• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Catetan Pulitik Bangsa

NILIK NU KAMARI
MAPAG NU AYEUNA

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Karim Suryadi [Potrét/Ilustasi: Dok. Pribadi]

Nyawang Indonésia 2019, asa ningali soang di émpang. Raéng patémbalan, tapi kawas nu bingungeun ngaléngkah! Kitu ceuk tilikan Prof. Karim Suryadi mah. 

Catetan pulitik 2019 bisa miang tina anggapan, yén taun 2019 téh jadi puncakna “taun pulitik”, sarta témbrés Presidén Joko Widodo ‘ngarajaan’ wacana pulitik Indonésia, dina taun éta. Atuh, teu kaleuleuwihi upama 2019 téh disebut tahun Jokowi. “Balukarna, Jokowi jadi narasi badag pulitik Indonésia 2019 anu mangaruhan kana kaayaan ieu nagri dina taun 2020,” ceuk Prof. Karim Suryadi ka Manglé sawatara poé ka tukang.

Nu jadi titik puseur paniténan pulitik dina taun 2019 téh, lian ti pakalangan munggaran pileg jeung  pilpres nu lumangsung kalayan mareng, aréna pulitik 2019 ogé ditandaan ku dua ciri penting: Kahiji, kampanye nu mulan-malén kaasup panglilana dina sajarah pulitik Indonesia modern (23 Séptémber 2019 – 13 April 2019; sarta munculnya caleg jeung capres dina waktu anu mareng jadi cukang lantaran ajén-inajén kandidat téh henteu bisa katitétan kalayan gemet ku nu marilihna.

“Atuh balukarna téh, sacara téhnis pemilu mareng saperti kitu, henteu ngabasajankeun bangbaluh téhnis. Dina “perang udara” pilres ngadominasi, tapi dina “perang darat” pertempuran antarcaleg leuwih ramé, sarta ampir henteu ka kadalian ku komando parpol,” pokna waktu tepung di Kampus Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung.

Ari enas-enasna mah, pasualan kawas kitu téh, ceuk ieu guru besar ti UPI Bandung mah, ku suwungna plarform nu nyambungkeun tatali batin calon nu dirojong partéy, atawa koalisi nu sarua. “Tah, kaayaan nu kawas kitu téh, némbongkeun pesen kampanye anu aing-aingan sarta teu puguh selang-surupna. Atuh, jéngléngan jeung béda-bédana calon gé teu écés, da nu témbrés nu sipatna ‘angka-angka’-na  wungkul,” pokna.

Balukar séjén, ceuk Prof. Karim, tina kampanye anu lila sarta kakuatan politik anu nyabeulah téh, medalkeun kabengkahan sosial (social cleavage) anu kacida jerona. Atuh, beungeut pulitik gé dihias ku étnosentrisme politik.

“Dina kaayaan kawas kitu, cara sawang nu boga hak pilih téh leuwih kana lantaran tokoh, lain lantaran programna. Atuh nyabeulahna pandangan pulitik gé ‘sarimbag’ jeung gundukan-gundukan  sosial, kaagamaan, ékonomi, jeung sajabana,” ceuk ieu pakar Komunikasi Pulitik teureuh Subang Jawa Barat téh.

Husus nu patali jeung agama mayoritas masarakat, Islam pulitik témbong mekar, sabada binih-binihna mekar dina waktu Pilkada DKI. Sacara formal Islam diséréd ka panggung politik, nu mawa pangaruh kana rupa-rupa kahirupan.

Ari hasil tina pilihan téa, saperti pilpres (17 April) harita, mémang henteu salega bengkahna sosial.  Kaunggulan nu ipis dina pilihan presiden, mangaruhan kana wawangunan kakawasaan dipamaréntahan.

 

Metakeun Léngkah ka Hareup

Dina metakeun karepna jadi pamingpin ieu bangsa, Presiden Joko Widodo, ngasongkeun rupa-rupa program, saperti: Pangwangunan SDM, pangwangunan infrastruktur, ngabasajankeun sagala wangun nu jadi bangbaluh régulasi, ngabasajankeun régulasi, jeung transformasi ékonomi. Atuh, tangtu wé, di sagigireun medalkeun harepan téh, kahariwang gé teu kurang-kurang.

Naon atuh kahengkeranana téh? Prof Karim ngabéréndélkeun sawatara hal nu bisa jadi bangbaluh kana lungsur-langsarna hontalan nu diajam ku pamaréntah. Tah, naon téa? Ceuk ieu Ketua Dewan Guru Besar Universitas Pendidikan Indonesia mah, nu bisa jadi titik lemah sarta poténsial ngantégan kahontalna program téh, ti antarana: Kahiji,  sacara sistemik, titik lemah politik Indonesia téh ayana dina budaya pulitik, lain dina strukturna. Titik lemah nu pangécésna, lunturna kareueus. Kitu téh, lantaran ayana anggapan, yén dina nyusun rarancang jeung ngawangun pamaréntahan téh, ceuk sawangan rahayat mah, henteu ‘repok’ jeung gambaran nu diangen-angen. Kadua, jéngléngan adeg-adeg pulitik élit teu écés, ilu-biungna balaréa kana pulitik héngkér, sarta parpol ogé henteu jadi pabinihan pulitik nu bisa diandelkeun. Katilu, pangwangunan SDM henteu dibarengan ku péta jalan pendidikan jeung palatihan. Malah, kaayaan kawas kitu téh dibangbaluhan ku struktur tanaga gawé anu masih handap kénéh, da lolobana ngandelkeun kénéh lulusan pendidikan tingkat handap téa.

Patali jeung loba kénéh nu ngaligeuh, Data Pusat Statistik, Kompas 7 Novémber 2018 gé nétélakeun, aya tujuh juta urang ngaligeuh per Agustus 2018. Jumlah sakitu téh ngurangan 40.000 urang ti Agustus 2017. Tingkat nu ngalanggur (pengangguran terbuka) 5.5 persén dina Agustus 2017, turun jadi 5.34 persén dina Agustus 2018. Tangtu, ajén tanaga gawé téh kudu ditingkatkeun. Kitu téh lantaran, tanaga gawé anu dina per Agustus 2018 jumlahna 124,01 juta urang, 50,46 juta urang ti antarana (40,69%) kaasup kana atikan sakola dasar. Kahéngkéran séjénna, ceuk tilikan Prof Karim, karep Presiden ngabasajankeun birokrasi, tapi di sisi séjén mah ngawangun kabinet nu ukuranana maksimal.

“Ku kituna, dina mangsa bakti kadua kalina, sawadina Presiden bisa kaluar tina diléma partisan. Hadéna mah milih jadi manuk nu bisa hiber bébas, manan jadi soang anu lénglé. Ngan, hanjakalna téh, dina dua munggaran mah can témbong éta téh,” pokna.

Kitu deui nu patali jeung isu milénial, ceuk ieu akademisi UPI mah, ngangkat arinyana nu kaasup kaum nonoman kaasup henteu salah, ngan nu leuwih penting mah, nempatkeun péta jalan ngawangun kamanusaan nu muka lolongkrang keur arinyana dina 25 taun ka hareup, nu bener-bener jadi bonus démografi, lain sabalikna, saukur jadi bangbaluh.

Ku kituna ngawangun nagara mah, ceuk Prof Karim, teu cukup ku jalan tol, atawa infrastruktur séjéna. Hubungan rahayat jeung nagarana moal bisa dicangreud ku infrastruktur pisik wungkul, tapi butuh infrastruktur sosial nu mangrupa atikan, kaséhatan, jeung karaharjaan nu jadi jaminan  beuteung seubeuh, hirup tumaninah. Cindekna, infrastruktur pisik kudu dibarengan ku “social linkage”, atawa tatali batin rahayat jeung nagarana.

Ngawangun infrastruktur nu digederkeun salila lima taun ka tukang, nu diancokeun jadi strategi pangwangunan, éta ogé tacan mampuh ngaronjatkeun PDB sacara signifikan. Malahan nurutkeun catetan BPS, tumuwuhna ékonomi kuwartal III taun 2019 gedéna 5,02%, leuwih handap ti taun saméméhna (kuartal I: 5,07% jeung kuartal II : 5.05%). Malah bisa disebut panghandapna ti mimiti 2017. 

Kumaha ari keur Jawa Barat? Jinek, atuh wakil rayat di senayan nu miangna ti Jawa Barat téh pangobana dibandingkeun jeung pripinsi mana waé di Nusantara. Apan, jumlahna gé, 91 urang! “Tatali batinna kudu karasa ku urang Jawa Barat. Kawanina kudu témbong. Ulah haré-haré, lantaran wakil Jabar nu miang ka Senayan téh bakal dianaktérékeun, mun teu boga ketak anu écés mah,” ceuk Prof. Karim Suryadi témbrés.*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: