• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. H. Dede Margo Irianto, M.Pd.

Ajén Guru
Kudu Jadi Kanyataan

Kénging Eep NR
Kintun kana Facebook
Mangle
H. Dede Margo Irianto [Potrét/Ilustasi: eep]

Maju mundurna pendidikan henteu leupas tina ketak guru. Nu dipalar lain ukur pinter uteukna wungkul, tapi kudu dibarengan ku hadé ahlakna. Kumaha kamekaran guru kiwari sarta ajén pendidikan sacara umum? Manglé ngolongan Dr. H. Dede Margo Irianto, M.Pd., Wakil Diréktur Kampus UPI di Cibiru. ***

Dunya pendidikan di nagara urang najan bisa disebutkeun henteu katinggaleun teuing, tapi ajénna perlu ditingkatkeun. Utamana dina pendidikan dasar sabab mangaruhan pisan kana pangwangunan karakter, kamotékaran sarta pangaweruh keur pendidikan ka hareupna. Hal kitu dilisankeun ku Dr. H. Dede Margo Irianto, M.Pd., Wakil Diréktur Kampus UPI di Cibiru, di kantorna, Jalan Raya Cibiru Km. 15 Kab. Bandung.

“Kaleresan sim kuring bagerak téh dina widang peningkatan guru pendidikan dasar, janten ngaraos asa langkung wanoh upami nyarios perkawis pendidikan di sakola dasar,” ceuk Haji Dede Margo anu ogé sering ulubiung dina panalungtikan anu aya kaitanana jeung pendidikan sakola dasar.

Nurutkeun H. Dede Margo, ngaliwatan pendidikan dasar dipiharep dasar-dasar kaélmuan leuwih kuat anu ka dituna bakal mampuh ngahasilkeun jalma jalma anu boga préstasi hadé sarta méré kontribusi dina pangwangunan di Indonésia.

Kahéngkéran anu paling karasa kiwari ceuk H. Dede Margo, utamana di daérah-daérah nyaéta kasang tukang pendidikan anu can ‘linier’. “Hartosna guru SD téh kedah anu parantos ngagaduhan kualifikasi S1 pendidikan guru sakola dasar,” cenah.

Teu héran upama loba nu boga pikiran jadi guru SD téh bisa ti mana waé. Padahal pikeun népakeun pangaweruh di SD anu karakteristik muridna sepesipik, “Diperyogikeun kaweruh anu sepesipik ogé,” ceuk ieu pituin Sunda kalahiran taun 1962 tandes.

Pikeun ngajanggélékkeun guru SD nu siap sagala rupana tangtuna tanggung jawab babarengan. Ngan anu paling boga otoritas keur nangtukeunana mah tetep pamaréntah. Sanajan ceuk H. Dede, beuki ka dieu téh leuwih alus. Hartina pamaréntah geus usaha satekah polah, pikeun ngawangun linieritas (guru SD ngabogaan ijasah S1 tina Prodi pendidikan guru sakola dasar) anu ngajar di SD bisa dilaksanakeun.

Baheula di UPI aya program keur mahasiswa anu geus lulus S1 Dik non PGSD atawa S1 non Dik pikeun kuliah deui di Prodi S1 PGSD, anu lamun geus tamat gelarna S.Pd. Program saperti kitu aya ogé di UT, ngan  lamun geus tamat gelarna S.Pd., SD.

“Nu peryogi ditingkatkeun téh sarana sareng prasarana. Komo SD tradisional mah. Contona pelajaran IPA. Supados pembelajaran IPA tiasa dilaksanakeun, diperyogikeun KIT IPA. Sanés Lab éta mah. Tebih teuing, gaya teuing. KIT téh kanggo pembelajaran IPA anu biasana disimpenna dina peti husus sarta di lebetna seueur alat-alat anu tiasa digunakeun kanggo kirang langkung 200 percobaan. Kadang upami tos aya KIT, guru horéam ngajarkeunana,” ceuk H. Dede anu resep olah raga jeung maca sumanget.

Kitu téh aya sababaraha alesan diantarana soal waktu jeung rohangan anu kurang nyumponan sarat. Atawa guruna ogé kurang ngawasa KIT IPA-na.

 

Digugu jeung Ditiru

Nurutkeun H. Dede Margo, guru ulah ukur pinter pangaweruhna wungkul, tapi kudu dibarengan jeung sikep, tindakan ogé karakter. Ngan sacara umum anu katitenan ku anjeunna, karakter guru geus leuwih alus batan sababaraha taun ka tukang. Sabab pembinaan dua karakter guru anu dilakukeun ti saprak jadi calon guru di kampus nepi ka jadi guru téh lumangsung efektif.

“Kampus UPI di Cibiru contona, mahasiswa kacida sumangetna ngalaksanakeun sababaraha kagiatan kamahasiswaan. Di UPI Bumi Siliwangi aya 66 UKM. Kanggo ukuran Kampus UPI di Cibiru anu mahasiswana langkung sakedik, 13 UKM téh tos tiasa disebat seueur. Éta téh mangaruhan pisan kanggo ngawangun karakter mahasiswa,” H. Dede tandes.

Mahasiswa anu aktip di UKM remen meunang tekenan jeung masalah. Tapi jadi kaasah malah ku kitu jadi leuwih déwasa. Nu matak waktu ancrub di lapangan téh geus siap sagalana.

H. Dede panuju pisan lamun guru lain pinter uteukna wungkul, tapi kudu dibarengan ku ahlak anu hadé. Hal kitu diupayakeun ku Kampus UPI di Cibiru nu ti awal kénéh geus ngawangun karakter mahasiswana. Najan keur ngahontal kitu téh réa pisan gogodana.

“Janten kacapangan guru kudu digugu jeung ditiru téh kedah janten prédikat. Margi sacara karakter ogé para guru téh mémang contoeun,” cenah.

Karéréaanana di luar negri, pendidikan téh leuwih diteueulkeun kana vokasi. Hartina ku niténan poténsi siswa ti awal kénéh geus diarahkeun. Di nagara urang mah ceuk H. Dede can saperti kitu. Jeung barina gé teu kudu nurutan sabab can tangtu hasilna nyugemakeun. Bisa waé alatan can siap méntalna atawa karakter bangsana anu béda. Jadi perlu panalungtikan nu leuwih intensif kumaha carana pendidikan vokasi jeung pendidikan tinggi di urang bisa mekar.

“Tapi jalan kanggo ngahontal sapertos kitu di urang gé tos dibaladah. Pamaréntah ngadegkeun SMK anu sagala rupina ogé langkung diutamakeun,” ceuk H. Dede.

 

Mentingkeun Diajar

Tina ngarangkep jeung Dra. Hj. Yani Yusnia  (Wakasek Kesiswaan SMA Negeri 11 Kota Bandung), H. Dede dijimatan tilu murangkalih jeung Raisa Alesha Irianto, putuna ti nu cikal Adhi Nugraha Putra Perdana, S.S.  anu nikah ka Ima Humaeroh, S.Pd., M.Pd., (Guru SMAN 11 Kota Bandung). Nu panengah Zahra Noviana, S.Si, M.Si., PNS Peneliti di LIPI, nu kiwari nyuprih élmu S3 di Leibniz Institute-DSMZ di Jerman (Ph.D. Candidate at Leibniz Institute-DSMZ Germany) jeung Si Bungsu Rizky Akbar, S.Pd., PNS di Pusat Strategis Diplomasi Kebahasaan Kemendikbud.

Ceuk H. Dede Margo anu basa keur kuliah aktif di Himpunan Mahasiswa Biologi Formica – IKIP Bandung jeung jadi Anggota Resimén Mahawarman Batalyon XI IKIP Bandung, anu kudu ditingkatkeun téh masalah disiplin. Guru PNS nu kiwari mah nambahan jam ngajarna, kudu bisa ngamangpaatkeun waktu sahadé-hadéna. Dina lolongkrang anu murid mah geus marulang, para guru sabisa-bisa ngeusian waktu ku kagiatan anu mangpaatna pikeun mekarkeun ajénna pribadi. Sabab pendidikan beuki maju, murid gé mingkin pinter jeung kritis. Geus sakuduna guru gé kudu pinter. IT kudu dikawasa bener-bener. Ulah aya istilah horéam diajar IT lamun embung kaéléhkeun ku murid.

Kiwari nu jadi guru henteu kudu ti jurusan pendidikan waé. Anu ti Non Dik gé bisa waé jadi guru asal ngabogaan sértifikat ngajar sanggeus miluan PPG anu sabenerna mah PPG téh di UPI mangrupa salah sahiji Prodi anu ayana di sakola pasca sarjana.

Keur sabagéan masarakat UPI-na sorangan hal kitu téh nimbulkeun kahareneg ogé. Maenya anu jelas jelas sakola di jurusan keguruan kudu milu pendidikan deui najan ukur saseméster dina program husus. Ceuk H. Dede gé asa kurang merenah cenah. Ngan teuing kumaha aturan téh kiwari diterapkeun ku pamaréntah. Najan baheula para inohong di UPI gé usaha satékah polah sangkan aturan téh ulah nepi ka jadina.

“Rupina pédah kapungkur mah nagara téh masih kakirangan guru, janten wé aya aturan sapertos kitu,” ceuk Dr. H. Dede Margo Irianto, M.Pd., anu ti taun 1978 jeneng anggota pramuka sarta kiwari jadi Pembina Gugus Depan di Pangkalan Kampus UPI di Cibiru nutup obrolan. *** (éép nr)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: