• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Mitineung
Prof. Nu'man Somantri

Kénging Karim Suryadi
Kintun kana Facebook
Mangle
Alm. Prof. H. M. Nu’man Somantri [Potrét/Ilustasi: Dok. Pribadi]

Biwir masih baseuh kénéh madungdengkeun pasualan atikan dina raraga Hari Pendidikan Nasional nalika Prof. Dr. (HC) H. M. Nu’man Somantri, M.Sc. Ed., mulih ka jati mulang ka asal dipundut ku nu Kagungan, Ahad 3 Méi 2020. Loba nu leungiteun. Malah sakedapan mah asa nunggeulis, cacak dikantun pupuhu nu marajian kamotékaran dunya atikan (hususna Pendidikan IPS jeung PKn), jeung paguron luhur.

Prof. Nu’man dibabarkeun di Tasikmalaya, 15 Maret 1932. Méh salami jumenengna, Prof. Nu’man babakti pikeun dunya atikan. Sababaraha poé saméméh kuliah lumangsung ti imah alatan kawijakan work from home, Prof. Nu’man masih getol ka UPI ngatik ngadidik calon doktor PKn. Lain saukur dipikasérab ku murid-muridna, Prof. Nu’man diajénan pisan ku kolégana, boh nasional katut mancanagara.  Salah sahiji buktina, dina taun 1987 Prof. Nu’man dileler pangajén Recognition and Appreciation of Outstanding Service to Social Studies Profession, ti Presiden NCSS (National Council for Social Studies) di Amérika.

   

 

 

 

 

 

 

 

   Prof. Karim Suryadi

 

Pikeun pihak-pihak nu icikibung dina widang atikan jeung sosial budaya, Prof. Nu’man geus teu bireuk deui. Nyangking kalungguhan salaku Rektor IKIP Bandung dua periode (1979-1987), Koordinator Perguruan Tinggi Swasta (Kopertis) Wilayah IV Jawa Barat (1980-1983), salaku anggota Tugas Prakarsa Siliwangi, mangrupa organisasi éks Tentara Pelajar taun 1945. Malah nalika pangsiun, masih dipercaya mupuhuan Universitas Siliwangi.

Sajaba ti éta, Anjeuna kantos mupuhuan Kabumi, mangrupa wadah pikeun mahasiswa jeung nonoman séjénna nu mitineung seni Sunda. Kabumi jeung pintonan angklungna ngalanglang buana ka sakuliah dunya, sajaba ti ngeusi acara maneuh di Istana Negara.

Ngeunteung kana pangalaman jabatan formal, kasang tukang atikan kulawarga jeung agamana, matak teu anéh mun jiwa nasionalisme réligius natrat pisan dina sikep, kapamingpinan, tur cara-cara Anjeuna ngatik murid-muridna.

Nu moal kapopohokeun ku murid-muridna nu kaajar ku Anjeuna dina taun 80-an, iwal ti sikepna nu tegas jeung berwibawa, Anjeuna mahing pisan sikep ngalemékeun manéh (rendah diri) jeung sabalikna, adigung gedé hulu (pongah). Nya Prof. Nu’man pisan nu maké tarjamah al-Qur’an dina basa Inggris pikeun ngeuyeuban bahasan ilmu-ilmu sosial.

Berita nu ditulis wartawan Pikiran Rakyat Ahmad Saélan (Salasa, 6 Méi 1986) méré gambaran kumaha kapingpinan Prof. Nu’man salaku Rektor IKIP Bandung. Dina éta laporan, Pa Saélan ngaku meunang pangalaman anyar satutasna shalat berjamaah di Masjid Al Furqon IKIP Bandung. Ceuk Pa Saélan, salila ieu ngan aya dua masjid nu pinuh ku jamaah mun geus cunduk waktu shalat, nyaéta Masjid Haram di Mekah jeung Masjid Nabawi di Madinah. Tapi saprak Anjeuna shalat berjamaah di Al Furqon, pangaweruhna jadi nambahan, singhoréng lain di dua masjid suci éta wungkul jamaah minuhan masjid téh, tapi di Al Furqon IKIP Bandung ogé jamaah minuhan masjid pikeun shalat fardhu. Kaayaan kieu téh teu lepas tina kawijakan Prof. Nu’man salaku Rektor IKIP harita nu merékeun sakabéh kagiatan kampus upama ngahaeub waktuna shalat fardhu.

Naon nu kasaksén ku Pa Saelan, jadi cicirén kumaha kamotékaran Prof. Nu'man dina ngabéjérbéaskeun niléy-niléy agama salaku kabudayaan masarakat (public culture), sakaligus  mata holang (jati diri) pendidikan nasional nu nyoko kana niléy kaimanan, katakwaan, jeung niléy atikan. Béh dituna, komitmen Prof. Nu’man dina widang ieu katitén tina tarékahna ngadumaniskeun tilu niléy dasar atikan: kailmiahan élmu nu didadasaran niléy nétralitas jeung objéktivitas, spiritualitas agama nu nyoko kana niléy jeung subjéktivitas, jeung aktualisasi élmu jeung niléy dina prakték ngatik ngadidik murid. Dina pandangan Prof. Nu'man, ngadumaniskeun tilu pilar éta jadi wujud kontribusi ilmuwan muslim dina kahirupan sapopoéna.

Ijtihad Prof. Nu’man samodél kitu kabéhdieunakeun ngajirim dina moto IKIP Bandung salaku kampus ilmiah, édukatif, réligius. Malah saprak narima perluasan mandat jadi Universitas Pendidikan Indonesia, éta moto masih natrat nepi ka kiwari.

Dina widang akademik, legacy (warisan) Prof. Nu’man nu nyongcolang sakurang-kurangnya kacatet dina opat widang. Kahiji, marajian medalna jati diri Pendidikan IPS nu nyoko kana disiplin élmu pendidikan jeung élmu-élmu sosial pikeun ngahontal udagan atikan. Rarancang kurikulum Pendidikan IPS samodél kieu biasa disebut orchestra-like organization.

Kadua, nancebkeun tatapakan jeung niléy dasar Pendidikan IPS, ngawengku ontologi, épistemologi, jeung aksiologi, nu nyoko kana filsafat ilmu Pendidikan IPS jeung tali-tumalina struktural fungsionalna  jeung disiplin ilmu-ilmu sosial.

Katilu, marajian kamotékaran atikan IPS/PKN di sakola-sakola ku jalan ngarobah paradigma pangajaran nu museur ka guru jadi pangajaran nu museur ka murid. Ceuk bahasa akademikna mah marajian medalna modél Pengajaran Civic (Pendidikan Kewarganegaraan) ku jalan ngagésér paradigma ékspositorik ka inkuiri.

Tina sorot soca jeung dedeg pangadegna, mahasiswa geus moal bireuk deui, yén Prof. Nu’man téh akademisi kakoncara teureuh ménak. Tapi ti Anjeuna pisan para mahasiswa meunang conto kumaha carana ngajénan murid jeung ngarojong muridna ngahontal kamulyaan hirup.

Pileuleuyan Prof. Nu'man, saupama murid-muridna ditanya, “Di mana Prof. Nu’man ayeuna?” Murid-muridna baris nunjuk ati sanubarina. Prof. Nu’man nyangkaruk dina ati sanubari murid-muridna, para koléga, jeung masarakat umumna.

Prof. Nu’man mulang kalayan ninggalkeun legacy (warisan) nu terus hirup dina pikiran jeung ati sanubari murid-muridna. Mudah-mudahan élmu, pangalaman, jeung kaarifan Anjeuna jadi amal soléh, kalayan dihiap ku Gusti Allah: “Yeuh jiwa nu ngahenang-ngahening (mutmainnah), geura mulang anjeun ka Alloh Swt kalayan haté rido jeung dipikarido ku Gusti. Jeung geura asup ka golongan hamba-hamba Kaula jeung geura asup ka sawarga Kaula”. Aamiin ya Robbal 'Alamin.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: