• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

H. Jaja Jahari

Ajén Ibadah
Henteu Kawatesanan Léngkah

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. H. Jaja Jahari [Potrét/Ilustasi: Dok. Pribadi]

Dina papagon agama, larapna ibadah kudu ngajungjung ajén kamanusaan. Pangna kitu, dina waktuna heureut léngkah alatan mahabuna panyakit corona (Covid-19), sawadina, umat bisa leuwih ningkatkeun ajén ibadahna. Kitu di antara jejer obrolan Manglé jeung Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd., panitén Islam jeung Pangurus Yayasan Darul Hikam Dago Bandung.

Bulan Romadon bulan nu mulya, bulan Rohmat jeung Magrifoh Alloh Swt. Pangna kitu, payus upama dina bulan ieu, umat leuwih disiplin keur ningkatkeun ajén ibadah, muhasabah, ngariksa diri tina rupa-rupa kasalahan jeung dosa. Sok komo, Romadon téh bulan keur ngalatih diri tina rupa-rupa ujian jeung merangan hawa nafsu. Roja’na minal jihadil asghar, ilal jihadil akbar, jihadun nafsu. "Margi kitu, dina sasih Romadon ayeuna, dina kaayaan narajangna sasalad corona, urang tiasa langkung ningkatkeun ajén ibadah, nu di antarana mampuh merangan hawa nafsu téa," ceuk Dr. H. Jaja Jahari, M.Si., M.Pd., pangurus Yayasan Darul Hikam Dago Bandung mimiti ngobrol ngaliwatan teleponna.

Panyakit hawa nafsu atawa ngagugulung nu ngan saukur keur mentingkeun diri, ceuk H. Jaja deui, kiwari lir nu keur digeuingkeun sangkan mampuh nyalisik atawa ngariksa diri. Naon waé polah pribadi, boh nu dihaja atawa nu teu dihaja. Conto leutikna, ceuk ieu Ketua Prodi Magister (S2) Manajemen Pendidikan Islam UIN SGD Bandung, dina soal ngadoa. Upama dina kaayaan biasana, ngadoa téh sok keur pribadi wungkul, tapi dina kaayaan mahabuna panyakit nu narajang saréréa mah, haté bakal leuwih ngarojong keur ngadoakeun dulur saréréa. Kitu deui conto nu leuwih prinsip dina papagon agama, nyaéta soal ngajungjung ajén kamanusaan. Palebah dieu, ceuk ieu manten Pupuhu PUI (Persatuan Umat Islam) Provinsi Jawa Barat, dina kaayaan kieu, penting kacida, umat Islam némbongkeun sikep peduli ka sasama. Carana? tangtu lain ku cara silih tepung dina kagiatan seremonial, tapi ngeker diri keur nyegah jeung hakékatna bisa népakeun panyakit ka batur.

"Ngeker diri, geusan nyegah panyakit nu teu témbong tatalépana ka batur, sami ogé éta kalebet ibadah. Lantaran dina kaayaan nu teu pasti jeung teu apal ti mana datangna panyakit, upama polah jeung paripolah nurut kana hawa nafsu atawa kumaha urang baé, éta sarua jeung teu sieun népakeun panyakit ka batur. La dororo wala diroro." ceuk H. Jaja Jahari ngingetan.

Alatan mahabuna sasalad corona, mémang ngabalukarkeun polah ogé kudu robah, kaasup dina prakték ibadah. Tapi sanajan kitu, dina mangsana pamaréntah babarengan jeung para ulama neueulkeun tarékahna geusan megatkeun mata ranté nularna Covid-19, tetep, lain hartina leungiteun ajén ibadah. Hartina, ceuk ieu tokoh ulama Jawa Barat, luyu jeung anjuran nu kudu numpi di imah, tapi kagiatan ibadah mah ulah turun. Malah, ku cara loba di imah, jalmi nu kuat imanna mah, justru, pangpangna ibadah ruhani, bisa leuwih ningkat.

"Ibadah di bumi, ruhani ogé langkung jujur jeung kapiara. Sapertos pami tadarus al-Qur'an, apan sanés karana isin ku batur, tapi karana dirina mémang butuh. Kitu deui ibadah séjénna nu dilaksanakeun di bumi, boh nu patali sareng ngurus kulawarga atawa langkung tigin dina ngatik murangkalihna," ceuk ieu pangurus Ikatan Cendekiawan Muslim Indonesia (ICMI) Jawa Barat.

Kasadiaan silih rojong nyegah panyakit, éta penting kacida dina ningkatkeun ajén ibadah keur ngajungjung kamanusaan. Lantaran kitu, lain ukur penting, tapi deuih jadi konci ‘réngséna’ pasualan nu keur disanghareupan ayeuna.

"Ayeuna sasih Romadon, hayu urang ronjatkeun ajén ibadah sasarengan ti bumi masing-masing. Hayu caangan bumi ku cara nyeueurkeun maos Al-qur'an. Luyu sareng pituduh Rosul, pék caangan imah anjeun ku cara solat jeung maos al-qur'an," ceuk ieu Ketua DKM Al Ihsan Darul Hikam ngingetan deui.

Dina mangsa ngungkulan nyebarna virus corona nu kiwari geus ngaliwatan PSBB, tangtu, butuh pangrojong sakumna pihak. Kasadaran pribadi-pribadi geusan ngajaga diri sangkan henteu katularan, ogé henteu nularkeun, jadi bagéan penting tina upaya ngungkualn ieu kasakit. Margi kitu, Dr. H. Jaja Jahari ogé umajak, sangkan umat Islam tigin kana aturan, jeung teu ngarasa hamham kana anjuran pamaréntah jeung para ulama. "Intina, margi ajaran Islam ogé tos jelas, kumaha cara prakték ibadah dina mangsa darurat sasalad tatalépana panyakit, atuh pribadi umat Islam sawadina nyeueurkeun ngadoa sareng tumut kana anjuran ulama ogé. Margi, upama masing-masing pribadi ngabaé-baé, atanapi teu tumut kana aturan, kantenan, ieu panyakit moal téréh sirna," ceuk ieu pangarang buku 'Manajemen Madrasah; Teori, Strategi & Aplikasi' témbrés.

 

Tigin Aturan

Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd.  lahir 7 Maret 1956 di Bandorasa Wétan Kabupatén Kuningan. Lemburna téh léngkob gunung Ciremai. Sakurililingna kebon jeung pasawahan. Palataran umpak-umpakan, luhur-handapan. Atuh, cai gé cur-cor. Dina alam kawas kitu, cicirén ébréhna anugerah Nu Mahakawasa ka mahlukna. Ieu putra Abah Rana sareng Ambu Duriyah, ti leuleutik diasuh dilingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Jaja mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Jaja pengkuh agamana ogé luhung pangabisana. Kanyaah kulawarga, ahirna mah, mukakeun haté, ngajurung ludeung, ngandelan kahayang geusan hirup mandiri. Nya saterusna mah, boga kadaék, daék sakola, daék ngaji, kaasup mantuan kolot ngurus lahan tatanén jeung ngebon, ogé ngingu ingon-ingon. Saterusna, kadaek gé nambahan, diajar usaha, dagang purah balanja jeung ngaladangan di warung.

Pengkuh tigin kana agama jeung satékah polah ngalarapkeun kahadéan, satamatna sababaraha sakola di Kuningan jeung kuliah di IAIN SGD Cirebon, ahirna bisa lunta jeung babakti ka Bandung puseur Jawa Barat. Geusan ningkatkeun élmu pangaweruhna, ti Cirebon, H. Jaja kuliah deui ka S1 IAIN di Bandung jeung S2 jeung S3 di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI). Lantaran pangaruh di organisasi, atuh sanggeus di Bandung ogé teu ngawagu jeung mémang loba baladna. Malah, sanggeus diangkat PNS nyangking dosen di IAIN SGD Bandung jeung nikah ka teureuh Bandung Dra. Nina Sri Inayati, Apt. M.Kes., H. Jaja ogé beuki loba kagiatan. Saperti nyangking Ketua PUI Jawa Barat dua periodeu, ngurus di Yayasan Darul Hikam, Adda’wah, Pusdai Jabar, ngajar di STM Cianjur, di SMAN 22 Bandung, pembimbing haji di Qiblat Tour, Safari Suci jeung sajabana.

Pilihan H. Jaja milih gurat keur ngasuh umat, mémang luyu jeung tékadna. Lantaran kitu, dina widang organisasi kaagamaan, beuki loba nu mercaya. Sapertina deui aktip di MUI Jabar,  ICMI Jabar, BKUI Jabar, FKUB Jabar, Fosi Jabar jeung sajabana.

Ngadumaniskeun mancén di organisasi, kagiatan da’wah, ogé dosen di paguron luhur, Dr. H. Jaja Jahari, M.Pd. nu taun 2010 kasinugrahan Satyalancana karya satiya  XX ti Presiden SBY,  teu weléh nyatetkeun catetanana jadi cutatan, boh dina wangun buku atawa dina karya ilmiahna. Pangalamanana nyorang lalakon panjang. Ngan, tangtu wé, kituna téh  dibarengan ku karep jeung kakeyeng dina ngalaksanakeun pancén nu jadi tanggung jawabna.

Pangalaman kitu, keur ieu carogé Hj. Nina Sri Inayati Jaja, mawa hikmah nu taya papadana, kaasup bisa ancrub jeung ngaléngkah diajar hirup jeung huripna, saperti ngajar, ngadosenan, ngurus organisasi, ngurus lembaga atikan, saperti di Darul Hikam Dago Bandung.

"Kantenan tina lalampahan hirup, seueur pisan hikmah, pangalaman nu ahirna nganteur kasibukan, dina marengan umat. Namung kitu, ayeuna dina mangsana gancangna sasalad tatalépa virus, haté mah kantenan sedih kingkin, utamina pami niténan kagiatan kaagamaan sapertos di Darul Hikam jadi simpé kacida. Tapi, dalah kitu, pasti bakal aya hikmahna. Sahenteuna, urang janten seueur nyaliksik diri tina rupa-rupa ujian dunya. Mudah-mudahan, ujian nu dilungsurkeun Alloh ka umat-Na, énggal sirna," ceuk H. Jaja Jahari nu ogé ngalarapkeun aturan sangkan tetep mancén tugas ti bumina Dago Barat Kp. Biru Dago Lembang Bandung.*** 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: