• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Payung Pulas Héjo Lukut

Kénging Evi Sulastri
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1588840215.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

KIKI ngalangeu sisi jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingkabkeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka luar.

Di luar geus mimiti praspris, hawana nyelesep kana awak. Lalaunan jandéla ditutup. Paromanna marahmay. Pikeun Kiki mah, hiji kauntungan. Boga harepan beuki badag hujanna, beuki loba nu maké jasana.

Kiki cingogo sisi dipan. Awakna didepongkeun. Lalaunan ngangsrod ka jero. Beresin sasabaraha kali. Kekebul nyelesep ngadupak irungna. Geus kapanggih gura-giru bijil. Leungeun katuhuna pageuh ngeukeuweuk payung, jimat hiji-hijina titinggal jenat bapana. Bapana téh tukang ngangkutan runtah di komplék imahna.

Keur anteng ngoréhan aya ibu-ibu ngagupayan, mamawa runtah dina karanjang. Runtah dapur jeung runtah plastik sok pirajeunan dipisahkeun, cenah ngarah gampang misah-misahna. Dina runtah plastik aya payung butut lawonna saroék, tapi rangka beusina alus euweuh nu potong, ngagurilap hérang. Sup diasupkeun kana roda runtah. Datang ka imah nitah Kiki sina menerkeun payung ka Mang Oma. Ukur sajam ngadagoan, payung geus bisa alus deui, diganti lamakna ku pulas héjo lukut.

Kadieunakeun bapana remen gering. Saban minggu kudu waé ka dokter. Ceuk dokter mah akibat tina kekebul runtah, keuna panyakit paru-paru. Kungsi dokter nitah bapana opnameu. Ku sabab euweuh waragad teu kacumponan. Ngan saukur bisa check up nepi ka nilarna. Kapaksa Kiki kudu nyiar kipayah mantuan emana. Lahlahan ngamangpaatkeun payung; jadi ojég payung. Boga adi tilu, kaasup dirina meujeuhna perlu waragad sakola. Ngandelkeun indungna moal picukupeun. Nya poé ieu Kiki mimiti peré sakola, pangjurung ti pamaréntah pikeun nyieuhkeun wabah nu keur narajang.

Barang mukakeun panto, cihujan nyebrot kana awakna. Tiris-tiris maksakeun ngaléngkah. Hujan rada raat. Teu ngahiuk teuing angin gé. Ari hujanna mah masih ngecrek. Kiki tenga-tengo ka jalan. Ukur simpé. Jalma-jalma pada ngararingkeb.

Sasarina mah saban mulang sakola Kiki miang ti imahna, rék indit ka kota. Indung jeung adi-adina pada apaleun rék indit ka mana. Tapi ayeuna mah ku sabab sakola peré bisa ti isuk kénéh. Cara ayeuna, emana nganteurkeun ku paneuteup bari mapatkeun dunga. Rada hariwangeun sabenerna mah, da Kiki keur teu séhat. Aya ngingsreuk, bersin, malah jeung batuk. Jaba awakna rada haneut. Tapi da dicaram indit ku indungna gé hésé. Pajar téh moal nanaon. Pan béas tos érép, cenah. Nya kapaksa wé indungna ngidinan.

Poé kamari beubeunanganana dua puluh rébu, kuduna mah beubeunangan opat puluh rébu, ngan ku Si Udin direbutan waé langgananana. Kapaksa ngéléhan embung riributan. Keun wé rejeki mah moal pahiri-hiri ieuh ceuk dina pikirna.

Kiki kebat leumpang mapay gang nu engkéna bras ka jalan gedé. Kurang leuwih ti satengah jamna nepi ka alun-alun. Keur jongjon leumpang aya nu ngageroan. Pareng dirérét, enya wé Dani geus nyampak. Tuluy baradami ngabagi tugas di sabudeureun pasar jeung terminal. Bring, muru pasar. Ari Kiki méngkolkeun léngkahna ka terminal.      

Patalimarga pabuis. Pagawé kantor jeung pagawé pabrik mareng kaluar jam gawé. Jalma-jalma lalumputan sieuneun kahujanan. Kiki luha-loho ka unggal pangkalan sugan aya nu butuheun jasana. Kiki nanawarkeun ka unggal jalma. Nu ditawaran godeg. Soloyong deui, bari mawa lungsé. Awakna asa beuki teu ngareunah. Tapi dalah dikumaha. Sugan kudu rada jauh. Ceuk Dani jam sakieun pagawé Dépag bubaran. Dijugjug. Nyamos deui waé.

Datang ka buruan kantor geus ngajajar mobil jeung ojég onliné. Nu kaluar ti kantor maraké masker, langsung naraék kana kandaraanana. Leng Kiki ngahuleng, boro geus gedé haté. Leumpang deui patéah panungtungan, gerentesna. 

 Hujan ngecrek kénéh. Anjog ka hiji mall, Kiki ngajanteng di palataran. Teu pati ramé. Tayohna sarieuneun ku wabah nu keur mahabu. Komo pamaréntah geus nyarankeun tong ka luar imah.

“Payungna, Bu?” ceuk Kiki basa nempo aya saurang nu kaluar ti emol.

“Yu!” cenah.

Kiki mikeun payung. Manéhna ngingiclik ti tukang. Taktak jeung beuteung tepi kana suku mah jibreg, malah rancucut.

“Daékan!” cek Si Ibu.

“Muhun Bu, pami teu kieu mah abdi moal tiasa sakola,” témbal Kiki. Si ibu teu loba nanya deui.

Nu dituju geus tepi. Si Ibu ngusiwelkeun duit dua puluh rébu. Buru-buru Kiki nampanan. Gancang mulangan.

"Pék wé jang hidep leuwihna," cenah.

    Kiki asa-asa narima kanyaah ti jelema anyar pinanggih. Tapi da ceuk emana ogé teu meunang nampik pangasih ti batur. Éta rejeki ti Alloh, asal ulah urang nyusahkeun batur. Kiki nuluykeun deui lampahna mapayan jongko. Beuki burit kaayaan beuki ramé. Kawas nu teu sieuneun ku wabah virus jalma téh. Saban panggih jeung jalma maké masker, aya nu maké sarung tangan sagala.

Kiki huleng jentul hareupeun toko sembako. Tikorona elok-elokan ngarasakeun awakna tingsariak. Aya ibu-ibu rébo ku babawaan ka luar. Ras ingeteun kana carita tatanggana kudu ngumpulkeun kadaharan saloba-lobana. Toko jeung pasar bakal tutup akibat aya sasalad virus anyar. Kabéh jalma kudu ngampih salila opat belas poé. Kaasup manéhna ti poé kamari sakolana peré.

     Lain teu hayang jeung teu ngarti kana kaayaan, pikeun kulawarga pantaran Kiki, mun teu gawé moal bisa dahar. Poé ayeuna geus ngawelas toko disogrogan. Welasan jalma geus maké jasana. Duit paméréan geus diteundeun dina saku calanana. Kiki kaciri lungsé sabab can kararaban sangu ti isuk. Jaba awak asa beuki tingsariak. Keur teu ngareunah awak jaba kahujanan. Atuh beuki parna. Sukuna asa jingkrung, méh teu bisa diléngkahkeun deui. Tapi inget duit can kacekel.

Kiki ngagoloyoh kana bangku bari panonna mah nempokeun ka palebah jalan. Keur kitu aya mobil eureun. Hiji lalaki ngagupay tina jero mobil nu kacana ditaékkeun. Gancang Kiki nyampeurkeun. Tétéla ménta dijajapkeun ku payung muru toko sembako. Ku Kiki dibikeun payungna.

Nu mikeun duit téh bareng jeung beresin mura kana awak ka Kiki. Geus kitu mah ngaléos ka jero toko.

Wanci tunggang gunung. Hujan ngecrek kénéh. Kiki tonggoy mapay-mapay komplék nu sepi muru ka imahna. Leumpangna jumarigjeug. Awakna asa beuki tingsariak. Bersin teu eureun sajajalan. Eureun sakeudeung ngadon ngaluarkeun duit tina saku calana dikusiwelkeun. Diitung dibulak-balik. Poé ieu lumayan, genep puluh rébu. Alhamdulilah geuning Gusti Alloh teu wéléh masihan pitulung gerentesna. Poé kamari, Kiki bisa méré ka emana nambahan meuli béas.

Sapaparat cileuncang maturan léngkahna. Hujan ogé bangun anteng taya pisan tanda-tanda arék raat. Nyéh Kiki imut. Anteb naker. Melongkeun cihujan nu ngareclakan. Tina sela-sela cihujan, Kiki nyiptakeun kulawargana keur nungguan di imah. Di tengah imah, adina nu tiluan keur aranteng. Nu hiji momobilan, nu kadua jeung nu katilu aranteng silih élég bari saleuseurian.

Tangtu keur nungguan Kiki jeung indungna nu keur babantu di dununganana. Kahayang mah Kiki harita meuli dahareun ku duit beubeunangan poé ieu keur manéhna jeung adi-adina. Tapi tangtuna bakal kacocéng. Meureun engké moal bisa nambahan meuli béas, nambahan meuli payung, meuli jas hujan supaya awak kabulen teu rancucut teuing, meuli masker jiga batur. Kétang mending ngaheulakeun nu perlu heula. Pikiran Kiki ngacacang.

Jegoh, jegoh batuk. Sirahna nyanyautan, awakna beuki tingsariak. Tiris. Geus karasa teu kuat nangtung jeung awak geus ngarasa kacida tirisna. Leumpangna dialonan. Dadana rénghap ranjug, muringis. Léngkahna bangun gejed. Gek diuk heula dina émpér toko, ngiuhan. Duit beubeunanganana didedetkeun kana jero saku calanana. Payung dibukakeun. Jung nangtung. Leumpang lalaunan.

"Ayeuna mah manéh mayungan uing nya," cék haténa, bari nyekel payung pageuh pisan. Keur jongjon leumpang, manéhna nénjo aya awéwé tengah tuwuh keur leumpang huhujanan. Geuwat disampeurkeun. Bangun atoheun ditawaran payung teh. Tapi cenah teu mawa duit, basa tepi ka sisi jalan tempat pangeureunan beus.

"Sawios. Bu," cék Kiki. Eta awéwé téh nganuhunkeun. Kiki ngagidig deui leumpang. Aya lalaki nuturkeun manéhna, tapi henteu dipaliré. Kalah terus kawas nu ngageroan. Kiki bet ngarasa sieun. Gura giru lumpat. Tepi ka imahna, indungna gé geus aya. Kiki dititah geuwat mandi, terus dibaluran kayu putih. Indungna nyadiakeun dahar jeung lauk hayam. Beres dahar dibéré obat flu ku indungna. Awahing ku capé meureunan Kiki saré tibra naker. Basa hudang kadéngé adan Asar ngalanglaung.

"Geuwat ka dieu, Ki," cék indungna.

Kiki geuwat nampeurkeun. Manéhna olohok nénjo indungna keur ngitung duit. Lain duit leutik, da bareureum, mani loba. Kiki hayang nanyakeun ti mana éta duit, tapi teu wasa, kaburu kagagas mantén.

"Ujang, aya nu ka dieu tadi. Lalaki ginding naker. Cenah ieu keur Ujang nganuhunkeun, tadi ibuna dianteurkeun kana pangeureunan beus."

Basa Kiki tuntas nyaritakeun kajadian poé ieu, indungna katénjo carindakdak. Anging Gusti Alloh Nu Maha asih, males kahadéan Ujang, cék indungna.

Di luar hujan can raat. Sorana kawas rék mapakan sora récok di imah Kiki. Récok  nataan kaperluan, kabutuh jeung kahayang, nu salila ieu ukur dina impian. Payung héjo lukut namprak di juru imah, kawas nu nyaksian kabungah dununganana. *** P 13 Campaka

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: