• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Robby Maulana Zulkarnaén

NGAGUGAT
KAWANI SUNDA

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Robby Maulana Zulkarnaén [Potrét/Ilustasi: pribadi]

Loba palsapah nu ngagambarkeun kaludeung Sunda. Tapi, dina émprona mah, éta kawani téh henteu témbong. Malah, kawas nu sabalikna, Sunda ngéléhan atawa éléhan. Tina kasang tukang nu kawas kitu, Robby Maulana Zulkarnaén (Kang Robby, kitu katelahna) ngadegkeun Paguyuban Sundawani Wirabuana. Ngan naon waé hasilna?***

Upama ngobrolkeun Sunda atawa kasundaan, ceuk Kang Robby, nu remen témbong téh rumahuh jeung humandeuar. Ngan, ari keur inyana mah, kanyaataan nu saperti kitu téh, kudu diungkulan ku metakeun tarékah. “Upama tos ngaduh anggapan yén kaayaan urang Sunda ayeuna henteu nyugemakeun, nya kedah aya tarékah jinek ngungkulanana,” ceuk Pupuhu Sundawani Wirabuana, Robby Maulana Zulkarnaén basa ngawangkong di Kantor Redaksi Manglé, Jalan Wirangrong/Ladrang No. 2 Bandung.

Ngawangkong jeung nu ngadegkeun ogé pupuhu Sundawani Wirabuana téh dijejeran ku pangurus séjénna, ti antarana, Dadan Hamdan, Agus Dadang, jeung Rosida Damayanti. Atuh, tangtu wé obrolan téh neueul kana upaya éta organisasi geusan ngahudangkeun kawani jeung nanjeurkeun komara urang Sunda.

“Padika hirup urang Sunda téh euyeub sareng kumplit. Kantun ngalarapkeunana,” pokna tandes naker.

Kekecapan karuhun saperti nu karékam dina rupa-rupa papatah nu sumebar di masarakat, écés, urang Sunda téh ngabogaan padika rupa-rupa tékad, ucap, jeung paripolah. Tapi, nu remen muncul téh, bet nu ngagambarkeun kalemahaan pasipatan urang Sunda. Saperti dina kapamingpinan, sok milih cicing di tukang, saperti kekecapan, mangga ti payun. Kitu deu dina bajuang nyumponan kabutuh hirup, majar téh, bisa tuang sapoé sakali gé geus pirang-pirang nuhun. “Padahal, urang Sunda gé gaduh padika hirup, saperti leuleus usap teuas peureup, halik ku aing, jeung sajabana,” ceuk Kang Robby sumanget naker.

Dina sawangan Kang Robby, kekecapan téh mangaruhan raga. Apan, saperti mun nyaritakeun yén dirina capé, lungsé, badan gé bakal murengked, baka leuleus, moal aya tanaga, taya tangan pangawasa. Ku lantaran kitu, mun hayang boga kaludeung atawa kawani gé, éta pakarepan kudu digedurkeun, kaasup ngaliwatan kekecapan nu mampuh ngagedurkeun sumanget.

Kang Robby mantrikeun kecap wani kana Sunda. Malah, nulisna gé dihijkeun, Sundawani bangun nandeskeun yén Sunda jeung wanina téh henteu pukah. Atuh, tina angen-angenna hayang ngahudang kawani Sunda téh, dipatrikeun dina organisasi nu diadegkeunana Sundawani, dina taun 2006.

Medalna ngaran organisasi kawas kitu, loba nu ngaréspon. Ti antarana aya nu mangrupa otokritik kana kaayaan urang Sunda. Ceuk nu nepikeun éta ucapan téh,  “Ulah maké ngaran Sundawani, paké ngana séjén, Sundawangi, misalna. Da, mémang urang Sunda mah, teu boga kawani!” Kang Robby malikkan kekecapan salah saurang inohong Sunda nu mairan ngaran Sundawani.

Narima respon nu kawas kitu, Kang Robby mah, mingkin sumanget. Da, inyana gé ngarti yén éta kekecapan téh respon kana kaayaan urang Sunda nu mémang henteu mampuh némbongkeun kawanina. Padahal, ceuk ieu panaratas nu ngadegkeun Sundawani téh, salah sahiji cara némbongkeun kamampuh atawa pangabisa téh kudu boga kawani!

Dina lalampahan saterusna, malum nu ngumpul dina éta organisasi téh rupa-rupa jalma kalayan rupa-rupa kasang tukang jeung kapentingan. Atuh, tujuan jeung udaganana gé teu sakelir. Antukna, kahayang Kang Robby geusan nanjeurkeun komara Ki Sunda téh, kapaksa milih nyieun deui organisasi nu béda jeung saméméhna kalayan tujuan malikkeun deui angen-angenna kana pamianganana. Cindekna, léngkah Kang Robby mah, milih jalan anu béda, ku cara ngadegkeun deui organisasi nu ngaranna Sundawani Wirabuana, taun 2010.

Keur nebarkeun kaludeung Sunda, inyana ngeprak balad. Ngajakan mitra-mitrana geusan ngawanohkeun organisasina ka balaréa. Pangurus sabalad-balad nyebar ka daérah-daérah di Jawa Barat ku cara ngayakeun rupa-rupa kagiatan.

Ti waktu ka waktu, anggota éta organisasi téh terus mekar. Ahirna, Dewan Pengurus Daerah (DPD) Sundawani téh ngadeg di 16 kabupatén/kota di Jawa Barat, di antarana  Cianjur, Karawang, Kabupatén Bandung Barat, Cimahi, terus di sababaraha kabupatén/kota di wewengkon Jawa Barat beulah wétan.

 

Ngahudangkeun Kaludeung

Geusan ngahudang kaludeung urang Sunda sakumna, Paguyuban Sundawani Wirabuana, ngayakeun rupa-rupa kagiatan. Di antarana ngayakeun pagelaran budaya nu dingaranan Napak Jagat Pasundan. Éta acara téh nyuguhkeun rupa-rupa kasenian, adu-manis seni buhun jeung seni kontémporér. Kagiatan kawas kitu téh, meunang pangrojong ti para sponsor.

Dina kagiatanana gé lain ukur mintonkeun hiburan, tapi ogé nebarkeun sumanget yén urang Sunda gé bisa ngayakeun acara-acara rongkah, milukeun seniman/budaywan nu ahli dina widang masing-masing. Kagiatan-kagiatan harita, némbongkeun acara-acara rongkah nu sakapeung mah, dina sakali pintonan téh bisa méakkeun waragad nepi ka ratusan juta rupia.

Lian ti kagiatan hiburan, geusan méré mangpaat ka balaréa, éta organisasi gé metakeun rupa-rupa tarékah. Di antarana, ngalarapkeun smart community. Éta téh produk IT, ti antarana nyieun aplikasi sorangan keur kapentingan para anggota jeung balaréa.

Karepna ngahudang kaludeung, ceuk Kang Robby mah, henteu bisa ditunda-tunda, kudu prak ti ayeuna. Tah, najan harita téh heureut pakeun dina sual waragad, inyana ludeung ngadegkeun éta organisasi. Mémang ti harita nepi ka ayeuna, éta orgnisasi téh can meunang bantuan ti pamaréntah. Atuh sagala rupa waragad téh macakal, ngandelkeun mitra-mitra jeung para anggotana.

Mémang, ceuk Kang Robby, ormas téh teu kapaliré. Da, dipikabutuh téh, saupama pihak-pihak nu boga kakawasaan jeung nu hayang nyangking kakawasaan butuh ku pangrojong sora balaréa. Tapi, sabada kompanye jeung pilihan pamingpin réngsé, ormas téh dilur-jeunkeun.

Najan tara narima bantuan ti pamaréntah, Sundawni mah teu weléh ludeung ngararancang jeung nyieun acara badag. Da, boga rarancang rék ngayakeun acara rongkah, saperti ngumpulkeun ahli  spiritual Asia, sina mintonkeun kamampuh jeung momonésna di Bandung, inyana mah percaya, yén upama aya kahayang, tangtu aya jalan geusan nyarangna. “Insya Alloh taun payun 2020, Sundawani Wirabuana badé ngayakeun acara ngempelkeun ahli spiritual ti nagara-nagara nu aya di Asia,” ceuk ieu Dewan Pakar Budaya ICMI Jawa Barat téh.

Lian ti ngayakeun rupa-rupa kagiatan, éta organisasi gé mantuan masarakat nu boga urusan hukum. Carana, dina taun 2014, Kang Robby saparakanca ngadegkeun Lembaga Perlindungan Konsumen (LPK). Éta kagiatan téh, lain ukur mantuan masarakat tapi deui muka lolongkrang usaha jasa keur para anggotana. “Sundawani gé biasa masihan peyuluhan hukum ka masarakat,” ceuk ieu Sarjana Hukum téh.

Ari kagiatan nu bisa mantuan ékonomi masarakat, éta organisasi gé ngayakeun mimitran jeung urang palemburan. Misalna waé, mantuan patani nu ngolah gula di Cimerak, Pangandaran malar hasil produksina lian ti ningkat ajénna ogé jumlahna. “Kalebet ngiring ngarojong masarkeunana ngalangkungan online,” ceuk Kang Robby.

 

Nataharkeun Pamingpin

Patali jeung kapamingpinan di tingkat nasional, Sundawani boga pamanggih, kapamingpin nasional téh penting pisan. Ceuk inyana mah, urang Sunda gé, kudu mampuh némbongkeun ketakna di tingkat nasional, kaasup jadi présidén. Dina ‘kamus’ Kang Robby mah, taya nu mustahil, lantaran sidik urang Sunda gé kungsi jaya. “Mung tangtos kanggo medalkeun pamingpin nu masagi téh kedah aya nu nataharkeunana,” pokna pinuh ku pangharepan.

Nilik kana poténsi, Sunda gé pibisaeun jadi pamingin nasional. Da, sidik baheula gé urang Sunda teu boga kamampuh matéahkeun karajaan, boga struktur pamaréntahan, sarta masarakatna gé gemah ripah kalayan tingtrim.

Saterusna, Kang Robby gé, nyutat kekecapan karuhun, yén mémang Pajajaran téh bakal leungit, tapi baris aya gagantina, nu tangtu béda jeung nu baheula, lantaran luyu jeung kabutuh jaman jeung nu ngajamanana. “Hartosna, kajayaan Pajajaran baheula téh, tiasa kahontal deui luyu sareng kabutuh jamannna. Atuh, éta poténsi kamajuan téh kedah ditarékahan sangkan jadi kanyataan,” pokna.

Upama Robby Maulana Zulkarnaen reueus ku budaya Sunda, lantaran ti dinya kokocoranana.  Getih nu ngocor dina raga téh getih Sunda. Robby nu lahir di Bandung, taun 1964 téh, pituin teureuh Bandung, sarta sepuhna Rikrik Rusnadi Madjadipoera (ramana) sareng  R.A. Aty Marwati Wiranatakusumah (ibuna) ogé urang Bandung. Atuh, saterusna gé, Robby nu ngawangun rumah tangga sareng Yéyén Rustiani kalayan boga turunan opat awéwé wungkul téh, matuh di Jl. Wartawan, Turangga, Bandung.

Dina lalampahanana, ieu Sarjana Hukum nu ogé ngadosénan Ilmu Budaya di Fakultas Hukum Unpas téh, teu ingkah balilahan, milu matéahkeun budaya Sunda. Kalayan bekel rupa-rupa kaparigelan nu patali jeung béla diri, Robby gé kawas nu hayang némbongkeun yén urang Sunda gé boga ka ludeung. “Kasenian Sunda téh apan sanés ukur Cianjuran, tapi ti antarana téh deuih aya penca,” pokna dibarung mésem.

Atuh, dina némbongkeun kawanina gé, Robby mah tara susulumputan. Wani tarung di nu nembrak. Malah, kungsi, dina taun 1989 mah jadi Juara 1 Nasional Kelas Tarung Bebas Full Body Contact dina Kajuaraan Kei Shin Kan versi Khoshiki di Jakarta.

Waktu ngadegkeun organisasi kasundaan, Sundawani Wirabuana, teu hésé. Kituna téh lantaran loba balad. Atuh, mun boga karep ngayakeun kagiatan badag gé, teu burung loba nu ngarojong. Kituna téh lantaran inyana aktif dina rupa-rupa organisasi, ti antarana jadi Ketua Bidang Kepemudaan Rukun Wargi Tatar Sunda.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: