• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Arman Syifa SST, M.Acc., Ak., CA

MASTIKEUN INSTITUSI BERESIH TINA KORUPSI

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Foto Tamu nu Payun [Potrét/Ilustasi: Rudi H Tirmidzi]

Korupsi mah kawas hama. Misti dibasmi. Tah, ayana badan saperti Badan Pemeriksa Keuangan (BPK) gé kitu, geusan narékahan Institusi-institusi bersih tina korupsi. Ngan, naon waé hasilna? Arman Syifa, SST, M.Acc.,AK., bruk-brak ka Manglé ***

Ulah sacokot-cokotna mun lain cokoteunana! Kitu kekecapan karuhun Sunda mah. Tah, nu kawas kitu gé, nu biasa dipapatahkeun kolot ka barudakna téh, sangkan hirup ‘beresih’ henteu wani nyokot nu lain hakna.

“Ti antarana papatah pun bapa téh, sing jujur, sing junun, ulah kagoda ku nu lain hakna,” ceuk Arman basa ngawangkong di Kantor BPK RI  Perwakilan Jawa Barat, Bandung.

Papatah basajan ramana, Arsa Murni (alm) kawas kitu, keur Arman Syifa mah, lir tutungkusan nu lain ukur lalambé, tapi misti dilarapkeun dina kahirupan nyata. “Mung upama pun bapa nyarioskeun kajujuran, mémang, sanés mung ukur cariosan wungkul,” ceuk ieu teureuh Garut, Jawa Barat téh.

Sakali mangsa, ceuk Arman,  di kantor ramana aya mobil anu geus dideum, teu dipaké,  tapi alus kénéh. Ceuk aturan mah, bisa dipimilik kalayan mun diduitan gé bisa leuwih murah. Tapi, kasempetan kawas kitu téh, henteu dimangpaatkeun, lantaran ceuk pikir ramana mah, mun éta mobil dibeuli ku anjeunna, sarua wé ngamangpaatkeun wewenang keur kapentingan pribadi.

Papatah kajujuran nu dicontoan dina larapna, keur Arman mah, jadi tuturus dina ngalaksanakeun pancen gawé di instansina. BPK téh, salah sahiji badan,  nu jadi harepan balaréa malar sakumna pajabat publik beresih tina korupsi!

Upama masarakat miharep munang palayaan publik anu alus, ceuk Arman mah, lain harepan anu lahuta. Da, nu kawas kitu téh, memang samistina katara jeung karasa ku warga sakumna. Ngan, Arman gé,  teu meungpeun carang, da ti antarana,  remen kénéh kadéngé, masarakat ngangluh alatan can meunang palayan publik nu luyu jeung harepanana.

Ari palayan publik tangtu wé, raket patalina jeung waragad. Apan, saperti palayanan kaséhatan, pendidikan, sosial, jeung sajabana, tara tuna tina waragad. Tah, anggaranna téh, sawadina puguh léosna, dipake keur kapentingan balaréa kalayan luyu jeung aturanana. “BPK RI Perwakilan Jawa Barat satékah polah métakeun tarékah malar dana nu mangrupi artos nagara téh leres-leres digunakeun luyu sareng tujuan anu samistina,” pokna.

 

Ngajurung Ludeung

Harepan sakapeung mah, can luyu jeung kanyataan. Saperti duit nagara keur kapentingan publik teh, teu jarang, ‘nyimpang’ teuing ka mana léosna. Ku lantaran kitu, harepan bébas tina korupsi téh, masih anggang tina  kanyataan. Warta-warta nu kajiret ku KPK nembrak taya kendatna.

Nilik kana kanyataan kawas kitu, pihak-pihak nu patali jeung pangawasan saperti BPK téh, sawadina jadi andelan masarakat. Ku lantaran kitu, Arman gé sadar, BPK téh jadi salah sahiji andelan, geusan jadi cukang lantaran rahayat tinemu hirup jeung huripna.

Pancén BPK, mastikeun sakumna garapan gawé  nu maké duit nagara luyu jeung aturan. Tapi, mungguhing, ‘gogoda’ tara salilana bisa disinglar.

“Kajahatan téh tiasa muncul, sanés lantaran aya niat wungkul, tapi ogé lantaran aya kasempetan téa! Ku margi kitu, pangawasan ka instansi-instansi gé kedah teras-terasan ditingkatkeun supaya henteu aya lolongkrang kana tindakan nu ngalanggar aturan,” ceuk Arman Syifa.

Upama pamaréntah miharep meunang kapercayaan masarakat, masarakat ge miharep aparat jalujur. “Apan ayeuna mah, nu janten angen-angen pamaréntah téh ngawujudna good governance nu salah sahiji patali jeung waragad atawa artos nagara nu asalna tina APBD, APBN, sareng sajabina,” ceuk ieu Master of Accountancy ti Western Reserve University, Cleveland, Ohio, Amerika téh.

Ari wujud akuntabilitas nu patali jeung keuangan mah, bakal écés tina hasil audit téa nu ti antarana dilaksanakeun ku pihak BPK. “Tah, pamariksaan BPK téh mangrupa audit ti pihak éksternal,” pokna.

Hasil pamariksaan téa, mangrupa gambaran ‘léosna’ duit nu geus dipaké ku éta instansi. Buktina, sabada diaudit atawa dipariksa téh, bakal témbong dina laporanana.  Bisa jadi hasilna wajar tanpa pengecualian (WTP), jeung sajabana. “Masing-masing hasil aya konsekunsi-na,” pokna.

Saperti umumna masarakat, urang  Jawa Barat gé miharep  korupsi, kolusi, jeung nepotisme (KKN) téh sirna ti tatar Pasundan. Harepan kawas kitu téh mangaruhan kana angen-angen BPK Perwakilan Provinsi Jawa Barat minangka lembaga nu nyegah paripolah  aparat malar henteu milampah nu méngpar tina aturan. Prak-prakanana,  nyegah jeung ngatik malar kinerja aparat mingkin hadé. Léngkah nyatana, diwujudkeun ku  cara mariksa keuangan saban instansi lembaga (Dinas/OPD/SKPD)  pamaréntah daérah di lingkungan propinsi jeung kabupatén/kota di Jawa Barat.

Lian ti kitu, larapna  Otonomi Daerah gé, bakal jadi ‘gogoda’ ka aparat di daérah. Ku ayana Otda loba kawenangan pamaréntah pusat nu dipasrahkeun ka daérah. Ku cara kitu téh, anggaranana gé beuki loba, saperti ayana dana DAU jeung DAK nu langsung turun ti pusat ka kabupatén/kota.Tah, hadirna  BPK gé geusan milu narékahan malar Otda téh bener-bener karasa ku masarakatna.

Arman Syifa engeuh pisan, BPK Jabar téh boga pancen ngabebenah malar waragad ti nagara katara jeung karasa ku masarakatna. Tah, keur ngalaksanakeun pancén gawe kitu téh, butuh pisan kamampuh jeung kakuatan ngalaksanakeun tugas kalayan amanah. “Ulah kabita ku nu lain hakna, da upama geus kajiret ku masalah mah, bakal jadi mamala salilana,” pokna ngingetan.

Gogoda jeung panghalang dina ngalaksanakeun pancen, ceuk Kepala BPK RI Perwakilan Jawa Barat, teu kurang-kurang. Ti mimimiti nu ‘nyingsieunan’ nepi ka nu ‘ngolo’ malar nu mariksa téh, henteu ‘ngaganggu’ pihak nu dipariksa. Tapi, Arman saparakanca mah gilig seja ngalaksanakeun garapan gawé nu tanggung jawabna téh lain ukur ka papada manusa, tapi ogé pangpangna mah ka Nu Mahakawasa!

 

Pangaruh Kulawarga

Arman Syifa  pituin urang Cimanuk, Garut Jawa Barat. Ti leulutik matuh di sarakan Sunda nu raket jeung  agama (Islam). Atuh, atikan nu katarima ti bubudak gé, teu leupas tina padika budaya jeung agama téa.

Ramana matrikeun kaludeung, ulah ringrang milampah bebeneran. Atuh, ibuna, Nénéng Achnawati (almh), ogé ngajurung barudakna sabar temen wekel. Tah, papatah sepuhna kitu téh, keur inyana mah jadi energi geusan nyorang lampah dina rupa-rupa kaayaan.

Atikan nu ngakar di kulawarga, écés tuturusna. Boh ibuna boh ramana, méré conto anu nyata.  Apan, malar barudak kaurus téh, ibuna réla kaluar ti pagaweanana di apoték, milih di imah, ngurus rumah tangga sarta nalingakeun kulawarga. Tapi, ibuna ogé méré conto, usaha mah lakar daék, di imahna gé, muka usaha, metakeun pangabisa jadi tukang ngaput. Tah, ku cara kitu, duit teu burung meunang, rumah tangga ogé tetep kaurus.

Sakali mangsa, Arman ngarasa capé jeung riweuh ku rupa-rupa urusan sakola, da puguh aktip dina organisasi (OSIS). Waktu  bébéja ka ibuna, jawabanana,  sing sabar wé, da engké gé aya nyalséna! Tah, tina papatah kitu téh, Arman gé, jadi biasa ngawayahnakeun manéh, leukeun jeung sabar dina nyanghareupan rupa-rupa pasualan.

Buah tina leukeun ngalaksanakeun  diajar, sakolana gé lungsur-langsar. Malah, waktu tésting ka perguruan tinggi, inyana katarima di Institut Teknologi Bandung (ITB) jeung Sekolah Tinggi Adminsitrasi Negara (STAN). Ku lantaran milih nu teu maké waragad sorangan, ahirna mah milih kuliah di STAN téa.

Karepna nyiar élmu, teu pareum. Najan bari digawé jeung ngawangun rumah tangga, inyana ge tetep boga sumanget terus sakola. Sabada lulus Diploma III sarta jadi pagawé  BPK terus sakola deui Diploma IV, lulus taun 1997. Malah Ahirna mah, boga kasempetan sakola S2 di Amerika.

Ayeuna gé masih sumanget nyiar élmu. Ngeureuyeuh kuliah S-3 di Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung. Ngulik élmu Ekonomi-Bisnis. “Hoyong terang widang séjén, sanés mung ukur akuntansi wungkul,” ceuk ieu teureuh Garut nu lahir taun 1969 téh.

Mancén gawé, jadi Kepala BPK RI Perwakilan Provinsi Jawa Barat, lana manjangkeun lalakon. Atuh, saterusna, jadi pupuhu di éta lembaga. Kituna téh ti September 2015 nepi ka ayeuna. Kapapancénan, milu matéahkeun salah sahiji pungsi kakawasaan di tatar Sunda, Arman Syifa, SST., M.Acc., Ak., téh,boga angen-angen, hayang milu jadi bagian nu jadi cukang lantaran Jawa Barat leuwih maju. “Jawa Barat anu jumlah padumukna pangseueurna ti antara provinsi sanésna, gaduh potensi anu ageung pisan kanggo ngahontal kamajengan,” pokna pinuh ku pangaharepan.  ***(Tim Manglé)  

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: