• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si.;

Dulur Sabangsa
Waktuna Silih Lubarkeun

Kénging RH. Tarmidzi
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. H. Dadang Kahmad [Potrét/Ilustasi: rudi]

Ilaharna, béda pilihan ngabalukarkeun pacéngkadan. Tapi sanajan kitu, ulah nepi ka pegat duduluran. Malah saterusna mah kudu silih lubarkeun! Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung Cendekiawan Muslim teureuh Bandung Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si.***

Pilihan langsung di ieu bangsa, geus lekasan. Tapi sanajan kitu, 'panasna' can tutug carita. Sapertina waé, dina lalakon pilpres mah, apan masih nyésakeun pasualan nu bisa jadi ngalantarankeun pacéngkadan. “Saleresna, di masarakat handap mah tos tiis. Atuh nu panas mah di tingkat luhur téa. Mudah-mudahan bangbaluh haté tina rupa-rupa tiasa énggal réngsé,” ceuk Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si. mimiti ngobrol di bumina daérah Cipadung Cibiru Kota Bandung.

Hayang tepung jeung ieu cendekiawan muslim nu ogé lila jadi Guru Besar UIN SGD Bandung, mémang kiwari mah teu babari. Lantaran saabreg kasibukanana dina ngokolakeun Muhammadiyah Puseur Jakarta. Harita ogé, nyempetkeun waktu sabada réngsé pangajian ti Sumatera Selatan.

Niténan pasualan kiwari, pangpangna pangaruh tina pilihan presiden, ceuk Prof. Dadang, sabenerna ukur bagian tina lalampahan bangsa dina nangtukeun kapamingpinan. Da, nu leuwih penting keur balaréa mah, sabada pilihan téa, sangkan pamingpin anyar jadi cukang lantaran kamaslahatan masarakat sakumna. 

Najan kitu, ceuk ieu pakar Sosiologi Islam, lain hartina taya nu misti dibebenah. Da, remen kasaksén, pilihan nu lumangsung ku masarakat téh, nyésakeun pasualan-pasualan anu bisa ngabarubahkeun balaréa. “Kumaha beuratna pasualan, dulur sabangsa kedah ngahiji, kalawan leres-leres dingawitan deui ku silih lubarkeun," ceuk ieu Ketua Muhammadiyah Puseur gedé harepan.

Larapna pilihan mémang loba rambat kamaléna. Milih atawa ngokolakeun hasil pilihan, upama teu jeung jeujeuhan, tandaning ajén pilihan téh aya nu misti dibebenah. Atuh, palebah dieu ogé, nu kawajiban, kudu leres-leres panceg na galur.

Mémérés bangsa sawadina ogé mampuh ningtrimkeun kaayaan. Henteu sabalikna, malah nyésakeun pasualan. Pangna kitu, ceuk ieu Profesor teureuh Calingcing Limbangan Garut, metakeun ukhuwah atawa maheutkeun duduluran kudu tumuwuh jadi kasadaran nu tuluy tuluyan. "Kantenan, silaturami bangsa, kedah teras, teu cekap sakali. Malihan payus upami aya rékonlisiasi nasional téa. Insya Alloh, tali kawargian dulur sabangsa bakal kiat deui," pokna.

 

Butuh Conto Tuladeun

Peta politik Jawa Barat di pacaturan nasional, mémang béda. Kituna téh saperti waé tina hasil sora Pilres 2019. Tapi lantaran masarakat Jabar nu soméah, mandiri tur teu bisa dipastikeun, atuh dina aya bédana politik pamingpin jeung kaayaan masarakatna, ceuk Prof. Dadang mah, teu masalah. Atuh pangaruh panasna politik kamari ogé, mudah-mudahan bakal gancang tiisna, saperti nu témbong di masarakat.

Palebah dieu, tarékah-tarékah Jawa Barat nu tetep tingtrim, ceuk ieu pangarang sababaraha buku kaislaman, kudu jadi kasadaran masarakat Jabar sakumna. Sahenteuna aya tilu peranan penting nu mangaruhan Jawa Barat tingtrim.

Kahiji, ketak pamingpinna. Ceuk Prof. Dadang pamingpin sawadina ngaheulakeun kapentingan balaréa batan ngeukeuhan kakawasaan. “Upama pamingpinna sineger tengah, di tingkat rahayat gé moal dugi ka nimbulkeun pacéngkadan,” ceuk ieu pakar Sosiologi téh.

Upama panitén Prof. Dadang kitu, lantaran luyu jeung rupa-rupa polah nu kabandungan kiwari. Atuh keur ka hareupna mah, pamingpin di Jawa Barat ogé bener-bener keur kamaslahatan balaréa. Dina harti, dina ngalarapkeun ketakna henteu cueut ka nu hideung henteu ponténg ka nu konéng, tapi kum keur sakumna warga Jawa Barat. Komo deui dina nyanghareupan kaayaan nu harénghéng kitu, apan pamingpin téh kudu mampuh bisa ngungkulan éta pasualan. “Conto tuladeun ti pamingpinna penting kacida, kalebet kategasanana baris tiasa nyegah hal-hal nu matak ngarugikeun balaréa,” pokna tandes naker.

Kadua, nganteur pasipatan masarakat nu pengkuh tur cerdas dina ngajaga lembur jeung resep akur jeung dulur. Ayana kakuatan rayat kitu, ceuk Prof. Dadang éta ogé penting keur nyegah pacéngkadan. Katilu, peran kampus atawa lembaga kaagamaan tempatna para cendekiawan. Palebah deui kaum cendekiawan, bisa nuyun jeung ngoboran, sangkan bener carana mikir jeung ngingetan polah nu salah. Lantaran, ketak paguron luhur, ceuk Prof. Dadang Kahmad, lian ti gudangna élmu, ogé kudu mampuh matéahkeun kacerdasan sosial. Henteu sabalikna, dunya kampus malah milu nghileudan atawa ngaliarkeun taleus ateul téa.

Tapi dalah kitu, keur Prof. Dadang mah, gedé harepan, yén dulur sabangsa atawa sabudaya di Jawa Barat, bakal gancang silih lubarkeun. Lantaran, ngaliwatan budaya Sunda, nyampak padika hirup silihajénan. Hartina, masing-masing pihak gé rumasa, moal bisa hirup sosorangan. Atuh, dina nyumponan angen-angen gé, écés pisan butuhna ku pihak séjén deui. Saperti ceuk pupuh pucung, ‘utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri.

 

Polah Sineger Tengah

Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si. teureuh Limbangan Garut, gubrag ka dunya 5 Oktober 1952, dina mangsa tujuh taun mun diitung tina waktuna proklamasi 1945 mah. Dina niténan rupa-rupa kahirupan, mémang kiwari lain bihari. Tapi Prof. Dadang ogé ngauatan harepan, yén hirup mah darma wawayangan. Lantaran, manusa dina usik malik, aya anu ngatur..! Hartina, sagala rupa nu tumiba ka dirina, éstu kersaning Gusti Nu Mahasuci. Da, manusa mah ukur bisa ihtiar nyampeur sugan reujeung sugan.

Dina ngalampahkeun padika hirup, Prof. Dadang teu weléh ngadoa jeug usaha nu diadumaniskeun dina sagala paripolahna. Ku lantaran kitu, nyanghareupan naon-naon gé, Prof. Dadang mah teu sing getapan, teu sing hareugeueun, teu sing ngarasa honcéwang.

Tapi sanajan kitu, angger dadasar hirup mah tetep kudu basajan. Anapon dina élmu, H. Dadang Kahmad gé ngarasa, loba kanyaho beuki karasa loba tunana. Kacindekan kitu, tapi ahirna jadi cukang lantaran bogana kaludeung dina nyuprih élmu jeung nepikeun pamanggih. Atuh kangaranan élmu manusa, kalan-kalan can tangtu bener. Lantaran, dina masing-masing boga pamanggih anu béda, buktina mah salah jeung bener mah jaga, dipayuneun Pangadilan Nu Mahakasawa.

Atuh dina ngabandungan nu laluhung élmu, H. Dadang Kahmad boga kayakinan, élmu téh mawa manusa engeuh kana jati dirina. Nungtun kasadaran manusa salaku mahluk Pangéran. Mun kiwari H. Dadang Kahmad bisa ngalap mangpaat tina campur gaul jeung nu laluhung élmu saperti di Muhammadiyah Puseur, tangtu wé lain sakadar pangaweruh. Satutas nyaho mah, apan kari larapna. Nya ku lantaran kitu, deuih dina sapopoéna gé teu jauh tina kabasajananana.

Lian ti némbongkeun ahlak nu basajan, Prof. Dadang ogé tigin kana agama (Islam). "Agama teu sing matak beurat. Lantaran ayana gé keur kamaslahatan umat," pokna témbrés. Malahan, aturan-aturan agama nu kaunggel dina al-Quran jeung Hadist Rosullulloh SAW, mémang ngagambarkeun agama téh rohmatan lil ‘alamin. Hartina, ayana agama (Islam) téh geusan kapentingan manusa sakumna.

Nu ngagem agama Islam, sawadina jadi kokojo jeung mokalan saniskara tarékah geusan ngawujudna éta ageman jadi rohmat keur sakumna alam. Mangpapatna kudu karasa tur katara ku balaréa, boh ku nu ngagemna, ku nu lian, ogé lingkungan sabudeureunana.

Dina angen-angen Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si., agama kudu kawas obor dina lumampah dina petengna peuting. Hartina manusa kudu boga cahaya nu nyaangan ti mimiti miang, di satengahing perjalanan, jeung di tempat tujuan.

Paham kana anggapan kitu, dina implengan Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si. sawadina deuih jadi cekelan pikeun sakumna panganut agama, kaasup nu ngagem agama Islam. Komo deui keur juru dawah, nu ngajarkeun agama Islam, kudu mukakeun pikiran-pikiran umat sangkan méré lolongkrang pamanggih nu séjén ngeunanan hiji hal nu tumali jeung agama.

Lantaran, upama masing-masing teu nganggap bener sorangan, nya dina kaayaan kitu, agama bakal jadi pamatri duduluran, lain sabalikna. Ngan, upama pabedang-bedang, nganggap diri sorangan pangbenerna, nutup pamanggih nu lian, atawa nganggap pamanggih batur salah, agama gé bisa jadi mamala, bisa ngaruksak duduluran. Hartina, upama kajadianana kitu, agama nu mawa Rohmat téh, bisa ngabalukarkeun bancang pakéwuh dina kahirupan.

Dina nepikeun ajaran agamana, mémang H. Dadang Kahmad milih cara, lian ti ngawedelan kayakinan umat, deuih mukakeun panto toléransi kana pamanggih atawa paham séjén. Hartina, umat mémang kudu bener-bener yakin kana pamahamanana, ogé kudu paham, yén pamahaman manusa tetep kawatesanan ku kamampuhan masing-masing.

Dina ngadu pamanggih, sawadina teu ngarasa aing uyah kidul, teu sing ngarasa bener sorangan. Hartina, satutas yakin kana pamanggih kalayan dumasar kana pangaweruh nu kacangkingna, nya saterusna ngaharegaan pamanggih pihak séjén nu béda pamahaman jeung dirina. Tumali jeung ketak juru dawah, H. Dadang Kahmad mah leuwih percaya kana cara nepikeun ajaran titih rintih matak ningtrimkeun haté. Kituna téh, ceuk basa agama mah, Walao syaallohu lajaálakum ummatan wahidatan walaakin liyabluwakum fii maa ataakum, fastabiqul khaeroti, ilallohi marjiukum jamián fayunabbiukum bimaa kuntum fiihi tahtalifun, nu hartina: Pikeun saban umat ti antara maranéh Kami ngayakeun aturan jeung jalan. Upama Alloh ngersakeun mah, tanwandé maranéh dijadikeun hiji umat anu tunggal, tapi Alloh Swt. rék nyoba maranéh tina saniskara anu geus dipaparinkeun ka maranéh. Maranéh kudu paheula-heula ngalampahkeun kahadéan. Nya ka Alloh geusan pangbalikan maranéh sakabéh, sarta Alloh baris ngawartakeun ka maranéh tina perkara anu ku maranéh disawalakeun. (Al-Maidah: 48).

Kasadiaan silihajénan (toleransi), H. Dadang Kahmad mah didadasaran ku kayakinan, bebeneran nu utama mah, anging bebeneran Pangéran Nu Mahakawasa. Cohagna mah, masing-masing argumen téh puguh bule hideungna engké di pangadilan Gusti Alloh Swt.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: