• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Setia Gumilar, M.Si.

Didodoho Musibah
Ngajak Umat Tetep Soméah

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. Setia Gumilar [Potrét/Ilustasi: rudi]

Mahabuna musibah panyakit virus corona (Covid-19) matak geunjleung saalam dunya, kaasup di lembur urang. Balukarna, loba lampah nu kudu ngadadak robah, kaasup campur jeung sasama kudu pajauh. Tapi, sok sanajan kitu, tetep, pasipatan umat mah, ulah leungiteun soméah. Kitu di antara jejer obrolan Dr. Setia Gumilar, M.Si. Dekan Fakultas Adab & Humaniora UIN SGD Bandung.***

Loba kahariwang alatan panyakit nu gancang tatalépa, kiwari mah beuki ngadeukeutan. Virus corona (Covid-19), nu saméméhna kabéjakeun narajangna jauh di nagri deungeun saperti di China, tapi ayeuna-ayeuna mah geus narajang ka bangsa jeung lembur urang. Balukarna, warta-warta korban éta virus di ieu bangsa ogé mingkin dieu mingkin ngalobaan. Dina kaayaan krisis modél kieu, pamaréntah (umaro) jeung ulama (Fatwa MUI) teu weléh ngungkulan, nu di antarana ngaluarkeun sababaraha kawijakan, nu prinsipna ngawayahnakeun rayatna (umat) kudu robah lampah, kaasup ngarobah nu patali jeung kagiatan ibadah kaagamaan.

"Katinggal umat Islam dina mayunan wabah Corona, parantos samapadegan nu intina sami. Sadayana tawakal disarengan ku tarékah-tarékah nu mayunkeun pendekatan sipritual sareng tarékah sanésna. Mémang, hususna umat Islam, aya nu masih bénten pamadegan, utamana dina sikep aspék spiritual," ceuk Dr. Setia Gumilar, M.Si, Dekan Fakultas Adab & Humaniora UIN SGD Bandung mimiti nepikeun pamanggihna. Mung nyakitu, utamana dina apsék spiritual, sapertos aya anu yakin, yén mayunan Corona teu kudu ngarobah kebiasaan ibadah ritual di masjid. Tapi aya ogé nu langsung nurut kana harepan pamaréntah jeung MUI, nu nganjurkeun sangkan dina krisis panyakit nu ngageunjleungkeun mah kudu robah, nyaéta (solat berjamaah) di imah, teu kudu ka masjid.

Ceuk Dr. Setia, sabenerna dina prinsip ajaran Islam mah geus jinek. Upama panyakit geus dianggap musibah gedé tur yakin bisa gancang tatalépa mangka sacara spiritual nu dilakukeun, kahiji ucapkeun Innalillahi wa inna ilaihi rooji'un. Kadua terus ngadoa sangkan kiat nahan cocoba, katilu zikir ka Alloh, sangkan dikuatkeun iman ka Alloh kalawan sobar jeung sabar dan tawakal mengahdapi segala cobaan. Anapon sacara rasional, ajaran Islam ogé ngajarkeun, yén dina nyanghareupan wabah, saperti ayeuna Corona, umat Islam kudu némbongkeun cara nyegahna, saperti nurut kana harepan pangawasa jeung ahli kaséhatan. 

"Margi kitu, dina mayunan panyakit tatalépa virus Corona, umat Islam sawadina teu kenging mangmang deui kana tarékah umaro sareng ulamana, nu leres-leres bakal nyandak kamaslahatan sadayana. Kantun negeskeun deui ka rayat (umat) sangkan teras waspada, boh sacara spiritual, boh sacara nalar," ceuk ieu pangarang buku ‘Historiografi Islam, Dari Masa Klasik Hingga Modern’ tandes.

 

Tetep Soméah

Nyanghareupan kaayaan mahabuna panyakit tatalépa alatan virus corona, loba nu ngarasa hariwang, kaasup umat Islam. Ninggang dina kaayaan kitu, ceuk ieu  lulusan S2 Sosiologi Universitas Padjadjaran, mémang manusiawi jeung teu ngabibisani. Pangna kitu, keur nguatan méntal umat sangkan tetep sobar jeung istiqomah, utamana pihak pamaréntah dina ngungkulanana, sawadina diadumaniskeun jeung ajaran agama.

Kitu deui ka rayat (umat), ku ayana robah kawijakan, nu diantarana ngudukeun gawé ti imah jeung loba cicing di imah, tetep henteu leungiteun sikep hadé jeung soméah. Upama ieu pangurus ICMI Jabar boga panitén kitu, lantaran sanggeus robahna aktifitas nu sarwa kawatesanan, campur jeung gawé sasama jadi pajauh, da lantaran naon rupa pagawéan di imah, bisa waé upama terus-terusan mah niléy-niléy kamanusaan ogé beuki leungit. "Tangtos, sapertos di Jawa Barat, kahariwang pangaruh ka nu sanés ogé aya. Utamina nu ngajantenkeun icalna umat tina silih bantos, silih ajénan. Margi kitu, sanaos musibah panyakit virus nu sakitu ahéngna, namung tetep sikep soméah mah ulah ical," ceuk Dr. Setia Gumilar ngingetan. 

Hartina, ceuk ieu lulusan Doktor Universitas Indonesia Jakarta, sikep soméah téh bari jeung mampuh némbongkeun sikep rasa nyaah tur nyarita nu matak nengtremkeun. Sapertina waé, upama mayunan jalma nu positif virus corona, tetep méré sumanget jeung harepan bakal cageur deui.

Upama panitén Dr. Setia kitu, mémang luyu jeung naon dilarapkeun mangsa mahabuna virus Corona. Hanteu saukur dilarapkeun ku pribadi tapi ogé jeung lembaga tepat mancénna UIN SGD Bandung. Saperti, ceuk ieu panitén Islam, kampus UIN teu weléh ngingetan umat Islam, sangkan ttep pengkuh imanna jeung patuh kana anjuran pamaréntahna. Kitu deui, UIN ogé milu aktif ngabantu masrakat jeung mproduksi cairan anti virus (hand sanitizer) nu disumbangkeun ka masjid masjid.

 

Keyeng Diajar

Setia Gumilar lahir di Garut, 28 Oktober 1971. Ieu putra H. Ikin Sodikin sareng Hj. Edeh Jubaedah, ti leuleutik diasuh di lingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Setia mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Setia pengkuh agamana ogé luhung pangabisana, nu ahirna kudu junun. “Kadé, anjeun kudu pengkuh kana agama jeung boga élmu. Tapi nu penting deui, ulah babari kabawa sakaba-kaba,” ceuk Setia nirukeun ucapan sepuhna kapungkur. 

Ku kituna, waktu Setia sakola SDN Cibodas I, SMPN 4, SMAN 1 di Garut, sepuhna mah teu weléh nalingakeun, pangpangna dina sual ngaji élmu agama. Atuh, salila éta Madrosah ogé jadi ‘kelas’ nu kacida pentingna. Pangaping kitu, ngabuahkeun hasil. Setia Gumilar gé, satuluyna, bisa ditarima di IAIN (UIN - ayeuna mah) SGD Bandung.

Setia beuki déwasa beuki buleud cita-cita. Lantaran meunang élmu adumanis antara élmu agama jeung élmu umum, atuh nuluykeun gé ka IAIN Sunan Gunung Djati Bandung. “Kétang, ari cita-cita kapungkur mah, ti SMA téh hoyong ka ITB. Namung garis tadkirna tos kitu, ahirna ka IAIN. “Singhoréng, geuning alpukah dua sepuh, alhamdulillah ayeuna karaos mangpaat,” ceuk ieu carogé Afifah téh. 

Kaayaan kitu, Setia Gumilar ogé sadar tur teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt., lantaran, satutas kuliah di Bandung beuki nambah élmu pangaweruh, beuki loba kawawuh, beuki loba lolongkrang keur ngamalkeun élmu pangaweruhna. Ngan nya kitu, sual élmu pangaweruh mah, keur Setia, beuki nambah téh, singhoréng karasa asa beuki ngurangan. Ku kituna, saterusna mah nyiar élmu deui, kuliah ka Program Magister (S2) Pascasarjana di Sosiologi - Antropologi Universitas Padjadjaran (UNPAD), ogé saterusna Program Doktor (S3) di Universitas Indonesia Jakarta widang Ilmu Sejarah.

Ti dinya, gagasan jeung pamikiranana beuki loba mangpaatna. Karya-karyana, sering dipublikasikeun di saban média, saperti ‘Gerakan Ulama di Garut: Persepektif Konstruksi Sosial’, ’Ulama dan Politik: Upaya Pemberantas Korupsi di Garut 2002-2007’. Nu ahirna, ieu pakar Ilmu Sejarah, loba panalungtikan ka mancanagara saperti ka Australia, jeung jadi nara sumber dina saban seminar.

Karir di kampus, keur Dr. Setia gé, henteu ujug-ujug, tapi nété tarajé nincak hambalan. Mimiti jadi pagawé biasa, sekretaris Lembaga Pengabdian Masyarakat Fakultas Adab, Ketua Jurusan SKI (Sejarah Kebudayaan Islam), Wakil Dekan I Fakultas Adab & Humaniora, nu ahirna jadi Dekan nepi ka dua rintakan.

Meunang sababaraha pancén, gagasan Setia ogé beuki nyongcolang jeung matak pikareueuseun. Ahirna taun 2008, Setia narima Tanda Kehormatan Presiden RI Satyalancana Karya Satya 10 taun, tur loba aktif di luar kampus, saperti di Lembaga Pembimbing Haji Jawa Barat, KAHMI, ICMI Jabar, ogé di Masyarakat Sejarah Indonesia. 

Resep neuleuman élmu sajarah, keur Dr. Setia, loba mangpaatna. Lantaran dina prinsip hirupna, lalampahan mangsa ka tukang, bisa jadi luang jeung pangalaman. Mangpaatna,

lain ukur keur panineungan, tapi tuturus hirup mangsa ka hareup. “Hirup mah, apan saéstuna jadi catetan sajarah. Kantenan, saterasna tiasa janten dorongan kanggo saénggalna ngalap hikmah, sangkan énggal ngariksa diri,” pokna semu ngingetan.

Adumanisna pangalaman mancén di kampus, jadi nara sumber di seminar-seminar jeung tina neuleuman élmuna, Dr. Setia Gumelar, M.Si. teu weléh nyatetkeun catetanana jadi cutatan, boh dina wangun buku atawa dina karya ilmiah. Sapertina waé buku-buku nu medal, diantarana; Historiografi Islam, Dari Masa Klasik Hingga Modern, Memahami Ilmu Sejarah, Gerakan Ulama di Garut 1998-2007, jeung karya-karya lianna.

Sibuk kagiatan, boh di kampus boh di sababaraha organisasi kaagamaan, tapi ieu rama Fuzi Astuti, Muhammad Nafis, tetep kulawarga mah nomer hiji. Komo dina kaayaan narajangna virus corona modél ayeuna, aya hikmahna ogé kanggo langkung caket jeung kulawarga. Kétang, tetep pancén mah teu ngeureunan. Sanajan darurat nu ngudukeun di imah, tapi tetep koordinasi jeung pingpinan ogé para dosen, sangkan prosés diajar, perkuliahan sarta tugas-tugas séjénna terus dilaksanakeun sacara online.

"Nu penting, tetep waspada sareng teu lirén ngadua, mugi musibah virus corona énggal réngsé sareng kagungan cara supados bangsa urang tiasa aman tina panyawat sareng stabil deui.*** (RH)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: