangun Karakter & Budaya Bangsa Melalui Bimbingan Komprehensif Berbasis Nilai Alquran (Tinjauan Filosofi tentang Hakikat & Peran Manusia'.

Anapon pangajén nu perenah ditarima, di antarana Satya Lencana Pengabdian 10 Taun ti Rektor IKIP Bandung, Satya Lencana Kesetiaan ti Presiden RI, Satya Lencana Pengabdian 20 Taun ti Rektor UPI Bandung, ogé Polisi Kehormatan (Honorary Police) ti Wakapolri.

Pancén tugas di sabaraha widang, keur Prof. Uman mah éstuning amanah. Lantaran kitu, dina ngokolakeun lembagana, nu dipupujuhkeun téh gawé babarengan jeung ngaheulakeun kapentingan balaréa. ”Mémang pami hoyong majeng, nya sadayana kedah tiasa damel sasarengan sareng kedah silih ajénan,” ceuk ieu pangarang buku Manajemen Bimbingan & Konseling nu ahirna diangkat salaku Koordinator Kopertis Wilayah IV Jabar-Banten ku Menristekdikti Mohamad Nasir di Jakarta 22 Maret 2017. Nu saterusna, taun 2018 istilah Kopertis diganti jadi LLDIKTI.

Nyangking pancén niténan kampus-kampus nu aya di Jabar jeung Banten, atuh dina sual élmu mah, kudu karasa mangpaatna keur balaréa. Adumanisna pangalaman mancén di kampus, jadi nara sumber di seminar-seminar jeung tina neuleuman élmuna, Prof. Dr. Uman teu weléh nyatetkeun catetanana jadi cutatan, boh dina wangun buku atawa dina karya ilmiah. Kitu deui, sanajan sibuk ku kagiatan, boh di lembaga kadinasanana boh di sababaraha kampus, ieu pituin Sunda téh, angger teu weléh tibelat ka lemburna. “Kantenan, émut baé ka lembur mah. Kedah waé nyempetkeun waktos. Sakantenan, sok dipiwarang nepikeun élmuna, sapertosna waé dina hutbah. Atuh saterasna mah tiasa nepangan wargi-wargi di tempat ka bali geusan ngajadi Cisurupan téa,” ceuk Prof. Uman nutup obrolan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: