• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Muhlas, M.Hum.;

Puasa, Nguatan Ruhani
Keur Ngariksa Démokrasi

Kénging RH. Tarmidzi
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. Muhlas, M.Hum [Potrét/Ilustasi: ]

Pésta démokrasi geus lekasan. Tapi, lain hartina eureun tina pasualan. Balukarna, loba nu ‘karérab’ ku koméntar para pihak nu masih ngajagokeun kandidat séwang-séwangan. Kumaha upama dina sasih puasa? Naon palajaran puasa keur ngariksa pésta demokrasi? Dr. Muhlas, M.Hum., Ketua Jurusan Aqidah & Filsafat Islam UIN SGD Bandung nepikeun kamandangna ka Manglé.

Nyaritakeun Islam di Indonésia teu bisa dipisahkeun jeung nagara. Lantaran kitu, kekecapan ulama umaro, dina mekarkeun bangsa ogé teu bisa dipisahkeun. “Sanaos peranna bénten, namung ulama sareng umaro/pamaréntah, tetep teu tiasa dipisahkeun dina kahirupan," cék Muhlas, M.Hum., waktu tepung di kampus UIN SGD Bandung.

Hartina, ulama boga kawajiban sangkan rayat boga haté bersih, loba pangaweruh jeung mulya ahlakna. Sedengkeun pamaréntah mah boga kawajiban sangkan rayat raharja, tingtrim, nanjeurkeun kaadilan, jeung mawa wibawa nagara nu mandiri tur nu dipikaserab ku nagara deungeun. "Kantenan, supados nagara subur ma'mur karaharjaaan, atuh ulama jeung umaro kedah mampuh ngalaksanakeun kawajibanana. Dina hukum sajarah, hiji nagara tiasa ancur lantaran ulama jeung umaro tos patojaiyah," ceuk ieu Master lulusan Universitas Gadjah Mada bari ngingetan, yén conto tuladeun mingkin deui mingkin laleungitan, lantaran lir dipaksa kudu nuturkeun kahayang ismeu-ismeu globalisasi.

Dina nyanghareupan kaayaan nu harénghéng kitu, ceuk ieu Ketua Jurusan Aqidah & Filsafat Islam UIN SGD Bandung mah, payus upama ngaréngsékeun pasualan bangsa bisa ngalap hikmah tina kaagungan bulan Puasa. Komo ngabandungan kaayaan pulitik bangsa, rencana KPU gé bakal netepkeun pamingpin nagara téh tanggal 22 Méi 2019, anu meneran dina bulan puasa. Tangtu palebah dieu, bakal méré pesen ka masing-masing paslon supaya ti ayeuna nepi ka waktuna, kudu mampuh puasa, imsak atawa ngeker diri tina rupa-rupa nu matak ngabengkahkeun rajawisuna. "Sasih saum kanggo nu gaduh akal tiasa janten obat kanggo nyingkahan kaayaan harénghéng. Kahiji puasa ngajarkeun sangkan patuh pengkuh kana aturan, boh agama boh darigama. Kadua, ngalatih disiplin diri, kulawarga sareng balaréa. Katilu, ningkatkeun ngaji diri jeung ngaji rasa, sangkan ngagaduhan sipat welas asih ka sasama. Kaopat, keur ngaronjatkeun kasadaran ruhani sangkan diri ngarasa dipencrong salawasna ku Gusti Alloh Swt.," pokna tandes.

 

Puasa, Ngingetan Pamingpin

Tumali jeung harepan bangsa ka hareup, mémang aya dina harepan ketak pamingpinna. Lantaran kitu, hasil pésta démokrasi ogé, upama disawang tina hikmah puasa, kudu ngalantarankeun tumuwuhna pamingpin nu boga sipat-sipat kapangéranan. Sapertina baé, adil dina ngalaksanakeun amanat (teu cueut ka nu hideung, teu ponténg ka nu koneng, teu laas ka nu bodas). Jujur dina ngokolakeun rupa-rupa anggaran. "Ogé nu penting deuih kedah teuneung ludeung taya karempan dina nanjeurkeun bebeneran, welas asih ka rahayat bari dibarengan ku leuleus jeujeur liat tali tur landung kandungan laér aisan, nyatana asak tinimbangan dina nyieun kaputusan," pokna deui.

Hartina, upama nilik ka dinya, atuh calon pamingpin ogé bakal leuwih hadé upama bisa ngalaksanakeun sagala ajaran moral nu aya dina bulan puasa, saperti ihlas/wening galih dina ngabdi ka rahayat, jujur tur taat kana aturan, adil tur wani nanjeurkeun bebeneran.

Napak kana papagon agama, saperti ajaran puasa, ceuk ieu Ketua Yayasan Manar Al-Ummat Ciamis, payus jadi cekelan para pamingpin. Lantaran tugas pamingpin téh beurat, atuh sarat jeung kamampuh ogé kudu jinek. Henteu kawas nu bijil tina beulah batu, asal daék jeung ujug-ujug. Nurutkeun Muhlas, M.Hum., pamingpin sawadina mampuh ngalarapkeun papagon sakumaha nu ditétélakeun dina tujuan puasa. Di antarana, taqwa (mung sieun/taat ka Pangéran wungkul), cerdas (inteléktualna, émosionalna, spiritualna, ogé cerdas dina sosialna), tur pinter syukuran. "Janten upami tilu tujuan puasa tacan kapibanda, hartosna tebih kénéh kana darajat abidin, arifin, mukhlasin. Paling ogé nembé kagolongkeun mubtadi’in, nu tacan mampuh ngawujud dina kasoléhan sosial," ceuk ieu dosen Aqidah Filsafat UIN SGD Bandung témbrés.

Pamingpin payus jadi pinunjul keur nyontoan rayatna. Tapi sanajan kitu, kumna umat ogé tetep boga tugas khalifatulloh fil ardli.  Pangna kitu, ceuk ieu carogé Nia Yuniarti, S.Ag, mah, nyebarkeun agama (utamina dina bulan Puasa) ogé ulah diheureutan ku kagiatan sérémonial wungkul, tapi kudu pepek sok sanajan teu papak. "Margi kitu, kagiatan kaagamaan nu tiap tahun tara suwung ogé, langkung saé upami neueulkeun kana atikan budi pekerti. Kituna téh supados rayat sadar kana kawajiban sareng hakna salaku abdi agama ogé abdi nagara," ceuk Dr. Muhlas bari ngingetan deui.

 

Peurih Jadi Peurah

Dr. Muhlas, M.Hum. pituin Cikoneng Kabupatén Ciamis. Lahir 25 Méi 1973. Ti keur leutik kénéh, ramana bapa E. Hamdani sareng ibu Siti Jahronah, teu weléh mapagan hirup daria sangkan jaga tinemu bagja. Upama ayeuna jadi Doktor kalawan mancén Ketua Jurusan Aqidah Filsafat, Muhlas ogé teu poho ka bali geusan ngajadi. Sok reueus mun nyebutkeun dirina urang kampung téh, da mémang kaayaan pakampungan deuih nu ngalantarankeun dirina gedé sumanget jeung boga modal kaludeung saterusna. 

Enya, ceuk Muhlas, keur leutik mah teu ngimpi-ngimpi acan bakal kawas ayeuna, nu alhamdulillah dikersakeun Gusti Alloh Swt. dugi ka dipercanten mancén kalungguhan di paguron luhur. Da, baheula mah cita-cita gé cukup hayang jadi pangusaha biasa. Atuh, keur leutik ogé saperti barudak lianna, waktu téh érép babantu ékonomi kulawarga. Malah Muhlas mah geus biasa babantu sepuh téh.

Upama nineung ka baheula kalan-kalan sok teu wasa. Atuda rumasa, Muhlas mah lain ti kulawarga aya. Komo, sanajan bareng jeung indungna, tapi Muhlas mah sasatna dirorok ku aki jeung ninina. Lantaran, takdir nu teu bisa dipungkir, ibu ramana pipirakan, nu ahirna ramana mah nganjrek di Pandeglang. Atuh Muhlas mangsa leutik ogé, kudu marengan indung, aki ninina, bari babantu sakaduga-dugana.

Dina kaayaan saperti kitu, sakapeung, Muhlas gé ngarasa hayangna kawas batur, hayang boga duit, hayang boga sagala. Ngan nya kitu, bati hayangna wé wungkul, da jajauheun kana kasorang mah. Pangna kitu, remen pisan, sanggeus balik sakola, sok ngawanikeun karep hayang diajar ludeung. Sasatna keur babantu aki nini jeung ibuna, Muhlas mah biasa,  sok buburuh ngalaan cai, ngajualan suluh, dagang candil, ogé jualan bubur. Hasilna? lian ti bisa babantu ibuna, ogé loba pangalaman bahan pieuteungeun bekel jaga.

Pangalaman peurih ahirna jadi peurah. Sasatna tina kuatna pangjurung doa ibu ramana, Muhlas gé terus sumanget diajar. Dina ingetanana, upama nineung ka mangsa bihari mah, loba carita nu sok teu wasa nyaritakeunana. Atuda, sasatna ngalaman hirup peurih, jauh jeung nasib batur mémang lain béja. Tapi da mungguh hirup nu moal cicing dina hiji kaayaan, Muhlas ogé tetep gedé harepan jeung tigin, pangpangna dina sual ngaji agama. "Malihan nuju alit mah, waktos ngaos ka sepuh atanapi ka aki ka nini, mun teu bisa téh sok dijebréd atawa di ciduhan sagala. Tapi alhamdulillah karaosna mah ayeuna, janten peurah," ceuk Muhlas nineung.

Indung tunggul rahayu bapa catang darajat. Atuh keur ieu urang Dusun Babakan Cikoneng Ciamis mah, karasa pisan pangjurung doa indung bapa. Kitu deui ti aki nini, nu teu weléh mapatahan sangkan jaga bisa hirup nu mangpaat keur nu lian, kudu méré kabungah keur nu lian, ogé sanajan hirup basajan, tapi tetep kudu boga harga diri. Pangna kitu, sepuhna, pangpangna indungna ngajurung pisan, sangkan Muhlas tetep boga sumanget nyiar élmu, terus ngaji jeung sakola nepi ka jucungna.

Satamatna ti SDN II, SMPN Cikoneng, atawa ti SMAN 1 Ciamis, ahirna bisa neruskeun kuliah ka IAIN SGD Bandung (UIN ayeuna mah). "Karaos pisan, alatan pangjurung doa sepuh sareng nyekel pageuh kana papatahna, alhamdulillah saterasna mah lungsur langsar," ceuk Muhlas deui.

Bisa kuliah di UIN, ahirna beuki buleud cita-cita, geusan junun tur bisa ngangkat darajat kulawarga. Atuh saréngséna kuliah, keur nyumponan harepanana, ieu pangarang buku 'Dasar Logika' diajar élmu tasawuf di sababaraha pasantrén, saperti di Darussalam Canggoang Pandeglang, Al-hikmah Ciinjuk Pandeglang. Kétang!, di dinya mah lain waé ngaji tasawuf tapi ogé nu séjénna, saperti élmu alat, fiqh, tauhid, ogé nyukcruk élmu has banten. Perenah masantrén deuih di Nurul Huda Cinangsi Ciamis ogé di Baitul Hikmah Haurkuning Tasikmalaya "Alhamdulilah tina masantrén di sababaraha tempat tiasa nambih pangaweruh, sareng pangalaman diri nu luar biasa," pokna. Kersaning Gusti Alloh nu Maha Kawasa, sabada masantrén, gurat lampahna bisa nganteurkeun diangkat PNS keur ngabdi jadi dosen di UIN SGD Bandung.

Meunang jalan kahirupan saperti kitu, tapi ari kana élmu mah, ceuk ieu ramana Nabila Fadlla Ilahiya, Muhammad Nizam haq, Akhfa Auliya Malakiyana, Muhammad Shadr Isyraqi, jeung Salma Agem Bestari, tetep asa kurang baé. Pangna kitu, bari ngabdi di UIN ogé, taun 2000-an neruskeun S-2 ka pascasarjana di UGM Yogyakarta widang Studi Humaniora, sarta S-3 Doktor ti pascasarjana UIN SGD Bandung. "Utamina, diajar di UGM, tiasa ngarojong kana giat diajar, pangpangna sual kamampun ngajénan ka sasama. Apan di éta tempat bisa silih tuker pangaweruh jeung urang deungeun nu béda-béda pasipatan," pokna. Kiwari, sabada balik deui ngadosenan di almamaterna, Dr. Muhlas bari nyekel pageuh prinsip hirupna 'jaga diri jeung kahormatan, sangkan hirup bagja dunya ahérat', dipercaya nyangking sababaraha pancén, saperti sekretaris jurusan Aqidah Filsafat, sekretaris jurusan Sosiologi, jeung kiwari Ketua Jurusan Aqidah & Filsafat Islam nincak periodeu kadua kalina. Tugas utamana, ngajurung mahasiswana sangkan tumuwuh karakter nu béda jeung nu lian, nyaéta dina cara mikir, boga wawasan global, tur milampah jeung ngajénan kaarifan lokal.

Tapi sok sanajan sibuk pancén di kampus, ieu pangarang 'Filsafat Bahasa' ogé 'Intoleransi Keagamaan di Media Masa', teu poho kana kaayaan lemburna di Ciamis, saperti mupuhuan yayasan Manar al-Ummat, pangawas Koperasi Serba Usaha Ummat, Wakil Ketua BPD Desa Cikoneng, ogé pembina PT. Star Koin One. "Margi lingkungan lembur nu nyumangetan kaludeung nyiar élmu, Insya Alloh ngabdi ka lembur mah bakal teras," pokna nutup obrolan.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: