• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sabada Bubar Bioskop

Kénging Yus R. Ismail
Kintun kana Facebook
Mangle
Puriding Puringkak Yosef R [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

“Uihna ka mana?” ceuk Joy ka Euis.

“Cijolang,” témbal Euis bari imut.

“Uluh, daérah mana éta?” tanya Joy.

“Ujung dunia meureun,” ceuk kuring mairan.

“Palih mana Kutub Utara?” ceuk Joy deui.

Euis ngadilak. “Meni kararitu,” pokna halimpu bari baeud.

Joy seuri. Kuring mah ngarasa aya anu nyeblak. Harita téh tiluan di jero mobil. Joy jeung Euis di hareup. Kuring diuk di jok tukang sorangan. Mobil masih ngabagug di tempat parkir Jatos alias Jatinangor Square. Balik lalajo film. Hujan di luar miripis. Jam salapan peuting meureun geus kaliwat lima welas menitna.

“Wios atuh pami moal ngajajapkeun mah, da muhun tebih, abdi kana ojég waé,” ceuk Euis bari siga rék muka panto.

“Eeh, sanés kitu. Mung heureuy,” ceuk Joy. “Hayu dijajapkeun, hawatos atuh uih nyalira mah.”

“Joy mah mung henteu terang tempatna wungkul, palih mana Cijolang téh?” kuring surti mangnanyakeun.

“Ti Tanjungsari téh ka luhur sakedik.”

“Oh, caket atuh,” ceuk Joy bari ngahirupan grand livina bogana. Geuleuyeung mobil kaluar ti tempat parkir.

Euis imut. Ti tadi beurang, ti mimiti wawuh, matak seseblakan ningali imutna. Geulisna bawa ngajadi. Rambut hideung semu harérang ngombak gomplok. Terus lalajo bareng, unggal sababaraha menit ngarérétan ka manéhna anu diuk gigireun. Keureutan beungeut dinu poék ogé matak deungdeuleueun.

“Tong tarik teuing di payun mah bilih aya nanaon,” ceuk Euis.

“Moal atuh Geulis, éh Euis, supirna tos tapis ieuh,” témbal Joy seuri bari ngarérét.

Can ogé garing biwir Joy, sukuna hideng nincak erém. Atuh mobil ngadadak eureun. Kuring tidagor kana jok hareup. Joy reuwas, katingali sepa. Enya, tadi téh ujug-ujug aya ucing lumpat hareupeun mobil.

“Hhadduuh, untung jalanna simpé kieu,” ceuk Joy bari ngarérét kana kaca spion. Kareuwasna katingali rada leler.

Tapi kareuwas kuring mah beuki nambahan. Euis anu imut siga buburicakan. Enya geulis tapi lalauna bet robah. Rambutna ngarumbay, pelengseng bau bangké. Beungeutna bodas sepa siga euweuh getihan. Ari seuri, huntuna ranggéténg.

Satengah ngajleng kuring mundur, mépéd ka sisi jok.

“Jojoy... Joo y...,” ceuk kuring bari hésé pok.

“Tenang Bro, ngan ucing wungkul,” ceuk Joy bari ngajalankeun deui mobilna.

“Jojoy... Joo y...,” ceuk kuring bari sora hésé kaluar.

“Atuda nyupir téh nembéan seueur gangguan,” ceuk Joy bari ngarérét ka Euis.

“Gangguan naon?” tanya Euis.

“Hoyong waé ningali anu geulis.”

Euis nyengir. Huntu ranggéténgna semu beureum. Boa getih. Bau bangké ngahiek deui.

“Mani nyeblak ningali imutna,” ceuk Joy deui.

“Jooy... Jojoyy...,” ceuk kuring teu pati puguh.

“Tenang, Bro. Di tukang mah raos-raos wé calik,” cenah heureuy.

“Muhun. Tong ningali waé ka payun nya, bilih kabita,” ceuk Euis, sorana ngirung ayeuna mah. Tuluy nyengir ka kuring. Huntu ranggéténgna siga anu sagep-gepeun ngerekeb.

“Haha... enya, bisi kabita tong nempo waé ka dieu, Bro.”

Kuring beuki ngahegak jeung mundur ka sisi jok.

“Euis mah da henteu tiasa nyetir. Upami aya anu ngajarkeun mah hoyong tiasa,” ceuk Euis deui beuki ngirung jeung beuki pikasieuneun beungeutna. Kuring peureum.

“Gampil nyetir mah. Sok atuh pananganna ka dieu, diajar mindahkeun gigi heula,” ceuk Joy.

Leungeun Euis ngaragamang. Leungeun anu tadi bodas carulang téh bet karijut siga tulang dibungkus kulit. Jarijina ranggoas bari kuku sareukeut.

“Jjooyy...,” ceuk kuring beuki hésé pok.

“Peureum wé, Bro. Engké cenah urang kenalkeun ka tatangga Euis anu geulis,” ceuk Joy bari nyekelan leungeun Euis. “Mani lemes sareng ngageleser kieu pananganna.”

Kuring beuki soak. Sieun ku itu ku ieu. Sieun Joy kumaha onam.

**

 

Lalajo téh bareng jeung Joy. Filmna keur ramé diobrolkeun dina médsos. Pengabdi Setan. Cenah film horor hadé jieunan sutradara urang. Bet panasaran. Tara-tara ogé lalajo film horor, daék wé basa Joy ngajak téh.

“Balik kuliah wé, anu jam opatan,” ceuk Joy dina whatsapp.

Enya waé, basa kaluar ti kelas téh Joy geus nungguan. Eta ogé ngajak anu séjén, tapi kalah pada nyeungseurikeun.

“Katinggaleun atuh, Bro. Batur mah geus ti minggu kamari kénéh,” ceuk Ivan.

Saenyana lain ngajak samanéa kuring mah. Lain ngajak Ivan, Bambang, Diyan, Rino, atawa Doni. Tapi sugan waé aya barudak awéwé anu daék bareng lalajo. Matak ngahaja ngajak téh basa aya Herlin, Fitri, Rita, Yeni, atawa Agnes ogé anu centil teu nanaon.

Kitu basa peuting ngobrol jeung Joy téh. Ari kituna, asa geus lila papada jomblo. Ceuk Joy, ramé cenah lalajo bareng jeung barudak awéwé mah. Lamun sieun sok nangkeup.

“Baé jeung si Agnes atawa si Esti nu papakéanna teu up to date ogé,” ceuk Joy dina whatsapp.

“Diobral waé?” ceuk kuring.

“Haha... Dasar jomblo!”

Ari pék, Agnes jeung Esti gé teu nyanggut. Kapaksa wé lalajo duaan. Datang ka bioskop téh satengah opat soré. Sugan téh rék énténg perkara lalajo. Eta anu ngantri manjang nepi ka tukang. Anu rék lalajo pagegelek. Daripada pugag, miluan wé ngantri. Silihselangan ngantri.

Keur ngantri harita ningali Euis téh. Puluhak-polohok sorangan. Lantaran boga sangkaan manéhna gé rék lalajo, kuring nyampeurkeun. Keun wé da Joy anu ngantri mah. Ari pék enya cenah rék lalajo, tapi hanjakal ngantrina panjang. Sorangan cenah lalajona téh.

“Hawatos atuh nyalira mah, sok atuh urang pangmésérkeun tikétna. Tuh, réréncangan nuju ngantri,” ceuk kuring bari nunjuk Joy.  Ari Joy, barang dibéjaan ngeunaan Euis, neuteup mani anteb teu ngiceup-ngiceup.

“Sok atuh gantian yeuh ngantri, teu kuat singsireumeun,” témbal Joy bari teu pindah neuteup Euis.

Dasar! Tadi teu ngangluh nanaon, ujug-ujug singsireumeun. Ari nepi ka tempat meuli tikét, gening kabagéanna ogé anu peuting, anu pukul 7 nepi ka pukul 9.

Nyobat jeung Joy téh ti saacan sakola, da puguh imah kuring jeung Joy saukur kahalangan saimah. Ari pék sakola TK nepi ka SMU sarua, kuliah ogé di perguruan tinggi anu sarua ngan béda fakultas. Puguh wé ka ditu ka dieu babarengan. Ongkoh deui can kungsi paséa anu rongkah. Pabaeud-baeud rada lila téh basa sarua bogoh ka Diana Busastro, batur sakelas keur kelas 2 SMU. Tapi ngan saukur dua minggu teu patanya, terusna mah akur deui da geuning Diana téh kalah milih Opan, wakil ketua OSIS anu légég.

Ti harita mah sok silih ngéléhan. Basa kuring resep ka Rini Syahrini, mahasiswa anyar fakultas ekonomi, Joy ogé sabenerna resepeun. Tapi manéhna ngéléhan sabada ningali kuring hésé saré teu mirasa dahar da inget waé ka Rini. Ayeuna, enya ogé kakara wawuh ka Euis, tapi kuring gé resep. Ngan ningali Joy siga anu leuwih miharep, henteu nanaon kuring ngéléhan. Tapi gening anu kajadian téh béda ti biasa?

**

Saacan pasar Tanjungsari, Euis nuduhkeun jalan méngkol ka katuhu. Jalan nanjak, pararoék da gening teu hiji-hiji acan aya imah. Dapuran awi, tatangkalan jarangkung ngahalangan bulan, matak leuwih patingpuringkak. Kuring sababaraha kali ngagorowok ngabéjaan Joy sangkan balik atawa mobil bawa ka anu loba jelema, tapi anu kaluar mah saukur: “Jjoooyy.... Jooyyy.”

Ari Joy, duka kumaha, kalah beuki maskét jeung Euis. Sigana naon anu katempo, karasa jeung kaambeu ku kuring, ku Joy mah béda deui. Eta waé kalah beuki wani ngaheureuyan, kalah beuki cunihin da Euis ogé ngalayanan.

“Kénging teu pami engké Joy sering ameng ka bumi Euis?” ceuk Joy bari ngarérét. Mobil maju ngarayap siga anu ngahaja dilaunkeun.

“Kénging atuh bilih badé ngéndong ogé,” témbal Euis ngadilak matak deungdeuleueun. Geulis taya tandingna. Tapi begitu ngalieuk ka kuring, ngarénjag téh taya tungtungna enya ogé geus apal bakal kitu, anu geulis téh jadi ngaringkiwik.

“Jjooyyy... sadar,” ceuk kuring ampir teu kadangu.

“Tenang, Bro. Sugan téh di dinya saré teu nyoara ti tadi,” témbal Joy.

Euis malik deui ka kuring, tuluy nyengir. Buukna gimbal, beungeut pikasieuneun hésé dicaritakeunana, huntu ranggéténg. Ari pék, leungeunna anu ranggoas jeung beuheungna manjangan, siga anu rék ngerekeb ka kuring. Kuring ampun-ampunan bari tulung-tulungan, tapi taya sora anu kaluar. Kahayang mah muka panto mobil tuluy kabur, tapi suku téh teu bisa obah.

“Ngaing téh anu sok diondang ku kolot sia duaan. Basa bapa sia hayang jadi itu jadi ieu, ngaing anu ngabélaan. Basa kolot sia hayang dunya brana anu henteu kaitung, ngaing anu ngusahakeun. Ayeuna, sia duaan bogana ngaing,” ceuk Euis, éh jurig nyiliwuri, ngirung. “Matak sia duaan mah jomblo salawasna, da ngaing anu boga maranéh mah.”

Eta ramo ranggoas antel kana pipi. Cep tiis. Kuring ngagoak bari tulung-tulungan. Tapi taya sora anu kaluar. Basa huntu ranggéténgna ngadeukeutan, renghosna bau bangké, les wé kuring mah teu inget nanaon deui.

Lilir-lilir téh jam salapan isuk-isuk. Eta ogé dihudangkeun ku urang lembur anu rék ka kebon. Kunaon cenah aya mobil sisi pakebonan bari panto hareupna maruka. Inget ka kajadian tadi peuting, kuring ngagoak ceurik bari tutunjuk batur kuring anu diuk di hareup leungit. Ari pék Joy aya anu manggihan keur ngagolér handapan tangkal caringin, gigireun kuburan heubeul cenah.

Ti harita Joy mah linglung. Kuliah ogé apan kapaksa cuti. Diajak ngobrol ku saha waé ogé henteu nyambung. Ngomongna téh hayang ka Euis deui hayang ka Euis deui. Basa kuring ngadongéngkeun saha ari Euis, Joy mah henteu percaya. Loba pananya anu pabaliut dina sirah téh. Tapi anu paling inget mah, hayang bisa solat hayang bisa ngaji. Tapi ti leuleutik, boh kolot kuring boh kolot Joy, can kungsi ngaji can kungsi solat, najan agamana mah Islam. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: