• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Arief Anshory Yusuf, S.E, M.Sc., Ph.D.

Ékonomi Jawa Barat
Sina Wani Balap

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Arief Anshory Yusuf, S.E, M.Sc., Ph.D. [Potrét/Ilustasi: Dok. Pribadi]

Ngokolakeun ékonomi Jawa Barat, kudu wani ngadu jeung balap. Pangna kitu, maheutkeun poténsi alam, SDM jeung niléy-niléy budaya kasundaan, payus jadi modal penting keur numuwuhkeun kamandirian ékonomi Jawa Barat. Kitu di antara jejer obrolan jeung pakar ékonomi Prof. Arief Anshory Yusuf, S.E, M.Sc., Ph.D.

***

Kaayaan alam, saperti taneuh, keur urang Sunda mah, lain ukur padumukan, tapi deuih lahan usaha, geusan hirup jeung huripna. Pentingna lahan, kagambar dina kahirupan Sunda ti mangsa ka mangsa. Apan, lembur gé disebutna téh banjar karang pamidangan, atawa bali geusan ngajadi. Atuh, gambaran kamamuran gé, saperti ceuk kekecapan kolot, buncir leuit réa duit, loba ketan loba keton. Ngan, ayeuna mah, loba nu baroraah buncir leuit (loba paré), da lahanna gé teu baroga.

Kiwari, mémang lain bihari. Gambaran kabeungharan alam Jawa Barat ogé, kiwari mah beuki robah, malah boa bakal kari dongéngna. "Mémang kapungkur mah Jabar téh katelah beunghar. Namung ayeuna mah tos robih. Paling ogé tiasa disebat lahan subur, sapertosna waé subur kanggo tatanén. Kiwari, pami ningal aktivitas ékonomi di Jawa Barat, henteu deui neueulkeun kana pertanian. Daérah padésaan Jabar tinggal 30-an persén, salangkungna tos pakotaan. Palebah dieu, kantenan Jawa Barat kantun gaduh poténsi SDM nu éta ogé ajénna mah tacan jadi kaunggulan," ceuk ProfArief Anshory Yusuf mimiti nyarita.

Hayang tepung jeung Prof. Arief nu ogé pupuhu Indonesian Regional Science Association (IRSA) mémang teu babari. Lantaran saabreg kasibukanana, nu harita ogé keur jadi nara sumber workshop 'Ekonomi Maritim Indonesia Untuk Indonesia Emas 2045' di hotél Papandayan Bandung. Tapi sanajan kitu, ieu panitén ékonomi teureuh Sunda, nyempetkeun waktu keur Manglé, pangpangna nepikeun kamandangna dina pasualan robahna alam pangaruhna kana patalékan ékonomi di tatar Sunda.

Robahna alam, ngalantarankeun robahna kawijakan. Pangna kitu, ceuk ieu Guru Besar Ekonomi Universitas Padjadjaran ogé, utamana pihak pamaréntah Jawa Barat sawadina bener-bener kudu mampuh nalingakeun kaayaan, mana nu penting, mana nu henteu. Kitu deui, program mana nu bakal mampuh keur cara ngungkulanana.

Upami, Profesor Arief boga panitén kitu, lantaran nu katémbong salila itu, poténsi Jawa Barat jeung ketak SDM na can jadi harepan. Ieu Doktor wedalan The Australian National University, Australia ogé ngajelaskeun sababaraha pasualan. Kahiji, tingkat pendidikan Jabar nu handap kénéh, éléh ku propinsi-propinsi séjénna di pulo Jawa. Kadua, lolobana SDM Jabar saukur pagawé nu kaahlianana dihandap kénéh, malah aranjeunna buruh-buruh pabrik atawa di sektor jasa di perkotaan nu panghasilanana handap, buruh-buruh konstruksi nu gawéna musiman, tur pangusaha leutik nu hasilna saukur mampuh keur nyumponan pangabutuh poko di kulawarga. Kitu deui, Jawa Barat nu padumukna panglobana di Indonesia, tingkat nu ngalanggur ogé mingkin ningkat. "Jabar rélatif tos teu beunghar deui, sareng rayatna tacan raharja, paling karasa ku wawaréhan jalmi," pokna bari ngingetan.

Kamekaran ékonomi Jawa Barat dina mangsa Otonomi Daerah, sawadina mampuh némbongkeun ketak pamaréntahna dina ngamajukeun daérahna. Kitu deui palebah kagiatan ékonomi rahayat ogé, teu bisa leupas tina kawijakan pamaréntahna. Sapertina waé, para patani dina ngolah lahanna, apan teu bisa sosoranganan, tapi butuh pihak nu mawa hasil piraharjaeun. Pangna kitu, ceuk ieu konsultan ékonomi Asian Development Bank jeung BAPPENAS, pamaréntah daerah Jawa Barat boga kawajiban pikeun muka lawang sistem ékonomi pasar, tapi lain keur ngatur langsung nangtukeun harega. "Hartosna, peran pemda Jabar kedah nataharkeun infrastrukturna. Kituna téh sangkan pasar tiasa lancar kalawan hadé jeung kompetitif. Wangun jalan supados supply lancar, bebenah sistem transportasi pakotaan jeung padésaan ogé konéksina, modernisasi pasar-pasar sangkan para padagang jeung konsumen, sarta ayana sistem nu mampuh nalingakeun harega (on-line, real time), utamina bilih aya indikasi persaingan nu teu séhat téa," ceuk Prof. Arif ngingetan deui.

 

Ngajénan Usaha Salembur

Dina kahirupan ayeuna, pangwangunan lain sakadar ngudag kamajuan, tapi ogé langgengna mangpaat éta pangwangunan. Ceuk kekecapan urang Sunda mah, mun butuh supana kudu daék miara catangna. Pangna kitu, dina matéahkeun jeung miarana, saperti dina mekarkeun ékonomi Jawa Barat ogé sawadina ulah mopohokeun kana pentingna ngajénan usaha dulur sa tatar Jabar sorangan. "Lian ti modal finansial jeung modal manusa, dina ékonomi aya ogé modal sosial. Salah sawiosna social network, saperti tumuwuhna kanyaah dulur sorangan. Tangtos ieu ogé kedah dipiara, margi tiasa ngawujud kana kagiatan ékonomi," pokna.

Kamandang Prof. Arief kitu, lantaran nu témbong mah, geuning nu arusaha atawa aktivitas ékonomi jeung kota-kota utama di Jawa Barat, lir nu teu karasa ku urang Jawa Barat, tapi karasana mah ku deungeun jeung sababaraha jalma. Ninggang dina kaayaan kitu, ceuk ieu lulusan S2 University of London mah, deui deui pamaréntah daérahna kedah tetep ngahiji jeung rayatna, henteu mihak ka nu séjén deui.

Nu arusaha jeung kahirupan rayat, mémang butuh 'panyalindungan' pamarentahna. Saperti dina sual harga-harga kabutuh dasar, apan keur rayat leutik mah karasa pisan. Palebah dieu, Prof. Arief ogé teu ngabibisani sual dampak harega keur rayat leutik. Tapi sual parobahan harega, jinekna mah ditangtukeun ku pasar, dina hal ieu kakuatan permintaan jeung panawaran. Palebah dieu, ceuk Peneliti tamu di Bank Indonesia Institute Jakarta, pamaréntah saukur bisa ngatur sababaraha jenis nu éta ogé sawaktu-waktu. Sapertina waé dina waktu-waktu mapag lebaran, atawa palebah ngatur harga BBM. Da, peran pamaréntah nu penting mah, nyaéta mastikeun kompetisi nu hadé antara padagang jeung pangusana, sangkan undakna harega teu jadi kaulinan sawaréh pangusaha atawa monopoli pasar. Kitu deui keur pamaréntah daérah, nu sarua mantuan mastikeun kompetisi nu hadé.

Matéahkeun ékonomi daérah saperti Jawa Barat, hartina sawadina keur karaharjaan rayat Jawa Barat. Pangna kitu, upama Jabar katelah saukur jadi pakalangan ékonomi deungeun, ceuk Prof. Arief, mudah-mudahan jadi dorongan kuat sangkan ékonomi di Jabar loba pupurieunana keur rayat Jabar.

Ku kituna, dina salahsahiji kakuatan panggédena pamaréntah nyaéta sual anggaran, pamaréntah Jabar ogé kudu mampuh mastikeun balanja kalawan progresif. Hartina, sipatna ngurangan timpangna ékonomi, saperti pangusaha leutik jeung pangusaha gedé ulah lir pacingkrak ngalawan merak. Kitu deui, ceuk ieu teureuh Bandung, lantaran kabeungharan Jabar aya dina manusana lain alamna, atuh ékonomi modern, industri jeung jasa di pakotaan kudu jinek dihangkeutkeun. "Lantaran mingkin loba nu ka kota jeung geus jadi pakotaan, payus upami pemda ogé ngawangun infrastruktur pakotaan nu soméah keur rayat leutik. Kitu deui, ayana transportasi publik nu saé, MRT, LRT jeung sanésna, supados mobilitas rayat tiasa hémat.Uleh dugi seueur nu tinggal dibédéng-bédéng deukeut pagawéanana pédah teu cukup ongkos. Pastikeun investasi-investasi untungna keur urang Jabar. Pastikeun nu bisa muka lowongan gawé keur urang Jabar, kalawan buruhna cukup, jeung sajabana. Kituna téh, sangkan urang Sunda henteu walurat nu ogé budak jeung incuna bakal kabawa walurat," pokna tandes.

 

Hirup Ngalap Mangpaat

Prof. Arief Anshory Yusuf, S.E, M.Sc., Ph.D, lahir di Bandung, 19 Oktober 1972. Keur leutik mah teu ngimpi-ngimpi acan rék junun saperti ayeuna. Da, saperti barudak séjénna, Cecep (kitu lalandian keur leutik mah), diaping sepuhna (Ibu Sitti Mariam sareng bapa Yusuf Hadim) jeung diajar ogé sarua jeung batur. "Kapungkur mah paling sok resep maca baé, saperti Majalah Bobo, Hai, komo kana maos Majalah Manglé mah," pokna nineung. Atuh ieu putra kahiji tina tilu sadulur, nu jadi tékad geusan suksés kuat, lantaran napak dina papatah jeung doa sepuhna. "Nu penting hirup mah kedah masih kamaslahatan ka batur," ceuk Prof. Arief, nineung ka mangsa bihari.

Meunang papatah kitu ti sepuhna, dibarengan jeung nalingakeunana, Arief ogé tigin diajar pangpangna di sakola, saperti waktu SD, SMPN 16 Bandung, SMAN 1 Bandung. "Kétang, margi kulawarga waktos alit kénging ujian, nu ahirna pun biang kedah pipirakan, atuh seueur sareng pun biang sareng Apa Rohmat (kawalon). Karaos pisan, anjeunna nu seueur mapagahan dugi ka ayeuna. Kantenan kénging kanyaah anu teu aya wates sareng tanpa syaratna, janten modal pribadi supados tetep ngajalankan sagala papatahna, ku cara ningalikeun préstasi," pokna deui.

Satamatna ti SMA, harepan langsung kuliah, harita mah teu katedunan. Lantaran kitu, sataun mah eureun heula, bari diajar dadagangan. Cara kitu, keur Arief gé teu ngawagu, saperti perenah jadi tukang sablon, nyieunan jeung narima pesenan stiker.  Kakara taun hareupna, bisa abus kuliah ka Jurusan Ekonomi Unpad. Atuh lian ti diajar ékonomi, ogé resep kagiatan jeung manjangkeun silaturahmi, saperti aktip di Hima Ekonomi Studi Pembangunan Unpad.

Beuki loba neuleuman élmu pangaweruh kalawan didorong doa sepuhna, Arief ogé beuki taun 1998 kabiruyungan pibagjaeun, diangkat jadi PNS keur ngabdi dosen di almamaterna.

Ti dinya, élmuna beuki nambah jeung karirna terus nerekel. Malah bisa neruskeun kuliah S2 di University of London, Inggris jeung S3 The Australian National University, Australia.

Ketak jeung pangalaman kitu, Juni 2017, Dr, Arief ahirna kénging anugrah profesor widang paélmuan Ekonomi Sumber Daya Alam.

Kiwari, ieu pangarang buku 'Keadilan Untuk Pertumbuhan, Kerentanan Perubahan Iklim di Asia Tenggara, ogé 'Green Accounting and Sustainable Development', lian ti ngabdi di kampusna Unpad, ogé sibuk jadi nara sumber sareng ngabdi di sababaraha tempat, kaasup sering diangkir ka mancanagara. Saperti di King’s College London, Rikyo University Tokyo Jepang, dosen senior tamu di The Australian National University, Presiden Indonesian Regional Science Association (IRSA), Peneliti tamu di Bank Indonesia Institute Jakarta, Anggota Akademi Ilmuwan Muda Indonesia (ALMI), ogé mancén Konsultan ekonomi di Asian Development Bank dan BAPPENAS.

Dina ngigelan jeung nalingakeun nasib ékonomi bangsa, ceuk ieu carogé Arriya Mungsunti turunan Thailand – Australia, tetep geusan nalungtik bangsa sangkan boga komara di internasional. Kitu deui geusan ngabantu generasi para ékonom anyar, sangkan SDM na bener-bener ngangkat darajat bangsa, nu lain saukur raharja tapi ogé napak dina kaadilan.

Sanajan sibuk ku rupa-rupa kagiatan, Prof. Arief oge teu poho ka kulawarga. Saurna, penting kacida nyempetkeun bareng kulawarga, saperti upami aya waktu jalan-jalan, teu weléh dibarengan ku garwana. Lalampahan jeung karir Prof. kiwari teras nanjung. Ngan, sanajan kitu, keur pribadina mah, nu penting hirup mah kudu napak dina prinsipna. "Kahiji, istiqomah dina ngajagi integritas akademik. Kadua, margi hirup di dunya mah moal lami, atuh niléy hirup éta  kedah janten warisan dina peradaban jeung kamanusaan," ceuk Prof. Arief nepikeun prinsip hirupna.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: