• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Megatkeun
Nularna Kasakit

Kénging Karim Suryadi
Kintun kana Facebook
Mangle
Prof. Karim Suryadi [Potrét/Ilustasi: Dok. Pribadi]

Perang ngalawan wabah virus korona lain ukur urusan médis, tinimbangan ékonomi, atawa kaamanan wungkul. Loba variabel budaya nu kudu jadi tinimbangan malar léngkah nu dipetakeun ku pamaréntah téh meunang pangrojong sagemblengna ti rahayat.

Kawijakan tetap caricing di imah mimitina mah ngan patali jeung diménsi ékonomi. Ku lantaran kitu, pamaréntah ogé turun kalayan rupa-rupa program kompénsasi atawa méré bantuan. Tapi hanjakal, sabada batuan katarima, loba kénéh warga anu angger kaluar ti imahna kalayan alesan yén anu katarima ku arinyana téh henteu kurup jeung nu dipikabutuhna. Jaring pangaman sosial, ku nu narimana téh, henteu dibaca tina perspéktif krisis. Ku lantaran kitu dibacana gé lain dina geusan ‘nyalametkeun hirup dina kaayaan sulit’, tapi ditafsirkeun dumasar kana kamus kasugemaan.

Nepi ka iraha waé ogé, malah dina kaayaan paling normal, “kamampuh” pamaréntah moal sabanding jeung “kahayang ” wargana. Ku lantaran kitu, bantuan nu dipasrahkeun ku pamaréntah mah moal merenah upama diukur dumasar kana kahayang nu narimana. Da, saacan kaurugan lemah, kahayang manusa mah moal ngarasa sugema.

Faktor séjén nu pada ngahadang téh 'pembatasan sosial'. Sajumlah larangan geus dilarapkeun, tapi panolakan terus lumangsung. Nepi ka poé katilu, dilarapkeunanan Pembatasan Sosial Berskala Besar (PSBB) misalna, jalan-jalan di Jakarta téh masih kénéh ramé.

Larangan angkutan daring mawa panumpang ogé remen ngalantarankeun nu tarumpak éta kandaraan téh ngangluh. Lobana nu ngangluh kawas kitu téh ngalantarankeun pamaréntah ogé lééh, nu antukna rada méré ombér.

Upamana waé supir angkutan umum ditanya, naha arinyana satuju kana kawijakan ngawatesan jumlah panumpang, sikep arinyana ogé moal jauh bédana jeung supir atawa ojég online. Jawaban nu sarua, bakal kadéngé upama pamilik-pamilik toko, warung kopi, atawa nu ngadaragangkeun katuangan dibéré patalékan anu sarua. Jadi, henteu mungkin nurut kana kahayang sakumna pihak, sabab substansi ngawatesan téh sajatina mah ‘ngurangan kalaluasaan’.

Hahalang budaya anu pangkuatna,  dina mangsa  pamaréntah ngalarang nu baralik ka lembur atawa mudik téa. Nu kawas kitu, lain perkara anéh, lantaran jalma-jalma anu salila ieu ngagerakkeun geter  nadi kahirupan  kota-kota umumna asalna téh ti daérah-daérah.

Loba warga nu mutuskeun balik ka lemburna leuwih awal. Arinyana nu ngantor  di luar kota, sarta éta kantorna téh netepkeun aturan keur para pagawéna  work from home, milih balik ka kampungna. Lian ti geusan ngirit waragad, méakeun poé-poé waktuna digawé ti imah babarengan jeung kulawarga, tangtu leuwih ningtrimkeun haté. Komo deui keur arinyana nu nasibna ‘kurang nguntungkeun’ lantaran kudu narima  kawijakan pausahaanana nu merumahkan karyawanna,  pulang kampung téh jadi hiji-hijina pilihan nu bisa dilakonan.

Gampang pisan kahartina upama saterusna mah sikep pamaréntah téh méré ombér ka nu boga karep harayang mulang. Atuh,  pamaréntah téh teu perelu hariwang, lantaran lolobana pagawé migran ayeuna mah geus araya di lemburna masing-masing.

Dina danget ieu, bal téh ngagorolong ka daérah-daérah. Kasayagaan pamaréntah daérah nanganan nu marulang ka sarakanana jadi tarohan hasilna kawijakan tetap di rumah demi megatkeun ranté nyebarna virus. Bakal nambahan bangbaluh nu bangga diungkulanana upama  Covid-19 tatalépa nular ka warga di désa jeung  kampung-kampung di satukangeun gunung. Naha kawijakan isolasi 14 poé teh dilarapkeun ka nu anyar mulang saméméh arinyana ngarumpul jeung dulur-dulurna? Duka, tah!

 Ngalawan kabiasaan, atawa ninggalkeun prakték anu geus ngabudaya atawa ngabaju, mémang, henteu gampang. Prosés ngabiasakeun hal-hal anyar ogé moal bisa dilakukeun saharita. Ku lantaran kitu,  intervénsi pamaréntah henteu bisa disingkahan demi ngeureunkeun (atawa sakurang-kurangna nunda) hal-hal nu geus jadi kabiasaan.

Upama unggal jalma ditanya,  “Naha anjeun ngarasa genah ku ayana kawijakan tetep cicing di imah?” Bawirasa, bakal leuwih loba nu ngarasa teu genah.  Malah, arinyana nu pangasilanana kajamin sarta bisa ngaréngsékeun  tugas-tugasna di imah ogé, bakal ngarasa  teu genah upama tuluy-tuluyan dikungkung. Ku lantaran kitu, patalékan “Kaayaan saperti kieu téh bakal nepi ka iraha” jadi tanda tanya balaréa.

Moal nyarankeun malar henteu miduli nu ngarangluh, atawa ngabaé-baé aspirasi kelompok-kelompok masarakat. Lain kitu! Seukeut rasa pamaréntah dina nimbang-nimbang sakumna kapentingan geusan ngarumuskeun hiji kawijakan geus mangrupa kahadéan pulitis anu bisa ditarima ti mangsa ka mangsa.

Teu aya hal nu pangpentingna ayeuna iwal ngamankeun kapentingan megatkeun mata ranté nyebarna wabah. Upama nu ngarangluh,  aspirasi, atawa panuhun pihak-pihak nu harayang dibéré ombér henteu jadi cukang lantaran pegatna  mata ranté sumebarna virus, mangka  henteu aya pilihan séjén iwal ti nolak. Pamaréntah moal disalahkeun upama nolak aspirasi nu nyababkeun henteu pegatna mata ranté nyebarna wabah sapanjang jaring pengaman geus disiapkeun. Kondisi saperti kieu kudu dimaphum minangka tindakan darurat nu kudu dilaksanakeun, asal  ‘alat-alat pangaman geus dipasang’.

Ngurangan katumaninahan jadi kamistian pangheulana nu kudu dipilampah sakumna jalma. Kaasup ku arinyana nu geus ‘diamankeun’ ngaliwatan rupa-rupa skéma bantuan nu dirarancang  pamaréntah.

Kakuduan nu kadua nya éta merenahkeun kawijakan dina tatapakan  hukum anu sakurang-kurangna ngajamin kapastian jeung kaadilan hukum. Geusan numuwuhkeun kasadaran masarakat kana watesan nu misti dilaksanakeun butuh pangrojong  sakumna pranata sosial anu aya saméméh upaya tegakna hukum dilakukeun.

Kakuduan anu katilu nya éta henteu nunda-nunda nu samistina dilaksanakeun sagancangna. Pamaréntah kudu museur kana hal-hal anu sipatna  strategis, ulah kagoda milampah  hal-hal nu sipatna pupulasan. Dina danget ayeuna,  ancaman geus nampeu hareupeun panon, ulah ragu-ragu metakeun tindakan, komo deui ngalaksanakeun hal-hal nu geus asak tinimbangan mah kari prakna.  Upama Machiavelli kungsi nyarankeun, “Jika Anda harus bertindak dengan kejam, lakukan dengan cepat”, mangka henteu sapatutna ragu-ragu mun Pamaréntah kudu  ngalaksanakeun kawajiban geusan  megatkeun  mata ranté nyebarana Covid-19.***

*) Nu nulis, Guru Besar UPI Bandung

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: