• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

MAWA AJÉN SUNDA JADI MILIK MASARAKAT DUNYA

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Foto Laporan 1 [Potrét/Ilustasi: pribadi]

Nyiar luang ti papada urang. Kitu ceuk kekecapan karuhun mah. Tangtu wé, urang gé teu ngan ukur  hayang narima pangaweruh ti bangsa deungeun,  da sawadina deuih boga karep nyumbangkeun pangaweruh keur bangsa séjén. Tah, kitu ti antara karep para ahli Filologi jeung budayawan nu nyawalakeun  Naskah Siksa Kanda ng Karesian (SKK)  di The 101 Dago Hotel, Jalan Jl. Ir. H. Juanda, Bandung, (9-10 Oktober 2019) téh. ***

“Utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma.” Éta pupuh pucung téh, lir nu ngingetan yén sasama jalma mah moal weléh silih pikabutuh. Atuh, sawadina deuih silih simbeuh ku pangaweruh, lantaran, ceuk padalisan pamungkas pucung bieu, budi akal lantaran ti pada jalma.

Ari buah pipikiran nu luhur ajénna, ilaharna gé, ninggang kana kekecapan, teu luntur ku usum, tara laas ku jaman. Atuh, éta niléy-niléy kahirupan téh bisa larap di mana jeung iraha waé.

Sawala di tempat nu disebutkuen di luhur gé, salah sahiji upaya, mawa ajén-inajén kahirupan ieu bangsa keur masarakat dunya. Carana, ngimeutan buah hasil ulikan jeung pipikiran ieu bangsa ti mangsa ka mangsa. “Tangtos urang gé reueus  upami Naskah Sunda Kuno Siksa Kanda ng Karesian, kacatet janten Memory of The Word (MOW),” ceuk Dr. Undang Ahmad Darsa, M.Hum, ahli Filologi ti Fakultas Ilmu Budaya (FIB), Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung.

Naskah SKK téh, dipedar dina Focus Discussion Group (FGD) nu diayakeun ku  Perpusatakaan Nasional Republik Indonésia (PNRI). Tujuanana, malar  SKK kacatet dina Memory Of The World (MOW) dina orgnaisasi tingkat dunya nu katelah UNESCO. Ku cara kitu, dipiharep ajén-inajén nu aya dina SKK téh dipikawanoh ku masarakat tingkat dunya.

“Upama SKK diusulkeun jadi MOW, tangtosna ogé éta naskah téh kaétang nyumponan sarat sareng  payus janten milik masarakat dunya.” ceuk Undang Ahmad Darsa, dina sela-sela acara FGD nu dilaksanakeun ku Dinas Perpustakaan dan Kearsipan Daérah Provinsi Jawa Barat téh.

Dina taun 2019-2020, nu diajukeun jadi Memory of The Word téh opat rupa, nya eta: Arsip KTT GNB I (ANRI) joint nomination jeung Arsip Nasional Serbia; Arsip Pidato Bung Karno dina Sidang Umum PBB 1960 nu mangrupa tina kompilasi gagasan Bung Karno nu jadi cikal-bakal merdékana nagara-nagara di Asia-Afrika- Sukarno’s Speech: to build the world anew; Naskah Hikayat Acéh (Perpustakaan Nasional RI)  joint nomination  jeung Belanda; Naskah Sang Hyang Siksa Kanda’ng Karesian (Perpustakaan Nasional).

Keur filolog tatar Sunda, SKK téh, moal bireuk deui. Da, katelahna gé énsiklopédia pangaweruh jeung peradaban urang Sunda mangsa ka tukang. Eusina gé rupa-rupa naker, ngawengku pituduh hirup, padika paripolah, étika, jeung sajabana.

Patali jeung pentingna  pangaweruh, misalna, karuhun Sunda percayeun yén kaahlian téh penting pisan. Atuh, mun nyiar élmu gé kudu daria, ulah ukur puraga tamba kadengda, sarta tatanya gé kudu ka ahlina. Tah, pituduh ‘ngélmu’ jeung hormat ka ahlina téh, écés kagambar dina SKK nu mun ceuk basa kiwari mah:  Upama hayang nyaho talaga, tanyakeun ka soang; mun hayang nyaho leuweung, tanyakeun ka gajah; mun hayang  nyaho laut tanyakeun ka lauk; mun hayang nyaho kembang, tanyakeun ka bangbara.

Dina ngahaminan usulan  SKK jadi MOW,  Dr. Undang Ahmad Darsa, gedé haté lantaran éta naskah téh, jinek ajén-inajénna. Mangpaatna, lain ukur keur masarakat Sunda tapi ogé keur masarakat dunya. Apan eusina téh, pimaslahateun keur sakumna manusa. “Kanggo urang Sunda tangtos janten kareueus, margi luluhuna téh ngagaduhan kamampuh mikir sarta ngagaduhan padika hirup nu universal,” pokna.

Punjulna SKK

Nara sumber séjénna, Prof. Dr. Agus Aris Munandar, M.Hum., ahli Sajarah ti FIB Universitas Indonésia, ngabandingkeun SKK jeung Kitab Centhini, salah sahiji hasil buah pipikiran karuhun Jawa. Inyana nétélakeun, dina kabudayaan Jawa mangsa kamekaran Islam,   Centhini gé dianggap énsiklopedia kabudayaan Jawa dina jamanna.

Upama dibandingkeun jeung Centhini, ceuk  Agus, SKK mah leuwih ringkes lantaran teu aya gambaran kisah atawa carita tokoh-tokohna. Ari dina Centhini mah ambahan pangaweruhna téh leuwih lega da dibarengan ku lalakon lalampahan tokoh-tokohna. “Siksa Kanda ng Karesian mah ngutamankeun eusi pangaweruh kabudayaanana, henteu mangrupa runtuyan carita,” pokna.

Naskah SKK téh koléksi Perpusatakaan Nasional Républik Indonésia (PNRI) di Jakarta kalayan ditandaan ku ngaran koropak 630. Éta naskah téh ngawengku 30 lambar daun nipah. Tina candrasangkala  (tanda taun) nu unina nora catur sagara wulan (atawa 0441), macana mah misti ti katuhu ka kénca, jadi 1440. Tah, éta téh taun Saka nu ngagambarkeun titi mangsa ditulisna éta naskah. Upama éta taun téh diakurkeun jeung taun Maséhi mah, meneran taun 1518. Naskahna ditulis maké aksara Sunda Kuno nu mimiti mekar dina abad 13-16 M.

Nilik kana waktu medalna, SSK mah leuwih kolot batan kitab Centhini nu ditulis abad-17.  Tina kanyataan saperti kitu, ceuk Agus mah, para cendekiawan Sunda Kuno leuwih tiheula mikirkeun kitab énsilkopédi kabudayaanana batan urang Jawa. “Kawasna gagasan nyatet pangaweruh kabudayaan dina jamanna, kaum agamawan Sunda geus leuwih tiheula ngarasa sadar kana pentingna nyatet pangaweruh kabudayaanana dibandingkeun jeung di tempat séjén, di tanah Jawa,” pokna.

Pedaran SSK mémang ringkes, tapi beunghar ku pituduh anu togmol, najan aya silib tapi henteu loba. Pedaran kawas kitu téh saolah-olah ditujukeun keur masarakat umumna kalayan basa nu gampang kaharti ku balaréa. “Tah, pituduh hirup jaman baheula téh, seueur kénéh anu payus sareng jaman kiwari,” ceuk Agus.

Malah éta pituduh téh ceuk ieu ahli Sajarah ti UI mah, henteu ngan ukur perelu jeung loyog keur kahirupan urang Sunda kiwiari, tapi deuih keur balaréa. Cindekna mah, éta papagon téh kaasup anu universal, bisa dilarapkeun balaréa di mana waé ngancikna.

Nilik ka dinya, ceuk Prof Agus, SSK  kacida luhur ajénna, lantaran; Kahiji, mangrupa dokuméntasi hontalan peradaban masarakat Sunda Kuno anu ngandung ajén-inajén peradaban dina jamanna nu payus jadi ageman masarakatna; Kadua, hontalan ajén-inajén anu positif dina rupa-rupa aspék peradaban kalayan sipatna univérsal;  Katilu, eusi naskah SKK téh dokuméntasi kabudayaan Sunda sakalian ogé sumbangan keur kamekaran kabudayaan dunya.

Ari keur urang Sunda nu narima warisan karuhunna, ceuk Dr. Undang Ahmad Darsa, M.Hum.,  tangtu wé, éta ajén-inajén nu aya dina SKK téh lain ukur sawates jadi kareueus jeung pangaweruh. “Nu penting pisan mah, larapna atanapi ngalarapkeunana dina kahirupan sapopoé,” pokna semu ngingetan. *** (Tim Manglé)

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: