• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Isolasi di Imah Jurig

Kénging Surya Dipayana
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1588840239.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Ngahaja balik ka lembur téh rerencepan. Apan sabenerna mah teu meunang, komo kuring nu jolna ti kota gedé nu kiwari kotana keur dikarantina wilayah, teu meunang aya nu asup komo deui kaluar, balukar sasalad virus corona nu keur narajang sakuliah dunya.

Ari sabenerna mah kuring ogé horéam balik, da apan rék mawa naon ka lembur, da di tempat gawé can meunang nanaon. Karék ogé rék ngababakan ngabangun, geus kaburu dieureunkeun mantén. Babaturan sapagawéan nu lain mah geus leuwih tiheula baralik, ngan kuring masih loba tinimbangan, inggis ku bisi rempan ku sugan téh lain bobohongan. Pangpangna mah bisi jadi matak jeung katempuhan. Bisa waé ieu virus téh kakuring mah teu nanaon, tapi kumaha lamun keuna ka batur, heug kuring nu mawana. Pan matak ngabarabékeun.

Ngan éta téh pikiran mimiti, beuki dieu mah godaan balik téh beuki ngandelan. Komo sanggeus ningali eusi loket, hahargaan nu nerekel jeung loba warung nu tarututup mah, kuring paheut rék maksakeun balik ka lembur naon waé resikona. Keun waé kumaha engké di lembur mah. Paling rék numpi waé disaung sawah meunang dua minggu mah, kitu pikiran téh. Ngahaja asaran indit téh, ngarah muru peuting ka lemburna.

Kuring bisa kaluar ti kota nu keur dikarantina téh lantaran ngilu ka mobil nu mawa barang. Bébélaan mayar mahal jeung sasadu aya kaperluan di lembur nu teu bisa ditinggalkeun. Bubuhan jelema ningali duit mah héjo, kuring diidinan bari diomat-omatan ulah hayang kaluar tina mobil barang ari can nepi ka tempat nu ku kuring dituju mah.

Sanggeus turun tina mobil barang jeung ninggalkeun kota nu keur dikarantina wilayah mah gampang, masih aya kénéh kandaraan nu ngaliwatan ka lembur. Teu hésé siga samemehna manggihan mobilna ogé. Kuring tuluy eureun di jalan saméméh gapura lembur, ngahaja jalan téh rék malibir jauh, da pastina ogé ari ngaliwatan gapura lembur mah pada ngajaga.

Leumpang téh jadi aya kana opat tikelna, jaba kudu asruk-asrukan mapay leuweung jeung kebon. Mun geus asup ka kebon entéh, hartina lembur téh geus deukeut. Ngan barang asup ka kebon entéh, léngkah téh kapegat ku imah titinggal walanda nu ngajungkiring di sisi kebon entéh. Enya, ieu imah téh nu cenah sanget naker jeung dipikasieun ku jalma salelembur. Kuring ogé keur leutik geus dalit pisan jeung carita-carita jurig nu jolna ti ieu imah.

Tapi da baheula sieun téh, ayeuna mah tibatan sieun ku jurig leuwih sieun kénéh ku virus korona. “Ah, kabeneran atuh, tibatan saré di saung sawah jeung bisa jadi isuk-isuk kapanggih ku nu ka sarawah, mending nyicingan ieu imah. Aman-aman moal aya nu wani ngulampreng ka dieu mah,” gerentes téh.

Komo barang mimiti puspris hujan mah, geus hayang geura-geura waé asup ka imah pikeun ngiuhan. Barang geus deukeut pisan ka éta imah titinggal walanda. Kuring héran, da katémbong di imah téh aya cahya kakalicesan ti sababaraha kamar. Atuh nu geus pangseng rék muru ka éta imah téh ngadadak ngarempod. Lain sieun ku jurig, tapi sieun jelema. Apan lamun nyahoeun kuring datang ti kota nu keur dikarantina mah, geus pasti kuring bakal dititah balik deui atawa dikarantina di rumah sakit. Duh, teu harayang teuing. Tibatan nyicingan rumah sakit mah mending kénéh nyicingan imah jurig ieu waé.

Kawani hudang deui. Kuring tuluy muru ka éta imah. Panto hareup jeung dapurna horéng dikonci, digembokna ogé ti luar duanana. Panto jeung jandelna digedoran. Dipapay jeung dikurilingan, susuganan aya jalan asup. Tapi weléh teu manggih. Hujan ogé geus mimiti gedé. Rurat-rérét ka sabudeureun imah, susuganan aya nu bisa dimangpaatkeun sangkan bisa asup ka imah. Rét kana kai panjang sagedé pingping nu aya ditukangeun imah, kuring boga akal.

Kai téh tuluy disarandékeun kana suhunan. Geus kitu mah térékél waé ditaékan muru suhunan. Nu biasa disebut sibajing ogé hararésé naék téh da leuleur ku cihujan nu beuki dieu beuki ngagedéan. Tapi sok sanajan leueur, teu burung nepi ogé kana suhunanana. Geus nepi kana suhunan, geuwat muka kenténg tuluy asup ka para bari uyap-ayap neangan jalan ka luar ti para.

Sabot kukurilingan néangan jalan kaluar ti para, rada rundag-randeg da sada nu haharéwosan jeung kunya-kunyem jajampean. Tapi terus dipikiran, ngayakinkeun diri éta mah ngan saukur dédéngéan. Lamun enya téa jurig? Ah, masing-masing waé. Maranéhnana jurig, apan kuring mah jelema. Masing-masing waé da béda alam. Hampura waé kuring milu ngiuhan jeung numpi di dieu, gerentes téh.

Sanggeus kapanggih jalan kaluar ti para, geuning pas pisan brasna ka rohangan kamar nu tadi ti luar aya kakalicesan cahaya. Barang panutup para dibukakeun, lol ngelolkeun sirah ti beulah para ningali sabudeureun rohangan kamar. Kocéak aya sora awéwé nu ngocéak bari tuluy ngudupruk kapiuhan. Kuring nu keur aya di para ogé sarua reuwasna. Teu nyangka bakal manggihan kunti sadua-dua mah, atuh sakedapan mah asa leungit pangacian, kuring leungit tanaga, gebru murag ti para.

Cangkéng karasa nyeri, da nu pangheulana napak kana téhel téh palebah tonggong pisan. Sirah ogé karasa lieur. Ngan kitu téh teu lila da reuwas ku kunti nu cikénéh katingali. Kuring buru-buru hudang, dipalebah juru sidik pisan aya kénéh dua kunti nu teu usik-usik deui. Naha teu terus ngaleungit kunti téh?

“Ke... naha aya kunti sieun ku jelema?” pikir téh, “jaba ieu kuntina ogé sadua-dua pagegeye bangun nu ngompodna pisan?” enya waé meureun ketang sarua. Kunti jeung jurig sieun ku jelema, kitu ogé jelema sarua sieun ku jurig. Kumaha waé mun panggih jeung oray, pana duanana sarua lumpat jeung sarua sieun.

Teu wani ngadeukeutan. Kuring ukur ngajengjen waé bari panon mah terus manco ka éta dua kunti nu teu areling. Disidik-sidik, geuning kunti téh béda ceuk nu dicaritakeun jeung dipikasieun ku balaréa. Apan ceuk nu kungsi kawenehan mah cenah buukna panjang, tonggong gorowong, baju pasti bodas. Ah ieu mah siga jelema biasa waé. Buukna ukur semet taktak, duanana malah maraké calana jin. Emh... meureun keur mancala putra mancala putri téa. Apan jurig mah bisa ngarupakeun naon waé. Kaasup ngarupakeun jelema.

Sanggeus sabaraha lila, karek wani ngadeukeutan. Kunti nu keur teu aringeteun téh ditoléan. Asa siga jelema ieu mah. Tapi lamun enya jelema, saha jelemana nu wani cicing di ieu imah? Jaba apan sidik pisan pantona ogé dikonci ti luar. Kuring kalah mesem sorangan bari panon mah teu leupas tina éta dua kunti nu teu éling-éling keneh. Nyeh seuri sorangan. Di luar hujan beuki ngagedéan, ret kana arloji, jam 1 peuting.

***

Jam opat, kuring keketrok ka imah pamajikan. Reuwaseun barang ningali kuring téh. “Naha geuning bisa uih?” pokna.

“Rerencepan. Ulah bébéja ka sasaha akang mulang, rék numpi waé terus di jero kamar,” cekeng téh bari rurusuhan. Pamajikan surti. “Tunduh, can saré sakerejep-kerejep acan puguh ieu téh,” cekeng téh bari tuluy ngagolédag.

***

Lohor karék hudang. Di tunjangeun nyampak sangu jeung sarupatina. Pamajikan hariweusweus, da nyampak geus aya gigireun bari mencetan, “Wayahna akang ulah kamamana, lamun kanyahoan ku nu lain mah bakal diisolasi di imah sanget nu aya di kebon entéh téa,” ceuk pamajikan.

Kuring ngoréjat, “Maksudna?”

“Pokona mah saha waé nu balik ti kota zona merah bakal diisolai di imah jurig nu aya di kebon entéh sisi lembur téa. Kamari aya genep urang nu dititah cicing di imah jurig téh. Lalaki opatan awéwé duaan. Ngan tadi isuk-isuk basa dianteuran sangu ku kolot-kolotna. Kabéh kolot-kolotna keukeuh careurik ka lurah, da cenah barudakna terus-terusan disingsieuna ku jurig nu ngageugeuh éta imah. Komo peuting tadi mah cenah nu lalaki nepi ka teu bisa saré sakerejep-kerejep acan, ari nu awéwé duaan mah nepi ka teu ingeten jeung nyareri saawak-awak sagala da ningali pisan jurig nolol ti jero para.”

Kuring ngagebeg. Jadi peuting nu duaan téh lain kunti atawa jurig nu mancala putra mancala putri? Pikiran jadi tuluy ngarancabang ka ditu ka dieu. Kumaha lamun itu, kumaha lamun ieu. Jadi sieun ku itu ku ieu tungtungna mah.*** Cikajang, Maret 2020

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: