• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

BANGBALUH SCOPUS

Kénging Karim Suryadi
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1586234303.jpg [Potrét/Ilustasi: agus]

Tipi  geus séah, cicirén acara geus lekasan basa Didi mareuman komputer téh. Buku, majalah, koran, jeung jurnal nu ngalayah di kamar kontrakanana dibérésan. Diéntép gigireun komputer. Aya opat tumpukan buku minuhan méja. Geus puguh koran mah ngahunyud gigireun  panto, geus méh satangtung mun teu dijieun tilu gunduk mah.

Pikeun Didi nu biasa nulis, maca téh geus jadi kadaharan sapopoé. Nulis essay jeung carita pondok geus ngabaku, sagigireun pagawéanana salaku dosén elmu politik. Amin, batur sakantorna kungsi ngagonjak, pajarkeun téh ku Didi mah, cakcak heuay ogé bisa jadi tulisan.

Réngsé mérésan buku, cetrék manéhna nyetél radio. Gelik sora suling némbalan jentréngna sora kacapi. Suling jeung kacapi pairing-iring nganteur sawangan, nu datang paantay-antay.

Leungit sora suling, galindeng sora penyiarna mani halimpu nataan juru dangu nu rajeun ménta lagu. Sababaraha ngaran nu ngaku keur mancén tugas salaku satpam, disebutan hiji-hiji. Kitu deui pamiarsa nu ngaku mitineung lagu-lagu Cianjuran, teu kaliwat dijomantarakeun.

Surup jeung acara nu dipidangkeunana, penyiar téh mani tapis ngulinkeun basa. Sanajan teu cawokah, banyolna matak ngahudang seuri leutik. Mun kabéh penyiar kawas manéhna, meureun basa Sunda téh moal tumpur téréh-téréh.

Koloyong Didi muru Kasur. Tapi teu saré. Manéhna nyangsaya kana témbok diganjel ku angel. Gerenyem babacaan. Sugan wé pitunduheun datang. Ari geus babacaan mah, kari reup peureum.

Tapi hayoh dipeureum-peureum gé panonna  molotot waé. Rét kana poto wanoja nu imut di luhureun méja, haténa nyérédét.

“Sabar Geulis, Akang keur bajuang,” gerentes haténa niru-niru soldadu di médan tempur.

Basa ngadéngé juru kawih ngahaleuangkeun “imut malati, wengi tadi geuningan patepang deui, nu kapiati ti kapungkur jungjunan dianti-anti”, ras inget ka Haji Hamid, bapana Winda, bébénéna. Ébré kénéh kumaha pasemon Ama, kitu Winda nyebat bapana téh, basa Didi ngedalkeun niatna pikeun mihukum Winda.

“Heug waé,” saur Ama soré harita, “tapi mun bisa mah béréskeun heula sakola. Ku Ama dibantuan waragadna mah.”

Padahal, lain waragad nu ngahalangan Didi lulus téh. Sanajan kaasup dosén yunior, Didi can kungsi nguyang pikeun mayar SPP. Sanajan gajihna dipotong alatan sakola, tapi honor nulis mayeng. Komo deui Didi meunang beasiswa LPDP.

Hawar-hawar ti rohangan tukang kapireng sora tape recorder keur muterkeun lagu Kawih Kacapian, rumpakana keuna pisan jeung naon nu keur karandapan ku Didi harita, “najan mung imut, saulas sakilat ilang, tansah kairut hanjakal teu sering tepang…”, karérét Winda nu tumungkul gigireun Amih Haji. Cara diukna, ngébréhkeun yén Winda ajrih bakti ka sepuh.

Béda ti lanceuk-lanceukna nu jarauh, Winda mah sapopoé cicing jeung kolotna. Kuliahna ogé teu jauh, di Universitas Pendidikan Indonesia. Pajarkeun téh hayang nuluykeun perjuangan Amih cenah, nu pangsiun salaku kepala sakola SD. Atuh satutasna lulus program sarjana, geuwat Winda neruskeun ka S2. Harita pisan Didi panggih jeung Winda téh, di aula pasca sarjana basa papada milu kuliah perdana ti Profesor Suryadi.

“Mangga, Insya Allah abdi ngiringan. Nanging waragad sakola mah teu kedah janten émutan Ama,” ceuk Didi bari tungkul.

“Ari scopus tos gaduh?” gebeg Didi ngarénjag. Naha Ama naros scopus sagala, kawas promotorna waé, nu méh saban usik nagih artikel terindeks scopus. Pajarkeun téh, teu bisa cum laude sanajan IPK opat, mun teu boga scopus cenah.

“Tong reuwas. Pédah wé Encép profesorna can lungsur, cenah alatan can gaduh scopus. Bilih kaalaman ku Didi,” saur Ama bangun nu surti.

Encép teh putra Ama panggedéna. Cepeng damel jadi dosén di Fakultas Kedokteran Unpad spesialis anak. Winda téh bungsu ti lima sadulur. Lanceuk Winda nu kadua, Kolonél Angkatan Darat karek lulus Sesko TNI. Lanceuk nu katilu jadi Kapolrés di daérah Pantura. Ari Téh Ageung, lanceuk Winda nu kaopat, jadi salah saurang kepala dinas di Pemda Purwakarta.

Ama Haji ku anjeun pangsiunan penilik. Nu matak dipikasérab Ama téh. Sanajan tara nyirikeun, sipat jegud Ama Haji kabaca tina ingkig jeung rengkuhna. Dipikolot ku saréréa. Urang Pasawahan mah nyebatna téh cekap Ama waé nurutan putra-putrana.

“Numawi nuju submit. Tos genep sasih, nanging teu acan aya waleran ti penerbit. Ari naskah disertasi mah tos dugi Bab IV, Insya Allah minggu payun disanggakeun ka promotor,” ceuk Didi ngawani-wani manéh. Sugan wé Ama ngawidian ka balé nyungcung Rayagung taun ieu. Apan hahadéan jeung Winda téh tos méh tilu taun kalayan disaluyuan ku Ama sareng Amih ogé.

“Lain teu doa. Ngan ceuk Ama mah, bérésan heula sakola. Sugan wé lamun Didi geus boga scopus tur lulus mah Kang Encép leuwih sumanget nguruskeun profesorna,” Saur Ama bari rada narik napas.

Winda nu ti tadi jempé, beuki tungkul waé. Leungeun katuhuna ngarames ramo-ramo leungeun kéncana nu lalentik. Karérét kulit leungeunna nu héjo carulang cicirén teureuh ménak. Karasa kénéh ramo-ramona ngusapan leungeun Didi basa keur paduduaan di Situ Buleud.

“Akang téh penulis, naha mani sesah kénging scopus?” Winda ngaharéwos muyarkeun lamunan.

Harita Didi teu langsung ngajawab. Bingung ku piomongeun. Katambah-tambah diusapan panangan téh asa kabur pangacian.

Ti saprak kuliah seméster dua, Didi geus biasa nulis carpon. Geus teu kaitung jumlahna. Kitu deui éssay, nu dibukukeun waé geus aya tiluna. Matak teu salah mun Winda nanya  bari semu nu nganaha-naha.

Didi gé sabenerna lain teu bisa. Sasat budak geus bisa leumpang diajak lumpat, dina héséna ogé moal nepi ka bangkar. Ukur mindahkeun gaya, ngaganti pola, cohagna mah kari maréntahkeun otak kénca pikeun ngomong.

Ari nu jadi lalangsé, asa teu panduk jeung kawijakan pamaréntah nu ngajadikeun scopus hiji-hijina ukuran. Dosén jadi teu motékar, hayoh ngudag-ngudag scopus kawas monyét ngagugulung kalapa. Loba dosén teu undak pangkatna, lain ngedul tapi pacabakan sapopoéna kaitung hésé discopuskeun. Didi inget ka Pa Yaya, seniorna di fakultas seni. Sajaba ti pelukis kawéntar, tukang nyieun patung jeung ngararancang ornamén éstétis gedong nu geus teu bireuk deui, Pa Yaya mibanda karya-karya monuméntal. Studio lukisna tara suwung. Koléktor jul jol daratang saban poé. Kitu deui ondangan pikeun pameran karya-karyana méh katarima saban taun. Tapi teu bisa jadi profésor alatan teu boga scopus.

Basa sukuran sabada Winda diwisuda S2, Kang Encép kungsi banyol, “Pikeun dokter mah, nu penting mun nyuntik matih, mun méré obat matak cageur, bisa nganteur karep mahasiswa nu hayang jadi dokter spesialis. Tapi ayeuna mah ditungtungan kudu boga scopus. Jadi can hatam Akang téh,” cenah bari nyéréngéh. 

Naha pamaréntah poho kitu ka Soedjatmoko, nu kungsi dilélér jadi Rektor Universitas PBB di Tokyo. Boro-boro boga scopus, apan sakolana ogé eureun-eureunan. Tong jauh-jauh kétang, novel Laskar Pelangi nu ngangkat martabat Belitung, can karuhan terindeks scopus.

Kawijakan samodél kitu dihaminan ku kampus-kampus. Atuda teu rék kitu kumaha, sajaba ti peréngkingan kampus dumasar jumlah artikel terindéks, apan subsidi nu baris katarima ti pamaréntah téh disaluyukeun jeung jumlah publikasi terindéks.

Atuh loba kampus ti babaranting. Teu saeutik kampus nu maksakeun méré insentif sangkan dosénna rajin nulis. Sakapeung sok hayang seuri, dosén nu tara nulis dibibita ku inséntif, kawas budak karék ngorondang dititah lumpat.

“Kunaon Akang kalah nyéréngéh ditaros téh?” Winda geus nanya deui.

Ras Didi inget tulisan Rolf Dobelli, nu intina ulah mercayakeun inséntif pikeun ngahudang karep. Cenah, dina abad kasalapan welas, Pamaréntah Tiongkok ngémbarkeun béwara, sing saha waé nu manggihan tulang-taléng Dinosaurus baris meunang hadiah gedé ti pamaréntah. Kabuktianana, teu loba nu manggihan tulang-taléng Dinosaurus, tapi pamaréntah ucul duit gedé pisan. Patani nu manggihan tulang Dinosaurus téh neukteukan éta tulang jadi sababaraha potong, terus disetorkeun ka pamarentah hiji-hiji demi hadiah téa.

“Winda terang, nulis téh pikeun Akang mah tos sapertos lalab rumbah. Bari jeung nulis sorangan. Tara ngéngkén. Sanajan saukur opini di koran, Akang ngagutrut nulis sorangan. Pédah ayeuna can terbit, meureun can waktuna wé, Win,” ceuk Didi ngupahan manéh.

“Muhun, kareueus Winda ka Akang teu suda lantaran can boga scopus,” walon Winda semu nu ngagoda. Kituna téh bari ngadelék sagala.

“Terus mun geus terbit, Winda badé nyuhunkeun dimaskawinan scopus?”

“Ah, teu kedah. Da Winda mah tos terindeks ti saprak ditaksir ku Akang ogé,” gelenyu manéhna imut. Katingali pipina kempot liang kasiran.

“Mun tea mah Akang badé maparin mas kawin hasil karya Akang, cekap ku puisi wé, nu husus dianggit kanggo Winda,” cenah bari tungkul. Tungtung sapatuna ngoéran kalakay nu kakara murag kabawa angin.

“Kayungyun. Baeu teuing geulis. Lamun éta paménta anjeun, Akang rék nyieun puisi, husus kanggo Winda,” gerentes haté Didi. Sanajan nyaho teu gampang. Tapi pikeun Winda mah moal aya nu dikorétkeun. Naon waé paméntana baris ditedunan. Apan disertasi nu keur disusun ogé geus diancokeun baris didédikasikeun ka manéhna.

Obrolan Didi harita kapegat ku budak nu nawarkeun tisu. Manéhna geuwat ngodok saku, ngarah budak gancang nyingkah. Ngan hanjakal, léos budak kurunyung nu nawarkeun cai. Teu dipaliré, Didi anteng neuteup Winda.

Ngong ti masigit kadéngé adzan, muyarkeun lamunan Didi peuting éta. Teu karasa geus subuh deui. Cacap teu peureum sakerejep-kerejep acan. Gening lain ngimpi bareng jeung Winda téh.

“Boa-boa aing kaédanan,” kitu gerentes haténa. Terus Didi nyiwit ceuli, karasaeun nyeri kénéh ciciren manéhna masih waras.

Bener ceuk Ajengan Eyin, man ahaba syaean kasyro min dzrikrihi, sing saha nu mibogoh, baris loba nyebut ngaran manéhna.  

Leos Didi muru tempat wudhu. Hayang ngumbah panon nu karasa panas balas beunta. Cai nu karasa nyecep tiis lir imut Winda nu niruk jajantung. Hanjakal Didi can bisa ngahiji, sanajan haténa cumantél waé. Kaasihna ka Winda kalimpudan rezim scopus.****

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: